Rabu, 17 Juni 2020

KALANGSU 12

kotretaniyek
K A L A N G S U
Yasana : Titin Wiarti
Bagian ka-12

Bapa amitan rék mulang. Bangun nu lungsé, ngoloyong ka luar. Rizal geuwat lumpat ngudag bapa, dituturkeun ku Reza. Duanana muntangan leungeunna. "Bapa badé ka mana? Piraku badé ngantunkeun deui?" Rizal cumalimba.
Reza nangkeup cangkéng bapa, "Ulah teuing mulih, Pa! Ngawengi baé di dieu," pokna. Bapa nangkeup nu duaan, dibarung ku ngembeng cimata. "Wayahna! Sanés teu sono. Iraha-iraha, Bapa ka dieu deui. Bapa jangji," pokna bari nyiuman tarang Reza laju ka Rizal.
Rio nyampeurkeun bari neuteup ka bapa. Laju ngaléng taktak Rizal, "Ka lebet, yu. Karunya Tétéh nyalira," pokna, satengah maksa.
Rizal nurut, leumpang semu diséréd bari sirah mah marieus ka Bapa. Reza ogé sarua. Rasa sonona teu mikeun mun bapa balik. Pikirna mah hayang ngumpul gumulung, nyacapkeun kasono.
Bapa leumpang gancang muru ka jalan gedé, ngadagoan pamajikanana hareupeun gang. Ti dinya mah laju indit, balik ka Garut mawa rasa nu teu puguh rasakeuneunana.

Wanci nyedek ka peuting. Réngsé solat magrib, sakumaha biasana, kuring mingpin ngaji. Ngiriman hadiah ka indung nu geus lila ninggalkeun alam dunya. Teu petot, kuring mapagahan ka kabéh adi sangkan ulah poho ngiriman dunga saban réngsé sholat.
Kuring diuk 'na dipan, maranéhna dariuk sila 'na amparan samak. Aya nu béda dina sikep Rizal; pameunteuna alum, teu cara sasarina nu biasa océs ngaheureuyan lanceukna. Ayeuna mah jadi lungguh.
"Rizal, dieu, Kasép!" cekéng, ngagupayan.
Rizal ngan ukur ngalieuk, nu saterusna ngeluk deui, nyumputkeun pasemon. Ukur bisa ngarénghap jero, surti kana naon anu keur karandapan ku Rizal nu bubuhan umurna kakara 13 taun, kacék dua taun jeung Reza nu ngalincak 15 taun.
"Rizal aya PR, henteu?" talék kuring, nyalénggorkeun omongan sangkan manéhna teu kaingetan waé ku bapa.
Dijawab ku godeg bari angger tungkul.
"Tétéh, naha bapa téh bet mulih deui? Manawi téh badé ngawengi," omong Rizal bari mencrong seukeut.
"Kasép geuning bapa téh, nya? Rizal mah nembé terang. Mirip A Rio." Pokna deui, laju ngalieuk ka Rio. Nu dilieuk seuri maur.
Reza ogé bangun nu panasaran, manéhna pok nanya, "Téh, ari bapa téh naha sareng ibuna Kang Arya? Reza mah asa teu ngartos. Naha bapa nikah sareng ibuna Kang Arya?" cenah, mencrong kuring ngadagoan pedaran nu sabenerna.
"Rizal, Reza, Tétéh téh can ngobrol ka hidep. Basa Tétéh kamari ka bumina Kang Arya, Tétéh gé teu nyangka yén bapana Kang Arya téh bapa urang...," kuring nyarita dumareuda. Aya nu nyelek dina tikoro, beurat rék cumarita.
"Berarti, kang Arya? Lanceuk urang?" Reza motong omongan kuring.
"Lanceuk sampeuran," walon kuring tatag.
"Tétéh wangsul nyalira basa apal Kang Arya aya hubunganana sareng bapa, Tétéh numpak beus. Pas anjog ka gang, Tétéh ningal Rizal. Teu sabar hoyong énggal nangkeup hidep, Tétéh lumpat. Teu katingal, aya motor mengpeng tarik pisan. Ahirna Tétéh katabrak."
"Kutan bapa téh bapana Kang Arya ogé?" Rizal bangun teu percaya. Kuring unggeuk. "Atuh geuning Kang Arya teu pernah wawartos?" pokna deui.
"Apan Kang Arya ogé teu uningaeun." Walon kuring.
"Rizal hayang ka bapa," cumalimba. Awak asa ngoléang, teu nyangka Rizal bakal nyarita kitu.
"Keun baé bapa mah tos gaduheun deui nu sanés." Kuring ngabalieur, nahan cimata sangkan teu murag.
"Pokona Rizal rék nyusul bapa!" Kuniang hudang, jiringking Rizal satengah lumpat kaluar ti imah.
"Rio, énggal susul!" Kuring teu bisa kukumaha lian ti nyeungceurikan Rizal.

Hanca

KALANGSU 11

K A L A N G S U
Yasana : Titin Wiarti
Bagian ka-11

Poé éta hujan cimata nguras tanaga, émosi nu teu ka bendung ngalantarankeun kuring jadi leuleus. Awak asa rampohpoy, Rio mantuan kuring ngedeng 'na dipan hareupeun tipi. Neuteup lalangit bari mata mah angger ngalémbéréh. Reup peureum ngararasakeun peurihna haté, moal poho kana kanyeri nepi ka tutup umur ogé. Rio bangun nu surti, manéhna satia diuk marengan 'na sisi dipan. Leungeunna teu eureun ngusapan, nu sabeulah deui ngaranggeum leungeun kuring pageuh pisan. "Tétéh...," pokna. Ngan sakitu-kituna nu kaluar tina biwirna. Rio geus dewasa nyaho kana naon keur karandapan ku kuring. Rio ngarti kana perasaan kuring pangpangna mah masalah perasaan kuring jeung Kang Arya. Harita Rio nu pangbungahna waktu Kang Arya nyarita niat rék mihukum kuring. Rio manggih kanyaah bapa 'na diri Kang Arya kitu deui Reza jeung Rizal. Kanyaah Kang Arya wening nu ngajadikeun adi-adi kuring ngarasa reugreug aya sagigireun Kang Arya. Tapi ayeuna kaayaanana béda, dunya lir dibalikeun, tamplok, ancur saeusi-eusina. Sanajan kanyaah Kang Arya teu ngurangan saeutik ogé, tapi kanyataan yén kulawargana nu ngabalukarkeun ancurna katenangan kulawarga kuring, ayeuna jadi hiji tanjakan jadi hiji hahalang nu geus ngaleungitkeun rasa nyaah kuring ka manéhna. Kanyeri jeung kanalangsa kuring ngéléhkeun sagalana. Harepan éndah nu geus diukir tianggalna, ayeuna ilang. Lalakon mangsa babarengan jeung Kang Arya silih simbeuh ku kadeudeuh, silih paheutkeun rasa, jangji pasini ngahijikeun rasa katresna nepi ka balé nyungcung ancur lir batu es di tengah sahara. Sanajan geus biasa nandangan lara, ti bubudak hirup sangsara, tapi kuring ngarasa ieu ujian nu pangbeuratna. "Nun Gusti, naha teu acan cekap cocobi ti Anjeun? Pasihan abdi kakiatan, pasihan abdi kasabaran." Dunga kuring dina sela-sela renghap nu karasa peurih lir diturihan hinis.
Teu kabayang ti anggangna hubungan kuring jeung Kang Arya bakal jadi cukang lantaran panggihna kuring jeung bapa nu lawas ninggalkeun kulawarga. Saprak harita ogé kuring geus teu ngarep-ngarep deui kadatanganana. Manéhna geus dianggap sirna salawasna, lamun téa mah hadé milih, kuring leuwih milih manéhna teu muncul deui 'na kahirupan kuring sanajan tetep teu bisa mungkir yén getihna ngamalir 'na diri jeung adi-adi kuring.

