kotretaniyek
KALANGSU
Ku Titin Wiarti
Bagean ka 7
Andi nampanan resép nu diasongkeun ka Rio. Léos manéhna rék muru ka apoték. Di lawang panto, Andi méh diadu jeung nu rék asup, Kang Arya nangtung hareupeun panto.
Andi rengkuh, "Punten, A!" Pokna ka Kang Arya.
Kang Arya teu pati merhatikeun, paneuteupna nuju ka kuring. "Rahma, geuning tiasa jadi kieu? Kumaha caritana?" Ceuk Kang Arya bari nyekelan leungeun kuring.
Kuring miceun beungeut, teu sanggup paadu teuteup jeung manéhna. Kuring ngadak-ngadak jadi keuheul.
"Kang Arya naha bet nyusul?"
"Akang melang ka Rahma. Tadi ogé Rahma ku Akang disusul tapi Rahma tos kana beus." Kang Arya bangun hanjakal.
Rio nu ti tadi ngabandungan melong ka kuring, rét deui ka Kang Arya. Siga nu keur ngira-ngira naon anu geus tumiba ka kuring.
Rio nyampeurkeun, "Tétéh tadi kasérépét motor, waktos badé meuntas gang. Nu nembé ka luar téh jalmi nu nabrakna." Rio ngabéjaan Kang Arya.
"Ya Alloh, Rahma. Naon ieu nu nyerina?" Kang Arya bangun nu hariwang.
"Sampéanana, A." Ceuk Rio.
"Sampéanana kumaha?" Kang Arya mukakeun simbut nu nutupan suku kuring.
"Astaghfirullaahaladzim!" Kang Arya ngembeng cimata.
"Hampura Akang, Rahma. Ti tadi ogé Akang hariwang. Akang nyusul Rahma, dugi ka bumi teu nyampak, di tungtung gang aya nu ngawartosan Rahma di dieu."
Kuring teu némbalan sakemék ogé. Neuteup lalangit kamar. Ngayakinkeun diri yén nu tumiba bener-bener karandapan, lain ngimpi. Rio beuki héraneun ku sikep kuring jeung Kang Arya tara ti sasarina saperti kieu. Gék manéhna diuk 'na korsi gigireun.
"Aa, Tétéh, kunaon kitu naha tiasa Aa sareng Tétéh teu sasarengan? Rio mah teu ngartos."
Kuring ngaranggeum leungeun Rio, asa teu wasa nyaritakeunana.
"Punten, landongna rada lami. Ngantri di dituna." Andi norojol mawa obat, sot na luhur méja.
"Abdi Andi nu tadi teu ngahaja nabrak Si Tétéh ieu. Hapunten pisan, abdi rurusuhan dugi ka si tétéh janten kieu." pokna bari ngasongkeun leungeun ka Kang Arya.
"Abdi Arya, sareng ieu calon istri abdi, Rahma." Kang Arya neuteup Andi. Kuring ngabalieur.
"Téh Rahma, Abdi tos ka administrasi tadi sakantenan ka payun, sadaya biaya abdi nu tanggel waler. Ayeuna abdi badé wangsul heula, énjing upami badé mulih abdi ka dieu deui. Hapunten teu tiasa lami margi punbiang ogé nuju teu raraos. Mangga dikantun heula. Sing énggal damang wé, nya!" Andi amitan, Kuring unggeuk.
" Dé Rio hayu anteur ka payun." Andi ngalieuk ka Rio.
Kuring ukur duaan jeung Kang Arya, manéhna diuk gigireun kuring. "Rahma ...,"pokna.
"Akang ngartos Rahma pasti kuciwa. Akang ogé teu nyangka bakal kieu. Urang ayeuna keur nyanghareupan kanyataan nu teu disangka-sangka. Jujur we Akang gé karék apal tadi yén bapa urang ..."teu kebat Kang Arya nyusutan cimatana. Kuring neuteup ka jandéla kamar. Nyeri suku ayeuna teu sabaraha nyeri dibandingkeun haté kuring.
"Akang jangji bakal ngabahagiakeun Rahma, akang rék mayar kanyaah bapa nu tos dikocorkeun ka Akang." Kang Arya ngeupeul pageuh leungeun kuring. "Akang jangji!"
Cimata ngamalir, kuring narik leungeun nu dicekelan ku Kang Arya. Teu hayang ngomong nanaon, kuring ngabetem. Kang Arya ngoloyong mukakeun jandela, angin peuting ngahiliwir karasa seger ngaganti hawa kamar nu karasa panas pisan.
Rio candukul mukaan koran, jam geus nunjukeun angka sapuluh. Merelek heuay. Mata kuring geus mimiti cepel. Kang Arya ka luar sada ngobrol 'na telepon.
"Rio geura bobo, énjing sakola pan."
"Hun, Téh, sakedap deui."
Bakat ku capé muereun kuring reup saré, teu inget nanaon.
Adan subuh, kuring ngulisik. Suku karasa panas, nyanyautan. Rio geus teu nyampak. Pasti keur ka mushola. Kitu deui Kang Arya, piraku mulang mah. Tapi dina mulangna ogé karep teuing.
Ayeuna téh poé Senén, lamun teu kieu mah kuring kudu ka pagawéan isuk kénéh. Nyiapkeun sagala rupa kaperluan di kantor, bebersih. Kuring rumpu-rampa neangan HP. Niat rék nelepon babaturan, ngabéjaan yén kuring moal bisa asup digawé nepi ka cageur suku.
Kuring keur ngurutan suku basa Rio jeung Arya ka rohangan.
"Kumaha, Téh? Nyeri?" Rio nyampeurkeun.
"Nyeri meueusan, katiisan meureun, engké gé moal."
"Téh, abdi jam lima wangsul, nya! Pan aya Si Aa." Ceuk Rio bari ngalieuk ka Arya.
"Uhun, keun wé ulah hariwang, Aa gé rék ijin moal damel." Walon Kang Arya.
"Mésér kanggo nyarap ké di jalan, kanggo Reza sareng Rizal." Ceuk kuring bari ngasongkeun duit.
"Aya, Téh, wios ieu baé, wengi dipasihan ku A Andi." Rio némbongkeun duit saratus rébu.
Hanca
Tidak ada komentar:
Posting Komentar