kotretaniyek
K A L A N G S U
Yasana : Titin Wiarti
Bagian ka-12
Bapa amitan rék mulang. Bangun nu lungsé, ngoloyong ka luar. Rizal geuwat lumpat ngudag bapa, dituturkeun ku Reza. Duanana muntangan leungeunna. "Bapa badé ka mana? Piraku badé ngantunkeun deui?" Rizal cumalimba.
Reza nangkeup cangkéng bapa, "Ulah teuing mulih, Pa! Ngawengi baé di dieu," pokna. Bapa nangkeup nu duaan, dibarung ku ngembeng cimata. "Wayahna! Sanés teu sono. Iraha-iraha, Bapa ka dieu deui. Bapa jangji," pokna bari nyiuman tarang Reza laju ka Rizal.
Rio nyampeurkeun bari neuteup ka bapa. Laju ngaléng taktak Rizal, "Ka lebet, yu. Karunya Tétéh nyalira," pokna, satengah maksa.
Rizal nurut, leumpang semu diséréd bari sirah mah marieus ka Bapa. Reza ogé sarua. Rasa sonona teu mikeun mun bapa balik. Pikirna mah hayang ngumpul gumulung, nyacapkeun kasono.
Bapa leumpang gancang muru ka jalan gedé, ngadagoan pamajikanana hareupeun gang. Ti dinya mah laju indit, balik ka Garut mawa rasa nu teu puguh rasakeuneunana.
Wanci nyedek ka peuting. Réngsé solat magrib, sakumaha biasana, kuring mingpin ngaji. Ngiriman hadiah ka indung nu geus lila ninggalkeun alam dunya. Teu petot, kuring mapagahan ka kabéh adi sangkan ulah poho ngiriman dunga saban réngsé sholat.
Kuring diuk 'na dipan, maranéhna dariuk sila 'na amparan samak. Aya nu béda dina sikep Rizal; pameunteuna alum, teu cara sasarina nu biasa océs ngaheureuyan lanceukna. Ayeuna mah jadi lungguh.
"Rizal, dieu, Kasép!" cekéng, ngagupayan.
Rizal ngan ukur ngalieuk, nu saterusna ngeluk deui, nyumputkeun pasemon. Ukur bisa ngarénghap jero, surti kana naon anu keur karandapan ku Rizal nu bubuhan umurna kakara 13 taun, kacék dua taun jeung Reza nu ngalincak 15 taun.
"Rizal aya PR, henteu?" talék kuring, nyalénggorkeun omongan sangkan manéhna teu kaingetan waé ku bapa.
Dijawab ku godeg bari angger tungkul.
"Tétéh, naha bapa téh bet mulih deui? Manawi téh badé ngawengi," omong Rizal bari mencrong seukeut.
"Kasép geuning bapa téh, nya? Rizal mah nembé terang. Mirip A Rio." Pokna deui, laju ngalieuk ka Rio. Nu dilieuk seuri maur.
Reza ogé bangun nu panasaran, manéhna pok nanya, "Téh, ari bapa téh naha sareng ibuna Kang Arya? Reza mah asa teu ngartos. Naha bapa nikah sareng ibuna Kang Arya?" cenah, mencrong kuring ngadagoan pedaran nu sabenerna.
"Rizal, Reza, Tétéh téh can ngobrol ka hidep. Basa Tétéh kamari ka bumina Kang Arya, Tétéh gé teu nyangka yén bapana Kang Arya téh bapa urang...," kuring nyarita dumareuda. Aya nu nyelek dina tikoro, beurat rék cumarita.
"Berarti, kang Arya? Lanceuk urang?" Reza motong omongan kuring.
"Lanceuk sampeuran," walon kuring tatag.
"Tétéh wangsul nyalira basa apal Kang Arya aya hubunganana sareng bapa, Tétéh numpak beus. Pas anjog ka gang, Tétéh ningal Rizal. Teu sabar hoyong énggal nangkeup hidep, Tétéh lumpat. Teu katingal, aya motor mengpeng tarik pisan. Ahirna Tétéh katabrak."
"Kutan bapa téh bapana Kang Arya ogé?" Rizal bangun teu percaya. Kuring unggeuk. "Atuh geuning Kang Arya teu pernah wawartos?" pokna deui.
"Apan Kang Arya ogé teu uningaeun." Walon kuring.
"Rizal hayang ka bapa," cumalimba. Awak asa ngoléang, teu nyangka Rizal bakal nyarita kitu.
"Keun baé bapa mah tos gaduheun deui nu sanés." Kuring ngabalieur, nahan cimata sangkan teu murag.
"Pokona Rizal rék nyusul bapa!" Kuniang hudang, jiringking Rizal satengah lumpat kaluar ti imah.
"Rio, énggal susul!" Kuring teu bisa kukumaha lian ti nyeungceurikan Rizal.
Hanca
Tidak ada komentar:
Posting Komentar