Kaayaan di imah jempling, anteng jeung lamunan séwang-séwangan. Kang Arya teu génjek, diuk gigireun bapa. Reza pon kitu deui Rizal ngabanding teu jauh ti bapa, indung Kang Arya ogé masih candukul ngeluk lir bueuk meunang mabuk, sapintas mah moal aya nu nyangka yén manéhna kungsi ngarampas kabagjaan indung kuring. Dedeganana matak kayungyun, agamis, tapi haténa teu béda ti iblis. Kuniang kuring hudang, candukul dibantuan ku Rio.
"Bapa, lamun geus bérés dramana, bawa indit awéwé ieu ti dieu. Kuring teu sudi nempo beungeutna." Kuring nyentak disusul ku paneuteup Reza jeung Rizal bangun nu reuwas. Kang Arya ngoréjat, teu narimaeun kuring nyarita kitu ka indungna. "Rahma...," pokna semu molotot.
"Abdi teu perlu dipikarunya ku Akang, kitu deui ku bapa, komo ku awéwé éta." Kuring nunjuk ka indungna Kang Arya, nu terus manéhna ngagabrug kuring, nyuuh dina lahunan.
"Hampura abdi, Rahma. Abdi rumasa salah, abdi tos ngarampas kabagjaan kulawarga Rahma. Abdi pantes dihukum, mangga nyanggakeun abdi rido badé dikumaha ogé ku Rahma." Pokna nyegruk.
"Aya nu leuwih wenang pikeun ngahukum awéwé modél anjeun, dagoan waé hukuman ti Gusti Alloh." Ceuk kuring bari ngépéskeun leungeun nu keur dikekewek.
Manéhna ceurik beuki tarik, auk-aukan ménta hampura. Kang Arya nangkeup indungna, ngarerema bari cimatana murubut. Kang Arya teu bisa mangmeunangkeun ka indungna da mémang geus puguh salah, tapi manéhna ogé teu bisa narima indungna diperlakukeun kitu ku kuring. "Ema hayu istirahat heula ka kontrakan Arya, caket ieuh da." Kang Arya nuyun indungna ka luar ti imah.
Tinggal bapa diuk nyarandé bangun nu bingung. "Bapa ulah bingung, jig geura susul kameumeut bapa." Ceuk kuring teugeug.
Bapa neuteup, paneuteupna ceuleuyeu. "Rahma anaking, Bapa moal eureun ménta hampura ti hidep. Rio, Reza, Rizal, hampura Bapa." Dareuda, leungeunna ngageter nangkeup Reza, nu hiji ngusapan Rizal. Rio mah teu génjek ti gigireun kuring.
"Bapa sadar, Bapa teu pantes meunang hampura ti hidep sakabéh. Kasalahan Bapa geus teu kaitung lobana. Kasusah hidep teu kaukur nyerina. Tapi Bapa moal weléh ménta hampura. Hampura Bapa anaking, hampura...!" Pokna bari ngahinghing méh teu kadéngé.
Jung nangtung, rumanggieung bapa nyampeurkeun kuring. "Bapa rék mulang, iraha-iraha pasti ka dieu deui." Pokna bari ngusap tonggong, kuring tungkul teu sakemék-kemék acan. "Rio...," pokna deui. Rio teu némbalan.
Bapa ngoloyong ka luar disusul ku Reza jeung Rizal, "Bapa badé ka mana deui?" Rizal muntangan.

Hanca

KALANGSU 10

kotretaniyek
KALANGSU
Ku_Titin Wiarti
Bagean ka 10

Bray panto muka. Dua dedegan nu sarimbag nangtung hareupeun panto. Teu dipiceun sasieur; mata, irung, keureutan beungeutna ogé sarua. Kang Arya nangtung, anun ka bapa, kitu deui ka indungna nu nangtung tukangeun bapa. 
Hereugeueun. Kuring teu bisa cumarita. Cimata miheulaan ngamalir, ngawakilan rasa hareneg jeung duka teuing naon ngaranna. Rasa nalangsa nyaliara dibarengan ambek teu puguh rasakeunana. 

"Rio, naha bet teu sakola? Ti iraha diajar bolos? Kakara ogé jam sabelas ieu téh!" sentak kuring ka Rio. Meupeus keuyang. Ambek kapegung ka nu jadi bapa.
"Jam kosong, Téh. Guruna teu aya. Rio ijin wangsul, melang ka Tétéh," pokna bari ngeluk. Puguh kakara nempo kuring ambek dibarung pasemon siga ayeuna; molotot bari kekerot.
Barang ngadéngé ngaran Rio disebut. Gebeg, Bapa ngagebeg. Geuwat ngalieuk, "Rio...? Ieu téh hidep?" talékna bari ngagabrug. Nangkeup tipepereket. "Ieu bapa, Kasép. Hampura...bapa tambélar ka hidep. Hampura...!"

Rio témbong reuwas bari bingung. Teu gugur teu angin aya nu ngaku-ngaku bapana. Awakna méh ngajengkang kabawa tangkeupan bapa. 
Kang Arya gancang nuyun bapa, ngajak diuk 'na samak nu ti tadi ngagelar. Indungna ogé nuturkeun. Bapa teu laju diuk, tapi gura-giru nyampeurkeun ka kuring, nyabak suku nu diperban kénéh. 
"Rahma, kumaha sampéanna, tos sakinten?" pokna. Rét ka kuring laju ka Rio nu sila gigireun Kang Arya. Taya nu némbalan. Hing, ceurik auk-aukan.
"Hampura Bapa, Rio, Rahma...!" ngageuri. Awakna ramohpoy, ngarumpuyuk laju nyuuh kana lahunan Rio bari ngaranggeum dampal leungeun Rio. 

"Bapa...?" Rio molotot. 
"Muhun, Kasép. ieu téh Bapa, Rio...! Bapa hidep," Bapa nyarita dareuda bari nangkeup pageuh. 
"Muhun kitu, Téh?" Rio malik nanya ka kuring nu ngabalieur, teu hayang nempo peta kitu. Kadongdora, budak geus garedé. Sasat nyampeurkeun gé lain ngahaja néangan tapi alatan aya masalah nu karandapan ku Kang Arya, anakna.
"Rio! Lain bapa, éta mah! Halik, ulah dideukeutan! Mun enya mah bapa, moal ngantep siga kieu," kuring nyentak tarik. 
Satengah nyuntrungkeun, Rio geuwat ngésotkeun tangkeupan bapa bari neuteup seukeut, mimiti nyorotkeun kaceuceub. Kuring ngojéngkang rék metot leungeun Rio, ngan suku can kuateun nahan awak. Antukna ngedepruk gigireunana. 

