Bagean ka 3
Megat beus nu ka kotakeun teu kudu lila ngadagoan. Maké baju baseuh ogé maksa naék. Kang Arya katémbong gugupay ngudag 'na motorna. Kuring teu maliré. Haté ancur, kebek ku nalangsa.
Anjog ka terminal kuring turun, lalampahan diteruskeun kana angkot. Waktu geus burit, jam 'na HP nunjukeun angka opat. Awak asa muriang, tiris bari beresin baé. Kituna mah wajar huhujanan baju baraseuh teu diganti.
Sajajalan pikiran manteng ka nu geus karandapan poé harita. Asa percaya asa henteu. Kalan mah kuring ngarep-ngarep ieu téh ngan ukur ngimpi. Kanyataan teu bisa dipungkir, sagala kajadian tadi bener-bener karandapan ku kuring. Teu sabar kuring hayang geura nepi ka imah, hayang papanggih jeung adi, hayang ngagabrug maranéhna. Kabayang maranéhna nalangsa nempo kaayaan kuring siga kieu. Komo ngadéngé carita kuring di imah kang Arya. Kuring jadi bingung antara nyarita atawa ulah ka adi. Pangpangna mah ka Si Bungsu Rizal nu teu pernah nyaho di rupa bapa.
Sanggeus mayar angkot kuring buru-buru turun, katémbong Si Bungsu aya di peuntaseun jalan. Tayohna mah lapar siga keur meuli sangu goréng. "Tétéh...!" Pokna bari dadah. Teu kuat hayang geura ngagabung Si Bungsu, kuring leumpang gancang.
Teu kanyahoan, ti kajauhan motor laju gancang pisan. Awak kuring kabating stang motor, kaséréd kana lima méterna. Rob jalma ngariung kuring, Rizal kadéngé gegeroan. Tapi mata hésé dibeuntakeun. Harita kuring teu inget nanaon deui.
Hanca
Tidak ada komentar:
Posting Komentar