K A L A N G S U
Yasana : Titin Wiarti
Bagian ka-31
Ilaharna di lembur, isuk-isuk geus saringkil; nu ka sawah, nu ka kebon, nu ukur ngadaweung 'na golodog ogé aya ngadon ngadu bako.
"Kopi, bapana!" Enah ngasongkeun gelas cikopi, paromanana alum. Gék gigireun salakina. Enah mikiran kajadian peuting tadi. Nalangsa ogé nempo anakna siga kitu.
"Arya geuning can témbong hudang?" ceuk Enah bari ngalengoan ka tengah imah.
"Carapéeun meureun, keun baé antep. Biasana pan tas Subuh sok saré deui."
Enah panasaran, manéhna ngilikan Arya ka kamerna, "Arya, geura mumuluk," ceuk Enah bari nyurungkeun panto kamer nu teu dikonci. Bray panto muka, gebeg! Enah asa lebur pangacian. Arya ngajentul kénéh di popojok, nangkeup tuur bari diharudum sarung; buuk acak-acakan, mata peureum tapi biwir ngagerendeng, "Akang hampura...!" pokna bari unggut-unggutan. Awakna ngadégdég bangun nu tiris.
"Pa! Kadieu. Ieu geuning Arya kieu!" Enah ngageroan salakina.
"Astaghfirullaahaladzim, Arya!" ceuk Wira.
"Bapa, kumaha ieu?" Enah rawah-riwih ceurik bari jeung reuwas. Wira ngaguyah-guyah Arya, "Arya, istighfar! Sing éling Jang!" pokna. Arya teu génjek, angger candukul bari ngagerendeng.
"Ti soré meureun kieu, Pa, deudeuh teuing anaking," Enah ngusapan buuk anakna nu acak-acakan.
Arya dipaksa pindah kana risbang, awakna mingkin ngadégdég. Morongkol bari jeung panon mah peureum. Bingung kudu kumaha peta, Enah garo singsat. Gék Enah 'na sisi risbang
"Arya..., sing éling kasép, ieu Ema!" Enah ngusapan bari cipanon mah teu kaampeuh. "Gara-gara Ema hidep jadi kieu, hampura Jang!" Enah ngageri kanyenyerian, ngarasa kaduhung kana naon nu geus dipilampahna sababara waktu nu kalarung.
Leungeun jeung suku Arya cebrék, awakna masih ngahodhod. Enah nyimbutan Arya bari ngalugaykeun leungeun jeung sukuna nu morongkol. Wira ngawadahan cai panas kana botol laju di usap-usapekun kana suku Arya.
"Bapa rék ka Jang Ajengan heula," ceuk Wira bari rurusuhan indit.
Enah hayuh ngusapan anakna, teu nyangka bakal ngalaman siga kieu. Kanyerina ngalantarankeun Arya peunggas harepan.
Teu lila Wira geus datang deui jeung Ajengan Jéjén, malah mah Nisa ogé milu.
"Kunaon ieu téh, Jang Arya?" Ustadz Jéjén nyekel leungeun Arya. Barabat Enah nyaritakeun kajadian nu tumiba ka anakna ti mimiti kamari aya Rahma nepi ka tadi peuting, katangén tadi isuk geus kitu. Ustadz Jéjén gogodeg.
"Deudeuh teuing! Katresna hidep geus ngajadikeun hidep kapoékan. Sing éling, Jang! Istighfar anggur mah. Sing inget kacinta urang ka sasama ulah sampé ngaluhuran kacinta urang ka nu nyiptakeun urang. Pasrahkeun sagala rupana ka Alloh. Manusa mah ukur boga kahayang, anging Alloh nu nangtukeun. Munajat ka Gusti; ménta pituduh, ménta dicaangkeun haté hidep, moal aya tungtungna ngagugulung baé kanalangsa mah."
Panjang lébar Ustadz Jéjén mapatahan, dibarengan jeung ingsreuk saréréa nu aya di dinya.
Nyah beunta, Arya rarat-rétét. Niténan ka sakabéh nu aya di dinya. Panonna beueus. Gurat kanalangsana mapaésan pameunteuna.
"Leueutan heula." Nisa ngasongkeun gelas téh manis, ditampanan ku Enah. Arya cengkat, ngalegik nginum méh érép saparona. Awakna geus kahaneutan, teu ngadégdég teuing siga tadi.
"Kang Arya, tuang, nya!" ceuk Nisa. Arya teu némbalan, paneuteupna jauh.
"Kaleresan abdi ngadamel bubur kanggo pun biang, ngabantun ka dieu sakedik, mangga." Nisa ngasongkeun bubur ka Arya. Teu ngarérét-rétét acan, Arya anteng neuteup lalangit.
"Kang Arya kedah damang, supados tiasa nepangan Téh Rahma." Nisa nyarita nu teu disangka-sangka ku saréréa. Arya ngalieuk, neuteup Nisa nu keur sideku gigireunana. Song ngasongkeun bubur saséndok.
"Rahma?" pokna.
Nisa unggeuk bari nahan cimata nu méh-méhan murag. Aya nu nyelekit nalika Arya nyebut ngaran Rahma.
Arya calangap, daék dihuapan bubur.
Hanca
Tidak ada komentar:
Posting Komentar