"Mun enya manéh bapa kuring, ka mana baé salila ieu?" Rio malik nanya. Matana bangun nu silalatuan dibarung sora ngageter. 
Ceurik bapa mingkin tarik, poho di kalalakianana, nyeungceurikeun mangsa kalarung. Kaduhung ngagulung 'na angenna, geus miceun bari teu kungsi miroséa pisan.
"Hampura bapa...! Hampura...!"

"Rio,, lain bapa urang éta mah. Bapa urang mah geus maot," omong kuring, megat caritaan bapa binarung nyegruk bari ngusapan Rio. Nu diusapan surti, laju malik nangkeup, nyuuh 'na taktak. 

Ngadéngé omongan kuring, bapa beuki auk-aukan. Jurungkunung, maksud rék ngagabrung kuring.  Rio geuwat hudang laju nyuntrungkeun satakerna bari pok yarita tarik. "Nyingkah, siah! Aing mah geus teu boga bapa ti baheula gé."
"Hampura Bapa, Rio...!" Bapa ngageri bari nyekelan suku Rio.
"Gampang masalah ngahampura mah, ayeuna jawab heula, ka mana Bapa basa Rio sono terus néangan Bapa? Di mana Bapa basa Rizal gubrag ka alam dunya? Bapa di mana basa Ema bajoang nahan kasakit? Basa Ema ninggalkeun?, basa Téh Rahma kudu popohoan nyiar sangu sahuap satutas Ema ninggalkeun? Bapa di mana...?" Rio ngageunggeuik. Kuring nyekel pageuh dampal leungeunna.

Kuring ngarérét ka indung Kang Arya,
"Bapa dipoékkeun ku awéwé éta! Awéwé nu geus ngarebut kabagjaan Ema. Awéwé marté! Teu boga rasrasan!" Kuring nunjuk ka indung Kang Arya, beungeutna  katémbong beureum. 
"Rahma...! Teu saé nyarios kitu ka sepuh." Kang Arya nu ti tadi cicing ngahulag basa kuring nyentak. Laju manéhna nyampeurkeun bapa nu diuk gigireun emana. 
"Kang Arya mah gampil nyarios kitu, sabab Kang Arya teu ngalaman jadi Rahma. Waktu Kang Arya hirup senang sagala kahayang dicumponan, di dieu mah Abdi dahar ogé kudu kokoréh heula. Dahar isuk heunteu soré, sangu sabungkus sahuap éwang. Ema mah mindeng puasa, mélaan budak-budakna." Beuki nalangsa, ras inget ka waktu harita. Hirup karasa pahitna. Kuring SMP kelas dua basa ema ninggalkeun. Méméh indit sakola ngurus heula adi tilu, ngamandian, ngahuapan. Nu bungsu mah Rizal kakara diajar leumpang. Kuring sakola Rizal dipihapékeun ka tatangga. Bubuhan ngumbara, ema teu bogaeun pisan dulur. Kuring nganteurkeun heula Rio jeung Reza ka SD méméh ka sakola. 
Cimata merebey waktu inget Rizal gering, kuring kudu bolos teu sakola. Ngéngklék sapopoé ngais, ngabébénjokeun. Euweuh harepan, hirup asa moal nepi ka kiwari.

"Assalamu'alaikum." Méh bareng Reza jeung Rizal datang ti sakola. 
"Waalaikumsalam." Ceuk kuring bari ngagupayan. "Dieu kasép, calik caket Tétéh." 
Duanana silih rérét, ngarasa bingung nempo kuring kaayaan kitu. Bapa mencrong ka Reza jeung ka Rizal nu ngoloyong ngadeukeutan kuring. Rio nyangkéh awak kuring, nu can bisa diuk ajeg lantaran suku hésé dilempengkeun. 
"Ieu téh...?" Ceuk bapa bari neuteup ka Reza. 
"Itu Reza, ieu Rizal." Kang Arya ngabéjaan bari nunjuk.
"Ya Alloh... Hapunten abdi nu tos tambélar ka kulawargi abdi. Reza kasép, Rizal yap ka dieu, ieu Bapa hidep." Bapa ngarampayak ngahinghing deui. 
"Bapa? nu leres?" Rizal jeung Reza bangun teu percaya. Duanana ngagabrug bapa, narangkeup. Bapa ngusapan tonggong Reza jeung Rizal nu keur nyaruuh na lahunan bapa. Rizal cengkat laju neuteup pameunteu bapa, nyidik-nyidik bangun can percaya. 

"Reza, Rizal, dieu. Bohong sanés bapa ieuh." Ceuk kuring ramisak. Teu wasa nyentak ka Rizal mah, manéhna panglemahna diantara nu tiluan.
Rizal ngalieuk ka Kang Arya, "Aa, nu mana nu leres?" Pokna kaciri bingung. 
Arya neuteup kuring pok nyarita, "Éta téh leres bapa hidep. Bapa nu kungsi kalangsu, ayeuna mulih. Meredih hampura ti anjeun sadaya." Kang Arya dareuda. 
Rizal ngalieuk ka kuring bangun nu ménta kapastian. Kuring unggeuk bari ngégél biwir nahan ceurik sangkan teu bekas. Bapa nangkeup Rizal nu can kungsi panggih ti bareng bral ka alam dunya.

Hanca

KALANGSU 9

kotretaniyek
KALANGSU
Ku_Titin Wiarti
Bagean ka 9

Ukur itungan detik awak kuring geus aya 'na pangkuan Andi. Ng,aronghéap tur reuwas, inggis tigubrag.
"Tenang, tuan putri! Panangan abdi kuat lir beusi beton," pokna, nyengir. 
Kang Arya ukur colohok, duka naon nu aya 'na pipikiranana. 
"Kémon, Kang! Tuan Putri hoyong geura ébog, cenah!" Andi ngalieuk ka Arya nu laju miheulaan leumpang, muru muka konci. 
Kuring asa kararagok, ngarasa teu énak dikitukeun ku Andi. 
"Duh, Tuan Putri abot ogé, nya!" pokna bari ngarérét.
 Kuring asa lewang geuwat muntang kana pundukna. 
"Burukeun!" cekéng bari semu molotot. 
"Ih, teu kénging galak atuh! Pan ieu ogé nuju mapah," walonna, teu weléh bari cungar-cengir.

 Anjog ka imah, Kang Arya geus nyayagakeun dipan leutik deukeut tipi. Korsi diiserkeun keur diukna.
"Di dieu baé heula, istirahatna! Supados tiasa bari ningal tipi," ceuk Kang Arya bari ngabébérés sepré. 
"Oke, siap!" walon Andi bari lalaunan ngagolérkeun awak kuring. 
"Abot ogé tuan putri téh, Kang! Aya panginten 72 kilo satengah mah," Banyol Andi laju gegeber ku topina bari ngarérét. Kuring molotot nyemu keuheul.

"Tos tabuh sapuluh. Abdi wangsul heula, badé muru kuli. Dikantun heula, nya! Rahma sing énggal damang. Teu kénging hilap obatna dileueut, nya! Mangga Kang Arya, dikantun!" Andi amitan. 
'Na lawang panto Andi ngalieuk deui, "Pami aya nanaon mah nelpon baé! Nomerna aya di Dé Rio. 'Bye' Tuan Putri. Assalamu'alaikum!" 
"Waalaikumsalam!" walon kuring méh bareng jeung Kang Arya.

