Selasa, 16 Juni 2020

KALANGSU (Bagian 2)

*KALANGSU
HgTitin Wiarti
Bagean ka 2

Kuring amitan ti imah Kang Arya harita kénéh ogé. Teu nyangka sacongo buuk yén lalaki nu salila ieu jadi panyarandéan geuning aya pakaitna jeung bapa nu welasan taun ninggalkeun kuring. Teu bisa digambarkeun kuciwana haté. Nalangsa, keuheul pacampur jadi kabingung.
Kuring leumpang ngagidig mawa bangbaluh, sawangan éndah ilang ganti ku kanyeri nu lawas kakoréh deui. 

Langit angkeub, marengan haté nu asa dijejewét. Peurih lain dikieuna, inget kana katelengesan nu jadi bapa ninggalkeun kulawarga; ninggalkeun kuring jeung adi nu laleutik kénéh. Indung bajoang sorangan, sabisa-bisa nyumponan kaperluan hirup. Nepi ka dugna ninggalkeun ku alatan asma nu teu kaubaran. 

Cai hujan mimiti ragragan beuki kerep maseuhan awak, malidkeun cimata nu teu kaampeuh. Tukangeun, motor beuki ngadeukeutan, reg eureun persis hareupeun kuring. "Rahma, hayu urang ka bumi deui. Kunaon Rahma téh? ema sareng bapa ngantosan di bumi, hayu!" Kang Arya nyusul. Kuring cicing teu némbalan. "Hayu énggal, bilih lebet angin." Kang Arya metot leungeun. Kuring nurut, aya hadéna ogé kuring ngajelaskeun nu sabenerna. 

Turun tina motor, kuring dipapagkeun. Rasa nu béda keur mimiti datang nu ti heula jeung nu ayeuna. Keur mimiti mah, kuring ngarasa bagja sabab sawangan éndah nampeu hareupeun kuring. Datang nu ayeuna mah kuring lir nyanghareupan musuh. Gék kuring diuk 'na korsi tepas. Baju baraseuh teu dipaliré. Bapa jeung Indung Kang Arya mencrong. "Néng Rahma, hapunten Bapa sareng Ema bilih teu tiasa nyugemakeun. Hapunten pisan." Bapa sasadu bari ngarérét ka pamajikanana. Kuring masih ngabetem. Song Kang Arya ngasongkeun anduk, laju ditampanan. 
"Niat Arya ngajak Néng Rahma ka dieu téh badé ngenalkeun Enéng ka Bapa sareng ka Ema. Bapa sareng Ema ngaraos bagja lantaran Arya tos kenging calon anu cocog, Arya tos nyarios sagala rupina ka Bapa. Moal dilamikeun deui, Bapa jeung Ema hoyong énggal-énggal ngais incu." Bapa nyarita panjang lébar. 

Kuring neuteup ka bapa, mata kuring nu bareuh balas ceurik amprok jeung paneuteupna. "Pa, Bapa teu apal saha abdi?" Kuring nanya dareuda. Bapa ngised ngajegkeun diukna. Kang Arya jeung Indungna mencrong, kerung. 
"Bapa, leres tos teu inget ka abdi? Bapa teu inget ka Ningsih nu ku Bapa ditinggalkeun keur bureuyeung ku Si Bungsu? Abdi Rahmawati, Pa! Abdi Rahma kameumeut Bapa. Bapa ogé teu inget ka Rio, Reza, Si Bungsu Rizal. Bapa téh geuning di dieu, jeung awéwé ieu. Bapa   diarep-arep, lieuk deui- lieuk deui, ambleng."

Lir disamber guludug, Bapa, Kang Arya jeung Indungna ngahuleng. Bapa nyekel leungeun kuring, laju nangkeup. Leungit kalalakianana, bapa ceurik ngahinghing. "Hampura Bapa, geulis! Hampura.... Baruk hidep téh anak Bapa. Bapa rumasa salah." Andeprok nangkeup suku kuring, bapa ménta hampura. Kitu deui indungna kang Arya. Kuring mundur, kanyeri kuring leuwih gedé ti batan  karunya kuring harita. 
Kang Arya ngadeukeutan, ngusapan tonggong. Kuring ngépéskeun leungeunna. "Bapa leuwih nyaah ka Kang Arya ti batan anak-anak Bapa. Bapa teu apal kumaha tingkocéakna anak Bapa ngageroan Bapa, teu apal capéna biwir Ema ngabébénjokeun. Iraha Bapa uih, geuning Bapa can uih, nepikeun  maranéhna bosen teu nanyakeun deui Bapa. Sanajan harita abdi can hideng, tapi abdi bisa ngarasakeun kumaha peurihna haté Ema. Nepi ka cimata Ema garing teu bisa ceurik deui."

 Cimata lir cileuncang. Bapa andeprok kénéh, nyekelan suku kuring, ngahinghing mudalkeun hanjelu nu hamo bisa kaubaran. 
"Lima taun ti Bapa teu mulang, Ema gering parna nepika hanteuna, abdi opatan tingkocéak. Mindeng nahan lapar mélaan adi. Bapa mah teu inget saeutik-eutik acan. Kanyeri abdi moal bisa kaubaran." 

Kuring indit niat mulang, norobos gebrétna hujan. Satengah lumpat kuring muru jalan gedé, megat beus nu ka Bandungkeun

Hanca

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Besi dan Karat

Besi merupakan salah satu benda yang paling kuat di muka bumi ini. Namun tidak berarti kuat itu tidak terkalahkan. Besi ternyata kalah oleh ...