K A L A N G S U
Yasana : Titin Wiarti
Bagian ka-19
Jarum jam nunjukeun angka 9 basa bapa kaayaan 'kritis'. Kuring masih nyekelan leungeun bapa. "Rio, ajak Reza sareng Rizal ka musholla. Ngaraos Yasin," kuring ngajurungkeun barudak.
Di rohangan, Andi satia tukangeun, "Sabar, Alloh gaduh rencana nu saé," pokna bari ngusap tonggong kuring. Teu sanggup ngomong nanaon, kuring ngusapan dampal leungeun bapa.
Teu lila kang Arya datang jeung dokter, masangkeun sarupaning alat kana awak bapa, keteg jajantungna dipariksa. Sangeus sababaraha menit, monitor disada deui cenat-cenit. Garisna naék turun cirining jantungna geus jalan deui. "Alhamdulillah!" kuring méh bareng saréréa muji syukur ka Alloh.
"Masa 'kritisnya' sudah lewat. Biar dia istirahat dulu, emosinya harus dikontrol," ceuk dokter.
Bapa ditinggalkeun dirohangan jeung indung Kang Arya. Kuring dariuk 'na korsi hareupeun rohangan, jeung Andi, ogé Kang Arya.
"Tos lami bapa teu damangna?" Andi nanya.
"Tos tilu taun," Kang Arya rumahuh.
"Panyawatna naon?"
"Jantung, kedahna mah dioprasi. Tapi bapana teu kersaeun. Ayeuna salami tilu taun téh berobat jalan wé."
Kuring milu ngadéngékeun caritaan Kang Arya bubuhan kuring ogé can apal.
Andi rut-rét ka kuring jeung Kang Arya, kuring ngarti naon anu aya 'na pikiranana, Kang Arya leuwih apal kaayaan bapa batan kuring.
"Téh, kumaha bapa?" Rizal nu kakara datang ti mushola nanyakeun kaayaan bapa.
"Alhamdulillah tos sadar," walon kuring. Gancang Rizal nyampeurkeun, rék asup ka rohangan.
"Teu kénging waka diganggu, sina istirahat heula," cekéng. Antukna kuring genepan ngariung di luar.
***
"Tuan putri énjing kumaha? badé ngiring mulih sareng abdi?" Andi neuteup.
"Abdi moal tiasa lami, nuju seueur padamelan di kantor," pokna deui. Kuring ngahuleng mikiran pipetaeun. Barudak kudu sakola, tapi melang ogé ka bapa. Kang Arya bangun nu surti pok nyarita, "Rahma mulih baé sareng Andi. Barudak pan kedah sakola. Wios Akang nu nungguan bapa di dieu."
Kuring neuteup Kang Arya, teuteupna iuh matak tenang kana haté. Kuring ngabalieur, mapaliaskeun rasa nu kungsi rongkah. "Muhun atuh, abdi wangsul baé sareng Andi. Badé jam sabaraha angkatna?"
"Subuh wé, abdi muru damel énjing-énjing," ceuk Andi.
Kuring gegentén ngilikan bapa, rénghapna geus normal deui. Tapi panon mah angger peureum kénéh. Gék kuring 'na korsi gigireun bapa. "Pa! Ieu Rahma," kuring dareuda.
Nyah beunta lalaunan, gular-giler niténan sabudeureun. "Rahma...! Hampura bapa...!" sorana méh teu kadéngé. Cipanonna ngamalir. Kuring ngaranggeum pageuh ramo leungeunna, unggeuk. Teu wasa nyarita nanaon. Sora ngadadak leungit kalindih ku piceurikeun nu mendet 'na tikoro. Bari ngusapan tonggong leungeunna, kuring neuteup pameunteuna.
"Istirahatkeun, Rahma ngantosan di luar," cekéng. Bapa unggeuk, laju peuruem deui.
Di luar Andi keur guntreng jeung Kang Arya. Andi diuk 'na korsi panjang, Kang Arya nangtung gigireunna, neuteup langit nu mongkléng. Nempo kuring ka luar, duanana curinghak. Andi ngised méré lahan keur diuk.
"Kumaha bapana?" ceuk Andi.
"Kulem," cekéng.
"Sok atuh Rahma ogé kulem, énjing béh teu puyeng."
"Muhun ke sakedap deui, ka mana barudak?"
"Dina mobil, ku abdi piwarang istirahat."
Kang Arya asup ka rohangan, nyebut rék ngaplus indungna, bisi tunduheun.
Kuring ngagolér 'na korsi dianggelan ku kantong leutik. Andi masih ngorék HPna, nyebut keur ngabéjaan Bu Aminah. Angin peuting nyelecep tiis. Kuring nangkeup harigu ngahaneutan awak nu mingkin tiris. Andi ngarérét, manéhna ngudar jékétna laju dirungkupkeun kana awak kuring. "Wios teu kedah," ceuk kuring bari ngasongkeun deui jékétna.
"Anggo, bilih lebet angin. Abdi mah aya hiji deui 'na mobil," pokna.
***
Adan subuh ti musholla rumah sakit atra pisan. Kuring ngulisik, Andi masih candukul gigireun kuring. Peureum, nangkeup harigu. Bohong geuning nyebut rék nyokot jékét tina mobil téh. Manéhna ukur maké kaos pondok.
"Tos adan subuh," kuring noél. Manehna gigisik, nempo jam dina geulang leungeunna.
"Aeh muhun, tuan putri tos ti tadi gugah?"
"Nembé."
"Sauran barudak, urang subuh heula, teras angkat."
"Muhun, abdi ka lebet heula nepangan bapa." Kuring ngoloyong ka rohangan. Ngajanteng 'na lawang panto, Kang Arya candukul bari maca Yasin. Leungeunna teu eureun ngusapan bapa.
"Wengi bapa gugah teu?" kuring nanya Kang Arya.
"Gugah jam dua palayeun eueut," walonna bari ngésotkeun Yasin luhureun méja.
"Abdi badé wangsul, bapa wartosan ulah?" cekéng.
"Tos diwartosan ku Akang wengi, saurna mangga badé mulih mah."
Bapa masih ngageubra, kuring teu wasa ngahudangkeun. Gap kuring kana leungeun katuhuna, kuring nyium leungeunna, 'sing énggal damang, Pa!'
Kuring ngaléos ninggalkeun paneuteup kang Arya.
Sangeus saréréa amitan, jam 5 kuring mulang ka Bandung. Kuring diuk di hareup jeung Andi. Rizal katémbong alum, kuring surti manéhna beurat ninggalkeun bapa.
"Iraha-iraha urang ka Garut deui ngalongok bapa," cekéng ngarerema.
Hanca
Tidak ada komentar:
Posting Komentar