Kang Arya ngaléos ka dapur. Bréngbrong sada nu keur gégéroh. Tayohna mah barudak teu kaburueun pépérén heula. Manéhna mémang rapékan. Geus asa di imahna sorangan. Kang Arya ngontrak teu jauh ti imah kuring, sok mindeng indit gawé bareng. 
Kuring ngalempengkeun suku, lumayan cangkeul. Kang Arya nyampeurkeun bari mawa cai nginum. "Bilih badé ngaleueut obat, ieu caina! Supados teu kedah ka dapur," pokna. 

"Bapa wengi nelepon, naroskeun kaayaan Rahma. Saurna badé ka dieu dinten ayeuna." Pokna deui basa kuring nampa gelas.
Gék manéhna diuk tunjangeun. 
"Wartoskeun baé, teu kedah! Badé naon ka dieu ogé."
Kuring ngabalieur. 
"Rahma..., teu kénging kitu! Pasihan bapa kasempetan. Bapa palayeun nyuhunkeun dihapunten ka Rahma sareng barudak," pokna, leuleuy. 
"Akang tiasa nyarios kitu margi teu ngaraoskeun kanyeri abdi. Akang ngabélaan bapa sabab akang mah dipikanyaah. Sedengkeun abdi? Adi-adi?" Kuring némbal satengah nyentak.
"Rahma...!" pok Kang Arya, nyekel dampal leungeun kuring. "Upami Akang terang kaayaanana kieu, Akang moal ngantep. Akang teu terang. Demi Alloh!" Kang Arya neuteup seukeut dibarung cumalimba. 
"Pokona abdi can bisa ngahampura kana kalakuan bapa! Komo ka nu jadi pamajikanana!" 
Kuring teugeug, metot leungeun tina ranggeuman Kang Arya. 
Rey, beungeutna beureum.  Jung, nangtung. Jekuk, jekuk, nonjokan témbok.  "Gusti...! Hapunten abdi sareng sepuh abdi!  Paparin abdi sadayana pituduh. Abdi teu kiat nandangan cocobi...!" cenah, ngageuri tarik. Luk,  tungkul bari ngaramesan buukna. 
"Akang ngaraoskeun naon ku Rahma sareng rai-rai karaos ayeuna. Namung Akang nyaah sareng moal tiasa teu nyaah ka sadayana. Paparin Akang kasempetan kanggé ngaréngsékeun pasualan ieu!"

Teu hayang némbalan. Nu karasa, hinis asa beuki ngageurihan raheut nu mingkin gudawang. Hing, kuring ngabangingik bari malikkeun awak, nonggongan.

Sabot kitu, kadéngé panto ngulutrak bareng nyaritana Rio, "Téh, ieu aya bapa-bapa naroskeun Tétéh."

Hanca

KALANGSU (Bagian 8)

kotretaniyek
KALANGSU
Ku Titin Wiarti
Bagean ka 8

Panonpoé moncorong asup tina sela-sela hordéng jandéla kamar nu can kabuka kabéh. Sora roda nu didorong, taloktak sapatu nu leumpang rusuh, jadi tanda yén geus mimiti sibuk ku tugas séwang-séwangan. Kuring ngadagoan dokter nu rék mariksa. Ngadunga muga-muga bisa mulang poé ieu. Sanajan aya nu tanggung jawab, kuring leuwih milih berobat di imah, barinjan ku adi. Petugas datang mawa sangu tim jeung angeun hérang jang sarapan, kuring ngan dahar sahuap tamba kosong teuing beuteung. Teu nyari abong kadaharan nu gering kalah sarebel nu aya. Kang Arya datang mawa roti jeung téh manis meunang meuli ti hareup. 
"Emam heula rotina." Manéhna ngasongkeun roti nu meunang mesék. 
"Nuhun, atos." Ceuk kuring pungkes.
Kang Arya ngarénghap jero bari ngésotkeun roti kana luhur méja gigireun.
Léos manéhna ka luar, teu lila geus asup deui jeung dokter. 
"Pagi, Mbak!" Ceuk dokter, soméah.
"Pagi, dok!" 
"Sebentar saya periksa dulu lukanya," pokna.

"Assalamu'alaikum," Andi norojol, asup ka rohangan, nyaksian kuring nu keur dipariksa. 
"Gimana lukanya? Udah mendingan, kan?" Andi nanya ka dokter. 
"Saya minta obat yang paling bagus biar cepet sembuh," pokna deui. 
"Lukanya udah kering, lututnya juga sudah pada posisinya. Tinggal pemulihan."
"Bisa pulang sekarang?" Kuring nanya. 
"Bisa, ini resép obatnya. Besok kalau obatnya sudah habis, Mbak ke sini buat periksa lagi. Saya tinggal dulu. Semoga lekas sembuh, ya!" Dokter kaluar dituturkeun ku Andi sakalian rék nebus obat. 

Kang Arya mérésan kantong babawaan kuring, ngalem ku sabarna ngaulaan sanajan dibaeudan. 'Anjeun teu salah nanaon sabenerna mah, Anjeun nu sok méré sumanget sangkan kuring tetep sabar, teger nyanghareupan pahitna kahirupan.' 
Kuring neuteup tonggongna tempat kuring nyarandé mangsa kuring ngarasa capé ku kasusah. 
'Anjeun nu satia marengan méré kakuatan nalika kuring ngarasa rapuh, nepi ka bisa ajeg, kuat jadi tuturus adi-adi kuring' 
Sakeclak cimata maksa kaluar, gancang disusut. Teu pernah kabayang kuring sanggup keuheul ka manéhna nu mikanyaah lain ukur ka kuring tapi ogé ka adi-adi nu teu ngarasakeun kanyah bapana.
'Tapi kuring teu bisa ngahampura, Anjeun jeung indung Anjeun nu ngarebut kanyaah bapa. Teu kaitung lobana cimata nu geus dikorbankeun. Ya Robbi.... Abdi sadar ieu sadaya rencana Gusti. Pasihan abdi pituduh, pasihan abi kasabaran.' 

 Kang Arya nyampeurkeun, tayohna mah ngadéngé ingsreuk kuring nu teu katahan. Gancang kuring nyusutan cimata. 
"Akang ngartos naon anu ku Rahma pikirkeun. Akang ménta hampura, sadayana di luar nalar Akang. Saha nu hoyong kajadianana saperti kieu. Akang moal ninggalkeun Rahma sareng Rio, Reza, Rizal sakumaha keuheulna Rahma ka Akang. Akang nampi kakeuheul Rahma,  Akang rido." Kang Arya dareuda. 

Jempling, anteng jeung pikiran séwang-séwangan. Nepi ka ampir teu sadar Andi nyampeurkeun bari ngadorong korsi roda. 
"Hello, pagi-pagi ngaharuleng. Jadi pulang ga?" Pokna ngabuyarkeun lamunan. 
Najan kakara wawuh tapi kuring ngarasa nyaman. Sikepna nu soméah teu matak karagok. 
"Jadi atuh, tos teu sabar hoyong énggal ka rorompok." Walon kuring. 
"Akang milari heula taksi atuh, nya!" Kang Arya ngaléos.
"Teu kedah, abdi nyandak mobil. Nganggo mobil abdi baé. Sakantenan abdi badé jajap hoyong terang bumina palih mana." Ceuk Andi. 

