BEDANA KURING JEUNG INDUNG ...JADIKEUN BAHAN RENUNGAN...
Indung teh luar biasa.
Beda jeung kuring.
Mun pendak atanapi papisah indung sok nyarios
"hampura ema teu bisa mere nanaon, ngan bisa mere do'a ."
Ieu cariosan asa nampiling pipi,
indung nu geus sakitu loba mere pangorbanan, mikacinta, mikaasih keur kuring jeung adi lanceuk masih nyarios " hampura ema teu bisa mere nanaon"
Samentara kuring paling nyium pananganna, masihan rupiah teu langkung ti 10 persen panghasilan, geus ngarasa jadi anak nu bakti ka indung.
Indung teu ngarasa loba nyieun kahadean ka kuring.
Padahal kahadean, kanyaah indung hese pisan di itung, loba teuing.
Samentara kuring ngarasa jadi anak nu taat jeung hebat, ngan ku sa cewir kahadean.
Oh, muliana indung jeung na'ifna diri kuring.
Lamun kuring gering, indung rela nempuh parjalanan ratusan kilometer. oge aya kalana mentas lautan ngan hayang nyium kuring anu jadi putra/putrina.
Padahal mun indung teu damang kuring ngan ngangkat telepon truss ngomong
" hapunten ema, teu tiasa ngalongok ema, nuju seueur padamelan."
Oh naha beda pisan kuring jeung indung kuring.
Anjeunna ngantunkeun sagala kasibukanna supaya bisa panggih jeung kuring anakna.
Samentara kuring nyieun alesan sibuk tru bisa nyarengan waktu anjeunna teu damang.
Waktu sakola oge kuliah, indung rela ngahutang kaditu kadieu, bisa jadi meunang hinaan tinu mere hutang.
Tapi naha kuring ayeuna tega nyebut "hapunten ema , abdi can tiasa seueur ngabantos , abdi masih kedah ngamajengkeun bisnis sareng kulawarga ."
Da kumaha atuh aya oge ieu keur nabung kabutuhan keur meuli motor,imah,Mobil, umroh jst
Padahal indung ngawaler :" Ema sugema nempo anaking jeung kulawarga bahagia " Oh ema, kuring beuki isin.
Subuh tadi kuring ceurik, inget ka indung bakti ka indung can aya naon - naon .
Kuring ngan bisa ngadu'a "Ya Allah jaga pun biang, muliakeun , pasihan tempat nu mulia sarta mahkota nu suci engke di sawarga "-
Duh hina pisan ieu diri nu ngan bisa ceurik jeung ngirim du'a di umur nu beuki ngolotan .
Eta bedana kuring jeung indung kuring.
Kanu masih keneh aya kolot Sok cing soson soson meungpeung indung bapak aya keneh...anjeuna duaan mangrupakeun karamat anu teu kawilang hargana
Aamiin
Tidak ada komentar:
Posting Komentar