KALANGSU
Ku: Titin Wiarti
Bagean ka 41
Neuteup eunteung satangtung nu aya hareupeun. Nyaan boro-boro batur dalah kuring sorangan gé kalinglap nempo kalangkang diri. Ngalem kana kaparigelan Bu Aminah, teu éléh ku 'desainer' kahot. Kembang jeung rénda nu mapaésan gaun nyari pisan katempona, nyerep kana diri, ngajadikeun kuring asa leuwih cahayaan.
Andi nangkeup harigu, neuteup teu ngiceup-ngiceup, imutna teu lesot tina biwirna. Bu Aminah nyampeurkeun, ngomékeun beulah tukangna, dibebener, bari teu eureun-eureun muji kageulisan kuring.
Karérét Andi nyabut kembang palastik tina pot. Manéhna nyampeurkeun laju sideku hareupeun, song kembang diasongkeun, "Tuan Putri, maukah kau jadi permaisuriku?" pokna bari sura-seuri.
Kuring teu maliré, anteng ngobrol jeung Bu Aminah.
"Tuan Putri...." Manéhna Noél.
Andi ngaléos ngasupkeun deui kembang kana wadahna, kaciri pameunteuna kuciwa nu dijieun-jieun. Diuk na bangku panjang bari anteng noélan HP.
"Mah tos tuang teu acan? Andi mah lapar."
"Teu acan, mésér atuh jig. Candak wé ka dieu urang ngariung."
"Muhun, atuh!"
Andi indit, kuring ngaganti baju. Hareudang geuning sakeudeung ogé.
"Alhamdulillah cocog pisan sareng néng Rahma acukna," ceuk Bu Aminah bari méréskeun deui gaun dipakékeun kana bonéka.
"Muhun, Ibu tiasaan."
"Resep wé, Néng, Ibu mah. Karesel di rorompok ogé."
"Anu di bumi ogé kénging Ibu?" kuring nanyakeun baju nu di kamar Andi.
"Muhun, éta téh Ibu ngawitan diajar sareng Si Jenat." Bu Aminah ngarahuh, katémbong bangun nu nalangsa. Kuring ngusapan tonggongna.
"Néng, Ibu mah miharep Néng Rahma kersa janten réncang Andi. Boh Andi boh Ibu ngaraos kaubaran ku ayana Enéng téh. Mémang bénten sareng Si Jenat, tapi ku kasoléhan Néng Rahma Ibu asa kaubaran. Andi ogé sumanget deui. Néng mah teu uninga basa Andi udur lantaran dikantunkeun ku Kinan. Ibu mah tos teu gaduh harepan Andi tiasa sapertos ayeuna deui. Alhamdulillah, ti kawit wanoh sareng Néng, Andi katingal bérag deui. Insya Allah Andi mah moal nguciwakeun." Bu Aminah nyarita panjang lébar. Gedé pisan harepan Bu Aminah nu dibikeun ka kuring. Leungeunna teu eureun ngusapan, deudeuhna lain pupulasan, karasa pisan matak tingtrim kana haté.
Kuring unggeuk tanda nyatujuan, Bu Aminah nangkeup, cisocana karasa haneut maseuhan taktak. "Nuhun, geulis!" pokna dareuda.
Andi datang, "Aya naon ieu ibu-ibu berpelukan? Ngiringan atuh!" ceuk Andi bari ngésotkeun babawaanana. Bu Aminah imut bari nyusutan cipanon.
"Moal dilamikeun deui, Néng. Ibu mah hoyong saénggalna supados jongjon."
Andi mencrong ka Bu Aminah, "Naon téa ieu téh?" ceuk Andi panasaraneun.
"Hidep sareng Néng Rahma."
"Nu leres?" Andi teu bisa nyumputkeun kabungahna.
Bu Aminah unggeuk rét ka kuring nu tungkul kaéraan.
**
Kocapkeun Arya nu kakara hudang tina geringna, soson-soson digawé; nuluykeun hanca saméméh manéhna brek gering nu sakitu lilana. Sumanget nu dibikeun ku Nisa mangaruhan pisan kana jiwana.
Duka cinta duka naon nu puguhna mah tékad Arya ayeuna hayang ngabagjakeun awéwé nu geus nulungan manéhna tina geringna.
Kebon jagong geus kaala hasilna, aya nu ngabajong ti kota. Kitu deui sayuranana, aya nu meuli mahal sabab kualitasna alus. Sakeudeung deui Nisa lulus, madrasah geus bérés dibebenah sangkan pikabetaheun. Barudak ogé sumanget dialajarna.
"Jang Arya, bantuan mapatahan barudak atuh salsé mah ari pasosoré téh," ceuk Ustadz Jéjén nyarita dina hiji poé.
"Ah teu tiasa abdi mah, Kang! Kanggo saabdieun ogé abdi mah kirang ka ditu-ka dieu. Bilih lepat," walon Arya.
"Pan bari diajar, aya bukuna, jaba dibarengan ieuh ku abdi."
Pasosoréna Arya saged, nyarita ka Enah yén manéhna diajak mapatahan barudak di madrasah. Bungah nu aya pikeun Enah jeung Wira. Itung-itung ngeusian waktu luang, tibatan paké ngadaweung teu puguh.
Sapoé dua poé mah karasa karagok, aya éra sanajan nyanghareupan budak ogé. Tapi lila-lila mah jadi biasa. Kang Ustadz reueus, bungah ngarasa kabantuan, atuh barudak ogé resepeun diajar ku Arya.
Bubar isa Arya mulang, leumpang pairing-iring jeung bapana. Beuteung geus karasa kukurubukan. Datang ka imah tuluy wé ngalimed dahar saaya-aya.
Enah jeung Wira anteng lalajo tipi. Arya mah ngadaweung di luar, neuteup bulan nu sabeulah deui mah katutupan méga. Pikiran manteng ka Nisa, aya rasa sono nu minuhan dadana. Arya inget kana bageurna, sholéhahna, imut katut sagala rupana. Tring HP 'na jero pésakna disada.
[Assalamu'alaikum, Kang Arya. Insyaallah dua dinten deui abdi wangsul.]
Teu waka dibalesan. HP dikekewek, kasonona tembus ka Nisa.
[Waalaikumsalam, alhamdulillah. Akang ngantosan.]
Hanca
Tidak ada komentar:
Posting Komentar