K A L A N G S U
Yasana : Titin Wiarti
Bagian ka-32
Arya bener-bener kabungbulengan ku Rahma, ucap-ucapanana iwal Rahma jeung Rahma. Sapopoéna ukur ngerem manéh di kamer, mopoék. Embung panggih jeung sasaha. Enah bingung pikeun pilampaheun. Dahar diasongkeun ka kamer, kalan mah teu ditoél-toél acan.
Pelak jagong hanca Arya geus mimiti karembangan. Hanjakal Arya teu daék deui ngilik-ngilik. Padahal tiheula manéhna nu sakitu geténna, indit isuk balik burit. Ayeuna Wira nu ngagenténan ka kebon, sanajan awakna teu jagjag pisan; maksakeun nyaah ka modal jeung tanaga nu geus dikorbankeun ku Arya.
Kanyaah Wira ka Arya geus teu asa ka anak téré, wening tina ati sanubarina. Pon kitu deui Wira ngarasakeun kanyaah Arya, karasa pisan salila manéhna gering. Nempo tangkal jagong nu sakitu montokna, haté Wira ngaleketey. Ras inget ka nu melakna, nu keur nandangan tunggara.
Enah jadi mindeng ngahuleng, nalangsa mikiran nasib anak hiji-hijina. Teu nyangka bakal kieu jadina. Rahma teu dibéré nyaho kaayaan Arya ayeuna. Lian ti sieun ngaganggu pikiran Rahma, Enah ogé ngarasa éra komo apal Rahma sakitu ngéwaeunana ka manéhna.
Jam sapuluh isuk-isuk Enah ngalengo ka jero kamer, Arya keur ngaringkuk nonggongan. Hordéng jeung jandéla narutup. Sangu nu diasongkeun tadi isuk kitu kénéh 'na luhur méja, deungeunna geus digulung sireum.
"Arya, Hudang kasép. Ulah kieu baé." Enah dareuda, ngusapan buuk Arya nu acak-acakan. "Geura eusian peujit, ti isuk can nginum-nginum acan." Song Enah ngasongkeun gelas cai nginum. Arya teu ngarérét-rérét acan, anteng neuteup jandéla nu katutupan hordéng. Caangna harepan katutupan lalangsé nu hamo bisa disingraykeun. Geus euweuh harepan pikeun Arya, bagja manéhna ukur sawangan. Euweuh harepan nanaon deui na diri Arya, sagala rupa jadi percumah. Hirup ngan ukur digulung tunggara. Poék, euweuh cahya harepan saeutik ogé.
Enah nginghak gigireun Arya. Kahayangna ngan hiji, Arya cageur sabihari deui. Manéhna teu sanggup kudu nyaksian Arya terus-terusan siga kieu. Paribasana mending kénéh ngubaran raheut tibatan ngubaran nu nyeri haté.
***
Rahma jadi leuwih sibuk, Andi mercayakeun pagawéan kantorna ka Rahma. Pokna téh ngahaja béh biasa engkéna. Andi mindeng gogodeg nyaksian kaparigelan Rahma, teu salah manéhna ngangkat Rahma jadi sekertarisna.
Saperti biasana, isuk-isuk Andi geus nyampeur. Rahma rurusuhan maké sapatu ogé bari leumpang.
"Abdi kasiangan, duh!" pokna bari gancang asup kana mobil.
"Kulem tabuh sabaraha kitu?" Andi mencrong.
"Satengah duabelas. Ngaréngsékeun ieu berkas kanggo Pa Handoko. Saurna énjing kénéh kedah tos dipasihkeun." Rahma ngasongkeun map.
"Abdi ogé ngaréngsékeun ieu kanggo Pa Dayat dugi ka tabuh duabelas." Andi némbongkeun hasil pagawéanana. Duanana seuri bungah.
"Alhamdulillah! Nuhun, nya, Geulis! Abdi reureus ka salira." Andi neuteup leleb.
"Muhun, biasa waé atuh ningalina siga tara pendak baé." Rahma ngabalieur.
"Sono atuh da, teu pendak sawengi ogé. Asa moal kiat upami aya kana dua dintenna henteu pendak. Sono ku galakna, sono ku ogona, sono ku geulisna."
"Ah, gombal!"
"Nyaan, ih! Ke sonten mulihna urang teras jalan, yu!"
"Ka mana?"
"Ka bulan," ceuk Andi nyeukeukeuk. Rahma milu seuri, matak kayungyun.
Hanca
Tidak ada komentar:
Posting Komentar