Kuring ngised, ngagésér rék turun kana korsi roda. Kang Arya gancang mantuan, ngadeukeutkeun korsi nyekelan leungeun kuring. Andi merenahkeun suku kuring nu heuras teu bisa direngkuhkeun. 
"Tuan putri, badé ku saha didorongna?" Ceuk Andi bari cengar-cengir. Kuring kagugu ku sikepna.
"Akang nyandak kantong baé," ceuk Kang Arya bari ngajingjing kantong kuring, kantong nu manéhna digandong. 

Andi ngadorong bari norowéco. 
"Abdi wengi milari ruangan Rahma, saur petugas Rahma di ruang melati 2, abdi rurusuhan lebet ka ruang Melati 11, éhhh eusina nini-nini wungkul." Andi nyarita bari seuri. Kuring mésem. 

Nepi ka parkiran, Andi mukakeun panto mobil. Kang Arya nuyun mantuan kuring, merenahkeun kantong di jok tukang. 
"Rahma sareng Andi, nya! Akang pan nyandak motor."  Ceuk Kang Arya.
Kuring nurut baé kumah diaturna. Nu penting mah nepi ka imah. Kuring unggeuk. 

Nepi ka jalan, patalimarga geus ramé. Motor, angkot katut beus siga nu paheula-heula. 
"Rahma, hapunten abdi, nya! Gara-gara abdi ngebut, Rahma jadi kieu." Andi muka carita. 
"Abdi jangji moal ngebut-ngebut deui." Pokna deui bari ngacungkeun dua ramona.
"Harita téh abdi nuju di padamelan, ditelepon ku punbiang nyebatkeun teu raraos. Abdi langsung baé wangsul. Rurusuhan da hariwang téa. Dihapunten, teu?" Andi ngalieuk.
"Dihapunten pisan." Ceuk kuring bari teuteup mah angger ka jalan.
"Nuhun, nya!" Pokna atoh. 

Deukeut gang, Kang Arya geus ngadagoan. Andi ngeureunkeun mobilna. 
"Tebih teu ka lebetna?" Andi nanya.
"Lumayan." Ceuk kuring. 
Andi turun, mangmukakeun panto. 
Arya nyampeurkeun, "Kiat teu mapahna? Ku Akang dituyun." 
"Wios ku abdi baé, Kang!" Ceuk Andi bari regeyeng mangku kuring bangun nu hampangeun, disaksian ku Kang Arya nu colohok.

Hanca

Kumaha kisah cinta Rahma salajengna? antos di kalangsu nu salajengna.

KALANGSU ( Bagian 7 )

kotretaniyek 
KALANGSU
Ku Titin Wiarti
Bagean ka 7

Andi nampanan resép nu diasongkeun ka Rio. Léos manéhna rék muru ka apoték. Di lawang panto, Andi méh diadu jeung nu rék asup, Kang Arya nangtung hareupeun panto. 

Andi rengkuh, "Punten, A!" Pokna ka Kang Arya.
Kang Arya teu pati merhatikeun, paneuteupna nuju ka kuring. "Rahma, geuning tiasa jadi kieu? Kumaha caritana?" Ceuk Kang Arya bari nyekelan leungeun kuring.
Kuring miceun beungeut, teu sanggup paadu teuteup jeung manéhna. Kuring ngadak-ngadak jadi keuheul. 
"Kang Arya naha bet nyusul?"
"Akang melang ka Rahma. Tadi ogé Rahma ku Akang disusul tapi Rahma tos kana beus." Kang Arya bangun hanjakal.
Rio nu ti tadi ngabandungan melong ka kuring, rét deui ka Kang Arya. Siga nu keur ngira-ngira naon anu geus tumiba ka kuring.
Rio nyampeurkeun, "Tétéh tadi kasérépét motor, waktos badé meuntas gang. Nu nembé ka luar téh jalmi nu nabrakna." Rio ngabéjaan Kang Arya.
"Ya Alloh, Rahma. Naon ieu nu nyerina?" Kang Arya bangun nu hariwang. 
"Sampéanana, A." Ceuk Rio.
"Sampéanana kumaha?" Kang Arya mukakeun simbut nu nutupan suku kuring.
"Astaghfirullaahaladzim!" Kang Arya ngembeng cimata.
"Hampura Akang, Rahma. Ti tadi ogé Akang hariwang. Akang nyusul Rahma, dugi ka bumi teu nyampak, di tungtung gang aya nu ngawartosan Rahma di dieu."

 Kuring teu némbalan sakemék ogé. Neuteup lalangit kamar. Ngayakinkeun diri yén nu tumiba bener-bener karandapan, lain ngimpi. Rio beuki héraneun ku sikep kuring jeung Kang Arya tara ti sasarina saperti kieu. Gék manéhna diuk 'na korsi gigireun. 
"Aa, Tétéh, kunaon kitu naha tiasa Aa sareng Tétéh teu sasarengan? Rio mah teu ngartos." 
Kuring ngaranggeum leungeun Rio, asa teu wasa nyaritakeunana. 

"Punten, landongna rada lami. Ngantri di dituna." Andi norojol mawa obat, sot na luhur méja. 
"Abdi Andi nu tadi teu ngahaja nabrak Si Tétéh ieu. Hapunten pisan, abdi rurusuhan dugi ka si tétéh janten kieu." pokna bari ngasongkeun leungeun ka Kang Arya.
"Abdi Arya, sareng ieu calon istri abdi, Rahma." Kang Arya neuteup Andi. Kuring ngabalieur.
"Téh Rahma, Abdi tos ka administrasi tadi sakantenan ka payun, sadaya biaya abdi nu tanggel waler. Ayeuna abdi badé wangsul heula, énjing upami badé mulih abdi ka dieu deui. Hapunten teu tiasa lami margi punbiang ogé nuju teu raraos. Mangga dikantun heula. Sing énggal damang wé, nya!" Andi amitan, Kuring unggeuk. 
" Dé Rio hayu anteur ka payun." Andi ngalieuk ka Rio. 

Kuring ukur duaan jeung Kang Arya, manéhna diuk gigireun kuring. "Rahma ...,"pokna.
"Akang ngartos Rahma pasti kuciwa. Akang ogé teu nyangka bakal kieu. Urang ayeuna keur nyanghareupan kanyataan nu  teu disangka-sangka. Jujur we Akang gé karék apal tadi yén bapa urang ..."teu kebat Kang Arya nyusutan cimatana. Kuring neuteup ka jandéla kamar. Nyeri suku ayeuna teu sabaraha nyeri dibandingkeun haté kuring.
"Akang jangji bakal ngabahagiakeun Rahma, akang rék mayar kanyaah bapa nu tos dikocorkeun ka Akang." Kang Arya ngeupeul pageuh leungeun kuring. "Akang jangji!"
 
Cimata ngamalir, kuring narik leungeun nu dicekelan ku Kang Arya. Teu hayang ngomong nanaon, kuring ngabetem. Kang Arya ngoloyong mukakeun jandela, angin peuting ngahiliwir karasa seger ngaganti hawa kamar nu karasa panas pisan. 

