kotretaniyek
KALANGSU
Ku_Titin Wiarti
Bagean ka 9
Ukur itungan detik awak kuring geus aya 'na pangkuan Andi. Ng,aronghéap tur reuwas, inggis tigubrag.
"Tenang, tuan putri! Panangan abdi kuat lir beusi beton," pokna, nyengir.
Kang Arya ukur colohok, duka naon nu aya 'na pipikiranana.
"Kémon, Kang! Tuan Putri hoyong geura ébog, cenah!" Andi ngalieuk ka Arya nu laju miheulaan leumpang, muru muka konci.
Kuring asa kararagok, ngarasa teu énak dikitukeun ku Andi.
"Duh, Tuan Putri abot ogé, nya!" pokna bari ngarérét.
Kuring asa lewang geuwat muntang kana pundukna.
"Burukeun!" cekéng bari semu molotot.
"Ih, teu kénging galak atuh! Pan ieu ogé nuju mapah," walonna, teu weléh bari cungar-cengir.
Anjog ka imah, Kang Arya geus nyayagakeun dipan leutik deukeut tipi. Korsi diiserkeun keur diukna.
"Di dieu baé heula, istirahatna! Supados tiasa bari ningal tipi," ceuk Kang Arya bari ngabébérés sepré.
"Oke, siap!" walon Andi bari lalaunan ngagolérkeun awak kuring.
"Abot ogé tuan putri téh, Kang! Aya panginten 72 kilo satengah mah," Banyol Andi laju gegeber ku topina bari ngarérét. Kuring molotot nyemu keuheul.
"Tos tabuh sapuluh. Abdi wangsul heula, badé muru kuli. Dikantun heula, nya! Rahma sing énggal damang. Teu kénging hilap obatna dileueut, nya! Mangga Kang Arya, dikantun!" Andi amitan.
'Na lawang panto Andi ngalieuk deui, "Pami aya nanaon mah nelpon baé! Nomerna aya di Dé Rio. 'Bye' Tuan Putri. Assalamu'alaikum!"
"Waalaikumsalam!" walon kuring méh bareng jeung Kang Arya.
Kang Arya ngaléos ka dapur. Bréngbrong sada nu keur gégéroh. Tayohna mah barudak teu kaburueun pépérén heula. Manéhna mémang rapékan. Geus asa di imahna sorangan. Kang Arya ngontrak teu jauh ti imah kuring, sok mindeng indit gawé bareng.
Kuring ngalempengkeun suku, lumayan cangkeul. Kang Arya nyampeurkeun bari mawa cai nginum. "Bilih badé ngaleueut obat, ieu caina! Supados teu kedah ka dapur," pokna.
"Bapa wengi nelepon, naroskeun kaayaan Rahma. Saurna badé ka dieu dinten ayeuna." Pokna deui basa kuring nampa gelas.
Gék manéhna diuk tunjangeun.
"Wartoskeun baé, teu kedah! Badé naon ka dieu ogé."
Kuring ngabalieur.
"Rahma..., teu kénging kitu! Pasihan bapa kasempetan. Bapa palayeun nyuhunkeun dihapunten ka Rahma sareng barudak," pokna, leuleuy.
"Akang tiasa nyarios kitu margi teu ngaraoskeun kanyeri abdi. Akang ngabélaan bapa sabab akang mah dipikanyaah. Sedengkeun abdi? Adi-adi?" Kuring némbal satengah nyentak.
"Rahma...!" pok Kang Arya, nyekel dampal leungeun kuring. "Upami Akang terang kaayaanana kieu, Akang moal ngantep. Akang teu terang. Demi Alloh!" Kang Arya neuteup seukeut dibarung cumalimba.
"Pokona abdi can bisa ngahampura kana kalakuan bapa! Komo ka nu jadi pamajikanana!"
Kuring teugeug, metot leungeun tina ranggeuman Kang Arya.
Rey, beungeutna beureum. Jung, nangtung. Jekuk, jekuk, nonjokan témbok. "Gusti...! Hapunten abdi sareng sepuh abdi! Paparin abdi sadayana pituduh. Abdi teu kiat nandangan cocobi...!" cenah, ngageuri tarik. Luk, tungkul bari ngaramesan buukna.
"Akang ngaraoskeun naon ku Rahma sareng rai-rai karaos ayeuna. Namung Akang nyaah sareng moal tiasa teu nyaah ka sadayana. Paparin Akang kasempetan kanggé ngaréngsékeun pasualan ieu!"
Teu hayang némbalan. Nu karasa, hinis asa beuki ngageurihan raheut nu mingkin gudawang. Hing, kuring ngabangingik bari malikkeun awak, nonggongan.
Sabot kitu, kadéngé panto ngulutrak bareng nyaritana Rio, "Téh, ieu aya bapa-bapa naroskeun Tétéh."
Hanca
Tidak ada komentar:
Posting Komentar