Selasa, 21 Juni 2022

Lamun Urang Geus Kolot

LAMUN URANG GEUS KOLOT.
Sisihkeun waktu pikeun babarengan jeung salaki/papamjikan anjeun sabab salah sahiji bakal mulang leuwih ti heula sarta nu masih hirup bakal mampuh neundeun panineungan anu éndah.

LAMUN URANG GEUS KOLOT.
Bakal datang mangsana rék leumpang kana panto ogé ripuh, meungpeung masih kénéh mampuh prak jalan-jalan ka sawatara tempat keur nyawang lingkungan kaagungan Allah swt. Keur muji kaéndahan ciptaanaNa. 

LAMUN URANG GEUS KOLOT.
Ulah ngariripuh manéh mikiran barudak kalawan kaleuleuwihi.  Maranéhanana mampuh usaha sorangan. Tangtukeun mah anjeun geus teu boga hutang saméméh maot supaya maranehna henteu nanggung beungbeurat nu ditinggalkeun anjeun. 

LAMUN URANG GEUS KOLOT.
Nyisihkeun waktu babarengan jeung babaturan heubeul sabab lolongkrang pikeun babarengan beuki ngurangan ti mangsa ka mangsa.

LAMUN URANG GEUS KOLOT.
Tarimakeun panyakit nu nimpa. Sabab kabéh ogé sarua, boh beunghar atawa miskin bakal ngaliwatan kaayaan nu sarua nyaéta: lahir, orok, budak, déwasa, kolot, gering & maot. 

Peupeujeuh:
"Téangan babaturan nu siga kaca, urang gumbira manéhnaa gumbira, urang sedih manéhna milu sedih."
Wilujeng ngalakonan mangsa kolot kalawan kabagjaan .. pamugi manfa'at

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Besi dan Karat

Besi merupakan salah satu benda yang paling kuat di muka bumi ini. Namun tidak berarti kuat itu tidak terkalahkan. Besi ternyata kalah oleh ...