Rio candukul mukaan koran, jam geus nunjukeun angka sapuluh. Merelek heuay. Mata kuring geus mimiti cepel. Kang Arya ka luar sada ngobrol 'na telepon. 
"Rio geura bobo, énjing sakola pan." 
"Hun, Téh, sakedap deui." 
Bakat ku capé muereun kuring reup saré, teu inget nanaon.

Adan subuh, kuring ngulisik. Suku karasa panas, nyanyautan. Rio geus teu nyampak.  Pasti keur ka mushola. Kitu deui Kang Arya, piraku mulang mah. Tapi dina mulangna ogé karep teuing. 
Ayeuna téh poé Senén, lamun teu kieu mah kuring kudu ka pagawéan isuk kénéh. Nyiapkeun sagala rupa kaperluan di kantor, bebersih. Kuring rumpu-rampa neangan HP. Niat rék nelepon babaturan, ngabéjaan yén kuring moal bisa asup digawé nepi ka cageur suku.

Kuring keur ngurutan suku basa Rio jeung Arya ka rohangan. 
"Kumaha, Téh? Nyeri?" Rio nyampeurkeun. 
"Nyeri meueusan, katiisan meureun, engké gé moal." 
"Téh, abdi jam lima wangsul, nya! Pan aya Si Aa." Ceuk Rio bari ngalieuk ka Arya.
"Uhun, keun wé ulah hariwang, Aa gé rék ijin moal damel." Walon Kang Arya.
"Mésér kanggo nyarap ké di jalan, kanggo Reza sareng Rizal." Ceuk kuring bari ngasongkeun duit. 
"Aya, Téh, wios ieu baé, wengi dipasihan ku A Andi." Rio némbongkeun duit saratus rébu.

Hanca

Selasa, 16 Juni 2020

KALANGSU (Bagian 6)

kotretaniyek  KALANGSU
Ku Titin Wiarti
Bagean ka 6

Kuring can nyarita kajadian nu sabenerna ka adi. Masih mikir antara nyarita atawa ulah. Kadengé adan magrib ti mushola rumah sakit, adi kabéh cengkat arindit ka mushola. Aya rasa reueus basa marengan tingkoloyongna adi kuring. Kuring tayamum, solat magrib bari diuk.

Rio asup ka rohangan, nyampeurkeun. Gék diuk 'na korsi palastik gigireun kuring. "Étéh, kumaha kajantenanana? Naha  mulih nyalira? Si Aa ka mana?" Pokna bari mencrong ka kuring. 
"Si Aa mah rariweuh, jadi wé Tétéh uih nyalira." Kuring ngawadul.
Tapi lain ogé Rio lamun puas kitu baé ku jawaban kuring. 
"Riweuh kumaha kitu, Téh? Si Aa mah asa moal tégaeun ngantep Tétéh nyalira." Pokna deui.
"Rio can aremam pan? Mana Reza, Rizal?" Ceuk kuring ngalihkeun obrolan. 

Keur kitu HP kuring disada, HP 'na jero kantong luhur méja teu kahontal. Rio buru-buru cengkat nyokot HP. 
"Hallo, A!" Rio némbalan nu nelepon. 
"Nuju di rumah sakit, Tétéh..." Teu kebat HP kaburu direbut ku kuring, jlep dipareuman.

"Ari Étéh kunaon?" Ceuk Rio kerung.
"Teu nanaon, énggal emam heula bisi nyeri patuangan. Mésér baé di kantin, ajak Reza sareng Rizal." 
"Tapi tos emam Étéh kudu nyarios nu saleresna ka Rio." Teuteup Rio bangun nu curiga. Rio adi kuring panggedéna, sakola kelas dua SMA. Manéhna gaganti kuring ngajaga adi nu dua deui nalika kuring kudu ngalembur di pagawéan. Pikiran Rio geus dewasa, tanggungjawab ka adi-adina. 

Reza mah pangais bungsu, rada cicingeun tara loba protes, sakola kelas tilu SMP. Manéhna nu pang daékana mantuan bébérés di imah. Rizal bungsuna kelas hiji SMP, pang ogona. Bubuhan bungsu meureun jadi apét pisan ka kuring.

Dokter jaga asup rék mariksa kuring.
"Selamat malam, Mbak!"
"Malam, dok!" 
"Syukur Mbak sudah sadar. Akibat benturan, kaki Mbak luka. Tulang lututnya bergeser, nanti ada yang tangani."
"Gak remuk, dok?"
"Enggak, cuma bergeser saja." 
"Saya bisa minta rawat jalan aja bisa ga, dok?"
"Bisa, kita lihat hasil pemeriksaan besok, ya! Ini resep obat yang harus Mbak ambil di apotik. Ada saudaranya, kan?"
"Ada, dok!"

Kuring rada ngemplong ngadéngé hasil pamariksaan dokter yén tuur kuring ngan ukur ngagésér, teu remuk saperti ceuk Rio tadi. Alhamdulillah. 

Reza jeung Rizal asup ka rohangan, rizal katempo merengut. 
"Tos emam, Kasép?" Ceuk kuring bari ngusap buuk Rizal.
"Atos, Étéh atos?" Rizal malik nanya.
"Atos, Tétéh gé tadi aya nu masihan ti lebet. Kunaon jagoan Tétéh merengut?"
"Étéh iraha tiasa uih? Énjing pan sakola, piraku kedah bolos?" 
"Dé Rizal kersa teu pami uih sareng A Reza? A Rio piwarang di dieu nyarengan Tétéh. Ludeung henteu di bumi duaan?" Kuring nanya bari haté mah melang.
"Wios kitu Étéh dikantunkeun?" Pokna.
"Wios, pan aya A Rio. Énjing ogé tétéh tos tiasa uih." 
"Muhun atuh abdi wangsul heula," pokna bari ngalieuk ka Reza. 
"A Rio di mana, Reza?" Ceuk kuring.
"Di payun tadi mah nuju ngobrol, engké badé piwarang ka dieu."
"Kadé di bumi, nya! Panto koncian." 
"Hun, Téh!"

 Rio datang jeung lalaki teu wawuh, nyampeurkeun, sasalaman. 
"Punten pisan, Téh, abdi nembé tiasa ka dieu. Kenalkeun abdi Andi nu tadi nabrak Tétéh. Abdi wangsul heula tadi téh diantosan punbiang di rorompok. Nembé abdi naroskeun ka tukang warung saurna Tétéh dicandak ka dieu. Abdi teras wé ka dieu. Teu kénging hariwang, sadaya biaya tilas berobat Tétéh, abdi tanggel waler." Pokna bari nangtung gigireun kuring.
"Muhun, abdi ogé teu émut, terang tos di dieu baé." Walon kuring. 

Lalaki pantaran Kang Arya, nyebut nu tadi nabrak kuring. Niat rék tanggung jawab kana sakabéh biaya perawatan. Kuring sabenerna mah teu ngarep-ngarep. Tadina ogé satékah polah rék ngusahakeun sorangan, kumaha baé carana. Atuh ayeuna aya nu tanggung jawab, alhamdulillah.

"Rio, candak obat ka apoték." Ceuk kuring bari ngasongkeun resép ti dokter tadi. 
Andi rikat nampanan, "Wios, abdi baé." Ceuk Andi bari tuluy ngaléos. Andi ka luar, méh diadu jeung nu rék asup, Kang Arya geus nangtung hareupeun panto.

