Rabu, 17 Juni 2020

KALANGSU (Bagian 8)

kotretaniyek
KALANGSU
Ku Titin Wiarti
Bagean ka 8

Panonpoé moncorong asup tina sela-sela hordéng jandéla kamar nu can kabuka kabéh. Sora roda nu didorong, taloktak sapatu nu leumpang rusuh, jadi tanda yén geus mimiti sibuk ku tugas séwang-séwangan. Kuring ngadagoan dokter nu rék mariksa. Ngadunga muga-muga bisa mulang poé ieu. Sanajan aya nu tanggung jawab, kuring leuwih milih berobat di imah, barinjan ku adi. Petugas datang mawa sangu tim jeung angeun hérang jang sarapan, kuring ngan dahar sahuap tamba kosong teuing beuteung. Teu nyari abong kadaharan nu gering kalah sarebel nu aya. Kang Arya datang mawa roti jeung téh manis meunang meuli ti hareup. 
"Emam heula rotina." Manéhna ngasongkeun roti nu meunang mesék. 
"Nuhun, atos." Ceuk kuring pungkes.
Kang Arya ngarénghap jero bari ngésotkeun roti kana luhur méja gigireun.
Léos manéhna ka luar, teu lila geus asup deui jeung dokter. 
"Pagi, Mbak!" Ceuk dokter, soméah.
"Pagi, dok!" 
"Sebentar saya periksa dulu lukanya," pokna.

"Assalamu'alaikum," Andi norojol, asup ka rohangan, nyaksian kuring nu keur dipariksa. 
"Gimana lukanya? Udah mendingan, kan?" Andi nanya ka dokter. 
"Saya minta obat yang paling bagus biar cepet sembuh," pokna deui. 
"Lukanya udah kering, lututnya juga sudah pada posisinya. Tinggal pemulihan."
"Bisa pulang sekarang?" Kuring nanya. 
"Bisa, ini resép obatnya. Besok kalau obatnya sudah habis, Mbak ke sini buat periksa lagi. Saya tinggal dulu. Semoga lekas sembuh, ya!" Dokter kaluar dituturkeun ku Andi sakalian rék nebus obat. 

Kang Arya mérésan kantong babawaan kuring, ngalem ku sabarna ngaulaan sanajan dibaeudan. 'Anjeun teu salah nanaon sabenerna mah, Anjeun nu sok méré sumanget sangkan kuring tetep sabar, teger nyanghareupan pahitna kahirupan.' 
Kuring neuteup tonggongna tempat kuring nyarandé mangsa kuring ngarasa capé ku kasusah. 
'Anjeun nu satia marengan méré kakuatan nalika kuring ngarasa rapuh, nepi ka bisa ajeg, kuat jadi tuturus adi-adi kuring' 
Sakeclak cimata maksa kaluar, gancang disusut. Teu pernah kabayang kuring sanggup keuheul ka manéhna nu mikanyaah lain ukur ka kuring tapi ogé ka adi-adi nu teu ngarasakeun kanyah bapana.
'Tapi kuring teu bisa ngahampura, Anjeun jeung indung Anjeun nu ngarebut kanyaah bapa. Teu kaitung lobana cimata nu geus dikorbankeun. Ya Robbi.... Abdi sadar ieu sadaya rencana Gusti. Pasihan abdi pituduh, pasihan abi kasabaran.' 

 Kang Arya nyampeurkeun, tayohna mah ngadéngé ingsreuk kuring nu teu katahan. Gancang kuring nyusutan cimata. 
"Akang ngartos naon anu ku Rahma pikirkeun. Akang ménta hampura, sadayana di luar nalar Akang. Saha nu hoyong kajadianana saperti kieu. Akang moal ninggalkeun Rahma sareng Rio, Reza, Rizal sakumaha keuheulna Rahma ka Akang. Akang nampi kakeuheul Rahma,  Akang rido." Kang Arya dareuda. 

Jempling, anteng jeung pikiran séwang-séwangan. Nepi ka ampir teu sadar Andi nyampeurkeun bari ngadorong korsi roda. 
"Hello, pagi-pagi ngaharuleng. Jadi pulang ga?" Pokna ngabuyarkeun lamunan. 
Najan kakara wawuh tapi kuring ngarasa nyaman. Sikepna nu soméah teu matak karagok. 
"Jadi atuh, tos teu sabar hoyong énggal ka rorompok." Walon kuring. 
"Akang milari heula taksi atuh, nya!" Kang Arya ngaléos.
"Teu kedah, abdi nyandak mobil. Nganggo mobil abdi baé. Sakantenan abdi badé jajap hoyong terang bumina palih mana." Ceuk Andi. 

Kuring ngised, ngagésér rék turun kana korsi roda. Kang Arya gancang mantuan, ngadeukeutkeun korsi nyekelan leungeun kuring. Andi merenahkeun suku kuring nu heuras teu bisa direngkuhkeun. 
"Tuan putri, badé ku saha didorongna?" Ceuk Andi bari cengar-cengir. Kuring kagugu ku sikepna.
"Akang nyandak kantong baé," ceuk Kang Arya bari ngajingjing kantong kuring, kantong nu manéhna digandong. 

Andi ngadorong bari norowéco. 
"Abdi wengi milari ruangan Rahma, saur petugas Rahma di ruang melati 2, abdi rurusuhan lebet ka ruang Melati 11, éhhh eusina nini-nini wungkul." Andi nyarita bari seuri. Kuring mésem. 

Nepi ka parkiran, Andi mukakeun panto mobil. Kang Arya nuyun mantuan kuring, merenahkeun kantong di jok tukang. 
"Rahma sareng Andi, nya! Akang pan nyandak motor."  Ceuk Kang Arya.
Kuring nurut baé kumah diaturna. Nu penting mah nepi ka imah. Kuring unggeuk. 

Nepi ka jalan, patalimarga geus ramé. Motor, angkot katut beus siga nu paheula-heula. 
"Rahma, hapunten abdi, nya! Gara-gara abdi ngebut, Rahma jadi kieu." Andi muka carita. 
"Abdi jangji moal ngebut-ngebut deui." Pokna deui bari ngacungkeun dua ramona.
"Harita téh abdi nuju di padamelan, ditelepon ku punbiang nyebatkeun teu raraos. Abdi langsung baé wangsul. Rurusuhan da hariwang téa. Dihapunten, teu?" Andi ngalieuk.
"Dihapunten pisan." Ceuk kuring bari teuteup mah angger ka jalan.
"Nuhun, nya!" Pokna atoh. 

Deukeut gang, Kang Arya geus ngadagoan. Andi ngeureunkeun mobilna. 
"Tebih teu ka lebetna?" Andi nanya.
"Lumayan." Ceuk kuring. 
Andi turun, mangmukakeun panto. 
Arya nyampeurkeun, "Kiat teu mapahna? Ku Akang dituyun." 
"Wios ku abdi baé, Kang!" Ceuk Andi bari regeyeng mangku kuring bangun nu hampangeun, disaksian ku Kang Arya nu colohok.

Hanca

Kumaha kisah cinta Rahma salajengna? antos di kalangsu nu salajengna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Besi dan Karat

Besi merupakan salah satu benda yang paling kuat di muka bumi ini. Namun tidak berarti kuat itu tidak terkalahkan. Besi ternyata kalah oleh ...