kotretaniyek
K A L A N G S U
Yasana : Titin Wiarti
Bagian ka-27
Aya rindat nu béda, basa teu kahaja, Arya ngarérét ka Nisa. Najan nyamuni dina imutna nu lungguh, liuh teuteupna bangun nu ditirukkeun kana lelembutanana. Komo basa tepung deui di madrasah mangsa tas sholat Isa berjamaah, atra pisan aya nu dipentangkeun tina imutna.
Sapeupeuting Arya neger-neger manéh sangkan teu ambon sorangan. Tapi da keukeuh, ruruhit asih nu kungsi ngait basa tadi beurang nyésakeun seseblakan nu tan katahan.
"Hoyah, ngalamun!"
Teu kanyahoan, Réza ngagareuwahkeun.
Gebeg! Rét. Sakedapan mah teu bisa nyoara. Dina panempona, aya paroman Rahma nu nganaha-naha, nyalahkeun Arya tina sorot mata Réza.
"Ku naon, A? Sapertos nu ningal naon ka Réza téh."
"Éh, henteu. Asa kasép pisan rai Aa téh, ari wengi mah," walonna, nyalénggorkeun.
"Ngélég, ah, Aa mah. Aya katingal kasép nuju reyem-reyem," omong Réza bari ngaléos. Teu poho ngarérét heula kana eunteung nu ngagantung dina témbok, ngusap jambul ku ramona.
Saléosna Réza, paroman Nisa jadi kasilih ku Rahma. Sérédét. Jeletit, aya nu nyeuit tarik. Teu karasa, cimatana ngalémbéréh teu kaampeuh.
"Rahma... pupujaning ati... Tulungan Akang! Kedah naon nu dilakukeun supados tiasa hilap ka salira? Naha bet nitipkeun kolébat ka Réza. Teu cara sasarina."
Gap, kana hp. Teu hésé néangan nomer Rahma. Tapi, dumadakan ramona bet ujug-ujug bangun nu beurat, hésé diutekkeun, noélan hurup pikeun nulis 'pesan' ka bébéné haténa.
"Akang sono!" 'pesan' bisa ditulis najan sababaraha kali kudu diropéa, tinggal kirim. Tapi keukeuh ramo karasa beurat.
"Rahma, Akang sono!"
Kudupruk nyuuh kana bantal, HP dicepeng tipepereket.
"Gusti...! Hapunten abdi...! Paparin abdi pituduh kanggé ngungkulan masalah ieu. Rumaos teu daya teu upaya, ukur gaduh tresna nu ngabebela ka Rahma," jerit atina, hayang dikedalkeun satakerna, mun teu éra mah ku nu keur ngariung di tengah imah.
Kling, tanggara aya WA asup. Najan teu purun, teu burung dipaliré. Aya 'pesan' ti Nisa.
[Assalamu'alaikum]
Arya neuteup layar HP, semu ngadarégdég Arya ngajawab,
[Waalaikumsalam]
[Hapunten wengi-wengi ngawagel, A]
[Teu sawios, Nis. Aya pikersaeun naon?]
[Saur bapa, énjing damel deui. Sakantenan ngalereskeun di lebet madrasah, meungpeung nuju lalibur murangkalihna.]
[Muhun, insyaallah pami teu aya wagelan.]
[Hatur nuhun, Kang Arya. Wilujeng leleson. Assalamu'alaikum!]
[Sami-sami, Rahma. Waalaikumsalam!]
[Rahma?]
[Punten lepat ngetik, Nisa maksad téh.]
[Oh!]
"Astagfirullah!" Arya ngusap beungeut, diuk 'na biwir dipan. Luk, tungkul. Dua leungeunna ngaramesan buuk. Jung nangtung, neuteup seukeut kana eunteung. "Arya! Manéh kudu sadar. Kanyaah manéh ka Rahma teu mungkin ngahiji. Rahma murka! Moal bisa narima manéh!"
Arya ngabeubeutkeun manéh kana kasur. Blak nangkarak, bluk nangkuban. Guling gasahan, sasambat ka Rahma dina bathinna, nepi ka saréna.
Hanca
Tidak ada komentar:
Posting Komentar