Assalamualaikum, Sahabat...
pangéling ngéling keur urang sadayana
● Geus loba imah beuki aralus jeung garedé tapi kulawargana beuki ngaleutikan
● Gelar beuki luhur tapi akal sehat beuki handap
● Ilmu Kasehatan beuki canggih tapi kasehatan beuki goreng
● Indit2an ngurilingan dunya tapi jeung tatangga sorangan teu wawuh
● Panghasilan beuki ningkat tapi katenteraman jiwa beuki ngurangan
● Kualitas elmu beuki luhur tapi kualitas emosi beuki handap
● Jumlah Manusa ngalobaan tapi rasa kamanusaan beuki ipis
● Kanyaho beuki alus tapi kaarifan ngurangan .
● Salingkuh beuki rame tapi kasatiaan beuki punah
● Beuki loba babaturan di dunya maya tapi teu boga sobat nu sajati
● Inuman beuki loba jenisna cai bersih ngurangan jumlahna
● Make jam tangan mahal tapi tara tepat waktu
● Elmu beuki nyebar kamana mana tapi naha akhlak beuki leungit
● Diajar disakola beuki babari tapi naha guru beuki teu dihargaan/diajénan
● Teknologi Informasi beuki canggih tapi fitnah jeung aib beuki nyebar .
● Jalma nu ilmuna handap beuki loba omong tapi nu ilmuna luhur loba nu caricing ..nyarumput.
● Tontonan beuki loba tapi tuntunan ngurangan .
Mudah-mudahan janten pépéling kango urang sadayana
Tidak ada komentar:
Posting Komentar