Hanca

KALANGSU (Bagian 5)

kotretaniyek  KALANGSU
Ku Titin Wiarti
Bagean ka 5

Wiati cangra satutas hujan ambregan, nyésakeun cileuncang ngeusian jalan aspal nu legok kohok alatan aspalna coplok. Panon poé burit nyorot némbongkeun cahayana nu konéng lir emas. Dangdaunan tinggarupay katebak angin, muragkeun sésa cai nu nyarangsang 'na luhur daun tinggurilap kasorot cahya panonpoé. Di imah Kang Arya, tilu urang keur dariuk di tepas. Bapa, Kang Arya jeung indungna. Saréréa katémbong bangun nu baluweng. Kang Arya ngeluk tungkul bari ngarames buukna, ngarénghap jero. Bapa neuteup kosong, ngahuleng nyawang mangsa katukang aya gurat kanalangsa 'na teuteupna. Pon kitu deui indungna, ngeluk tungkul pinuh karumasaan. 

"Abdi asa teu percaya kana kajadian tadi. Rahma nu dipikanyaah ku abdi  singhoréng darah daging Bapa. Teu nyangka sacongo buuk." Kang Arya muka carita bari angger ngajenggutan buukna.
"Rahma sok nyaritakeun lalakon hirupna ka abdi. Ditinggalkeun ti leuleutik  ku nu jadi bapa, dipangnyerikeun, horéng Bapa jalmina.
Abdi ogé pernah milu keuheul ka nu jadi bapana lantaran kalakuannana, geuning abdi téh keuheul ka Bapa. Abdi ogé keuheul ka awéwé nu ngarebut kabagjaan kulawargana, anu horéng awéwé éta téh indung abdi sorangan. Abdi terus terang kuciwa ka Bapa jeung ka Ema. Naha bet Ema nu jadi cucuk 'na kahirupan kulawarga Rahma. Abdi jadi ngarasa dosa ngarebut kanyaah Bapa. Bapa mikanyaah abdi sedengkeun Bapa ninggalkeun anak-anak Bapa nu wajib dipikanyaah ku Bapa." Kang Arya cumarita rada tarik. Bapa jeung indungna ngaheruk.

"Bapa ogé teu nyangka Rahma anu sok dicaritakeun ku hidep téh budak Bapa. Bapa dosa geus ninggalkeun maranéhanana. Sabenerna mah bapa ogé kaduhung geus boga lampah kieu. Anak-anak bapa katalangsara. Ampun Gusti! dosa abdi geus loba teuing." Cimata Bapa teu kaampeuh murubut mapay pipina. 

"Ema nu salah, Arya. Lamun harita Ema teu kabita ku kakayaan Bapa hidep, moal kieu kajadianana. Ema pasrah, naon baé nu bakal dilakukeun ku Rahma ka Ema, Ema narima." Pokna bari nyusutan cimata.

"Karunya Rahma, Arya teu bisa ngabayangkeun kumaha ancurna haté Rahma ayeuna. Arya rék nyusul Rahma." Kang Arya nguniang. 
"Bapa milu," ceuk Bapa milu nguniang. 
"Ké heula bapa mah, abdi wé heula. Bisi Rahma can leler." 
Jam opat Kang Arya mangkat nyusul kuring.

*Sapanjang jalan haté Arya galécok, sawangan ti mimiti wawuh jeung Rahma nepi ka kajadian tadi beurang némbongan lir pilem nu diputer deui. Perjalanan Garut Bandung karasa lila pisan. Arya teu sabar hayang geura nepi ka imah Rahma. Hayang mastikeun yén Rahma teu nanaon.

Anjog ka imah Rahma kaayaan geus wanci sareupna. Imah dina kaayaan poék. Lampu jero jeung lampu luar teu dicaangkeun. Arya lenga-lengo ka jero imah, gera-gero tapi suwung. Gap kana HP, Arya nelepon ka Rahma.*

Hanca

KALANGSU (Bagian 4)

kotretaniyek  KALANGSU
Ku Titin Wiarti
Bagean ka 4

Kuring masih maké baju nu éta basa ka imah kang Arya. Rarat-rérét kana awak, aya getih 'na baju jeung calana. Kuring ngarampaan tapi euweuh nu karasa nyeri. Rét deui kana siraheun, hiji awéwé keur imut bari ngusapan sirah. Karasa nyelecep tiis kana angen, reugreug. Manéhna ngadeukeutan, kuring hudang laju nangkeup ka manéhna. Nangkeup tipepereket, bangbaluh  haté asa ngurangan. 

"Mamah, geuning di dieu? Sanés mamah tos...?" Teu kebat kuring nanya. Kaburu biwir kuring ditutup ku curukna.

"Geulis, anaking. Mamah mah tara jauh, Mamah marengan hidep. Kanyaah Mamah marengan hidep jeung adi-adi hidep. Mamah salut ka hidep. Sing sabar, nya, Geulis! Isuk jaganing géto bagja hidep pasti bakal kasorang."
Cimata ngalémbéréh, kuring teu kuat nyanghareupan masalah nu keur karandapan.
 
Hawar-hawar sora nu ngaji patémbalan, matak tingtrim. Kuring peureum na tangkeupan Indung, leungeunna teu eureun ngusapan. "Mah, Rahma ngiring jeung Mamah. Rahma teu kuat nandangan lara. Rahma hoyong tenang jeung Mamah." Nginghak. 
"Can waktuna, Geulis! Tuh tingali adi-adi hidep sakitu saroléhna piraku rék ditinggalkeun. Mamah yakin hidep pasti bisa. Rahma pan kuat!" Pokna bari imut.
"Mamah pamit ayeuna ogé, kanyaah Mamah teu weléh marengan hidep. Ulah elat ngadunga, ngajalankeun kawajiban." Indung ngaléos indit beuki ngajauhan, kuring gegeroan tapi teu dipaliré. 

"Mah! Rahma ngiring, Mamah!"
Leungeun jeung suku kuring aya nu nyekelan. "Tétéh!" méh bareng adi ngageroan. 
"Alhamdulillah Tétéh tos sadar deui." Rizal pangheulana nangkeup kuring.
Luak lieuk kuring niténan kaayaan. Kuring aya di rohangan sarua bodas. Selang infusan nyambung kana leungeun kuring. 
"Rio, Reza, Rizal, Tétéh di mana?" 
"Di rumah sakit, Téh. Cicing ulah waka seueur gerak, sampéan tétéh..." Rio teu kebat.
"Sampéan Tétéh kumaha?" Kuring ngagoak reuwas, kuniang hudang.
"Saur dokter tuur tétéh remek. Moal nanaon ,Téh, saur dokter ogé bakal cageur deui." Rio ngalelemu.
Kuring mukakeun simbut nu nutupan kana suku, bréh suku kuring nu di perban palebah tuur parat nepi kana bitis.

"Astaghfirullaahaladzim." Kuring muji bari cipanon murubut. Sawangan langsung baé ka pagawéan. Adi diteuteup hiji-hiji. "Rék ti mana biaya maranéh lamun Tétéh siga kieu." Kuring ngagerentes. 

