Dina ngajalankeun kahirupan sapopoe, upami diperhetangkeun antawis amal hade sareng amal goreng, kumaha tah perbandinganna, apakah urang seueur amal hade na atanapi masih loba keneh milampah amal goreng. Padahal Alloh swt parantos nerangkeun rehna amal anu kumaha wae anu pangleutik2na oge pasti bakal katimu jaga diakherat, kumargi sagala paripolah tingkah laku urang perdetik aya anu merhatoskeun jeung aya nu nyatetkeun sareng pastina ari Alloh mah maha uninga. Sakumaha dawuhan Alloh swt dina surat al inftithar ayat 10 dugi ka 12
(Al-'Infiţār):10 - Padahal sesungguhnya bagi kamu ada (malaikat-malaikat) yang mengawasi (pekerjaanmu),
(Al-'Infiţār):11 - yang mulia (di sisi Allah) dan mencatat (pekerjaan-pekerjaanmu itu),
(Al-'Infiţār):12 - mereka mengetahui apa yang kamu kerjakan.
Janten moal aya hiji pagawean oge anu terlepas tina pantauan Alloh swt, tapi urang sok kadang-kadang dina nalika migawe kagorengan dina migawe kabathilan urang sok ngarasa salse dina migawena, kusabab setan anu mangrupikeun musuh urang anu terus ngagoda kaurang sadaya sangkan engke diakherat urang janten babaturanana ngisi dina naraka. Aya hiji hadis anu nerangkeun yen pagawean anu hade mah sok dibarengan ku rasa hoream, kurasa sangheuk, males, era, tapi lamun kagorengan eta sok di barengan ku rasa senang resep jeung syahwat. ALJANATU HUFFAT BIMAKARIHI WA NNARU HUFFAT BISYAHWATIHI.
Upami urang migawe hiji amal shaleh, hiji kaalusan misalna mangka eta teh keur urang-urang keneh, sabalikna umpamana urang migawe hiji kamaksiatan, eta hartosna urang keur ngondang hiji bencana kangge diri urang. sakumaha dawuhan Alloh swt dina surat azzastiah ayat 15
(Al-Jāthiyah):15 - Barangsiapa yang mengerjakan amal saleh, maka itu adalah untuk dirinya sendiri, dan barangsiapa yang mengerjakan kejahatan, maka itu akan menimpa dirinya sendiri, kemudian kepada Tuhanmulah kamu dikembalikan.
Saterasna sok aya bahasa kieu di masyarakat, mun aya hiji jalma di hiji imah ngalakukeun perzinahan, mangka 40 imah disekitarna bakal kakecretan dosana, eta teh tatanggana kakecretan komo deui anu ngalakukeun perzinahanna, maka pasti meureun dosana leuwih loba tibatan nu kakecretan.
Mangkana urang kedah ati-ati dina ngajalankeun kahirupan anu singket ieu. Supaya urang salamet didunia oge salamet diakherat. Margi aya hiji ayat anu nerangkeun upami urang kenging bencana urang kedah ngeunteung, kedah mikir kasalahan naon anu geus diperbuat kuurang, namung urang tetep kedah khusnudzon ka Alloh swt. sakumaha dawuhan Alloh dina surat an nisa ayat 79
(An-Nisā'):79 - Apa saja nikmat yang kamu peroleh adalah dari Allah, dan apa saja bencana yang menimpamu, maka dari (kesalahan) dirimu sendiri. Kami mengutusmu menjadi Rasul kepada segenap manusia. Dan cukuplah Allah menjadi saksi.
Mangga urang sami-sami urang seueurkeun kana migawe amal hade, migawa kahadean sakedik-sakedik. Urang wang sami-sami hirupkeun deui sunah-sunah rasul dina kahirupan urang, sapertos sedekah, ngajaga wudhu, dhuha, tahajud, tadarus alquran, shalat berjamaah, puasa sunah jeung sajabana.
Salajengna mudah-mudahan urang dibimbing ku Alloh swt dipasihan istiqamah dina ngajalankeun kahadean sareng mudah-mudahan urang sadaya aya dina ridha Alloh swt, aamiin
Tidak ada komentar:
Posting Komentar