Hanca

KALANGSU (Bagian 3)

kotretaniyek  KALANGSU Ku: Titin Wiarti
Bagean ka 3

Megat beus nu ka kotakeun teu kudu lila ngadagoan. Maké baju baseuh ogé maksa naék. Kang Arya katémbong gugupay ngudag 'na motorna. Kuring teu maliré. Haté ancur, kebek ku nalangsa. 

Anjog ka terminal kuring turun, lalampahan diteruskeun kana angkot. Waktu geus burit, jam 'na HP nunjukeun angka opat. Awak asa muriang, tiris bari beresin baé. Kituna mah wajar huhujanan baju baraseuh teu diganti. 

Sajajalan pikiran manteng ka nu geus karandapan poé harita. Asa percaya asa henteu. Kalan mah kuring ngarep-ngarep ieu téh ngan ukur ngimpi. Kanyataan teu bisa dipungkir, sagala kajadian tadi bener-bener karandapan ku kuring. Teu sabar kuring hayang geura nepi ka imah, hayang papanggih jeung adi, hayang ngagabrug maranéhna. Kabayang maranéhna nalangsa nempo kaayaan kuring siga kieu. Komo ngadéngé carita kuring di imah kang Arya. Kuring jadi bingung antara nyarita atawa ulah ka adi. Pangpangna mah ka Si Bungsu Rizal nu teu pernah nyaho di rupa bapa.

Sanggeus mayar angkot kuring buru-buru turun, katémbong Si Bungsu aya di peuntaseun jalan. Tayohna mah lapar siga keur meuli sangu goréng. "Tétéh...!" Pokna bari dadah. Teu kuat hayang geura ngagabung Si Bungsu, kuring leumpang gancang. 

Teu kanyahoan, ti kajauhan motor laju gancang pisan. Awak kuring kabating stang motor, kaséréd kana lima méterna. Rob jalma ngariung kuring, Rizal kadéngé gegeroan. Tapi mata hésé dibeuntakeun. Harita kuring teu inget nanaon deui.

Hanca

KALANGSU (Bagian 2)

*KALANGSU
HgTitin Wiarti
Bagean ka 2

Kuring amitan ti imah Kang Arya harita kénéh ogé. Teu nyangka sacongo buuk yén lalaki nu salila ieu jadi panyarandéan geuning aya pakaitna jeung bapa nu welasan taun ninggalkeun kuring. Teu bisa digambarkeun kuciwana haté. Nalangsa, keuheul pacampur jadi kabingung.
Kuring leumpang ngagidig mawa bangbaluh, sawangan éndah ilang ganti ku kanyeri nu lawas kakoréh deui. 

Langit angkeub, marengan haté nu asa dijejewét. Peurih lain dikieuna, inget kana katelengesan nu jadi bapa ninggalkeun kulawarga; ninggalkeun kuring jeung adi nu laleutik kénéh. Indung bajoang sorangan, sabisa-bisa nyumponan kaperluan hirup. Nepi ka dugna ninggalkeun ku alatan asma nu teu kaubaran. 

Cai hujan mimiti ragragan beuki kerep maseuhan awak, malidkeun cimata nu teu kaampeuh. Tukangeun, motor beuki ngadeukeutan, reg eureun persis hareupeun kuring. "Rahma, hayu urang ka bumi deui. Kunaon Rahma téh? ema sareng bapa ngantosan di bumi, hayu!" Kang Arya nyusul. Kuring cicing teu némbalan. "Hayu énggal, bilih lebet angin." Kang Arya metot leungeun. Kuring nurut, aya hadéna ogé kuring ngajelaskeun nu sabenerna. 

Turun tina motor, kuring dipapagkeun. Rasa nu béda keur mimiti datang nu ti heula jeung nu ayeuna. Keur mimiti mah, kuring ngarasa bagja sabab sawangan éndah nampeu hareupeun kuring. Datang nu ayeuna mah kuring lir nyanghareupan musuh. Gék kuring diuk 'na korsi tepas. Baju baraseuh teu dipaliré. Bapa jeung Indung Kang Arya mencrong. "Néng Rahma, hapunten Bapa sareng Ema bilih teu tiasa nyugemakeun. Hapunten pisan." Bapa sasadu bari ngarérét ka pamajikanana. Kuring masih ngabetem. Song Kang Arya ngasongkeun anduk, laju ditampanan. 
"Niat Arya ngajak Néng Rahma ka dieu téh badé ngenalkeun Enéng ka Bapa sareng ka Ema. Bapa sareng Ema ngaraos bagja lantaran Arya tos kenging calon anu cocog, Arya tos nyarios sagala rupina ka Bapa. Moal dilamikeun deui, Bapa jeung Ema hoyong énggal-énggal ngais incu." Bapa nyarita panjang lébar. 

Kuring neuteup ka bapa, mata kuring nu bareuh balas ceurik amprok jeung paneuteupna. "Pa, Bapa teu apal saha abdi?" Kuring nanya dareuda. Bapa ngised ngajegkeun diukna. Kang Arya jeung Indungna mencrong, kerung. 
"Bapa, leres tos teu inget ka abdi? Bapa teu inget ka Ningsih nu ku Bapa ditinggalkeun keur bureuyeung ku Si Bungsu? Abdi Rahmawati, Pa! Abdi Rahma kameumeut Bapa. Bapa ogé teu inget ka Rio, Reza, Si Bungsu Rizal. Bapa téh geuning di dieu, jeung awéwé ieu. Bapa   diarep-arep, lieuk deui- lieuk deui, ambleng."

Lir disamber guludug, Bapa, Kang Arya jeung Indungna ngahuleng. Bapa nyekel leungeun kuring, laju nangkeup. Leungit kalalakianana, bapa ceurik ngahinghing. "Hampura Bapa, geulis! Hampura.... Baruk hidep téh anak Bapa. Bapa rumasa salah." Andeprok nangkeup suku kuring, bapa ménta hampura. Kitu deui indungna kang Arya. Kuring mundur, kanyeri kuring leuwih gedé ti batan  karunya kuring harita. 
Kang Arya ngadeukeutan, ngusapan tonggong. Kuring ngépéskeun leungeunna. "Bapa leuwih nyaah ka Kang Arya ti batan anak-anak Bapa. Bapa teu apal kumaha tingkocéakna anak Bapa ngageroan Bapa, teu apal capéna biwir Ema ngabébénjokeun. Iraha Bapa uih, geuning Bapa can uih, nepikeun  maranéhna bosen teu nanyakeun deui Bapa. Sanajan harita abdi can hideng, tapi abdi bisa ngarasakeun kumaha peurihna haté Ema. Nepi ka cimata Ema garing teu bisa ceurik deui."

 Cimata lir cileuncang. Bapa andeprok kénéh, nyekelan suku kuring, ngahinghing mudalkeun hanjelu nu hamo bisa kaubaran. 
"Lima taun ti Bapa teu mulang, Ema gering parna nepika hanteuna, abdi opatan tingkocéak. Mindeng nahan lapar mélaan adi. Bapa mah teu inget saeutik-eutik acan. Kanyeri abdi moal bisa kaubaran." 

Kuring indit niat mulang, norobos gebrétna hujan. Satengah lumpat kuring muru jalan gedé, megat beus nu ka Bandungkeun

Hanca

Besi dan Karat

Besi merupakan salah satu benda yang paling kuat di muka bumi ini. Namun tidak berarti kuat itu tidak terkalahkan. Besi ternyata kalah oleh ...