K A L A N G S U
_Yasana : Titin Wiarti_
Bagian ka-44
Wira diuk di téras imahna, ngahuleng mikiran Rahma nu rék lakirabi. Salaku bapa, kuduna manéhna nu tanggung jawab. Nyawang kaayaan Rahma nu ukur jeung barudak hungkul, Wira ngarasa melang.
Uleng mikiran Rahma, manéhna sasat teu boga naon-naon nu baris dibikeun ka anak. Usaha geus teu mampuh, kakayaan geus nungtut dijualan paké tatamba. Lalakon hirup manéhna ngan ukur nyésakeun kabingung.
Arya bangun nu surti kana naon nu keur dipikiran ku Wira, manéhna nyampeurkeun. Gék diuk gigireunana.
"Pa...!" ceuk Arya bangun nu kararagok.
Wira ngalieuk, gancang nyusut cimata nu beueus.
"Teu kénging seueur émutan," pokna deui.
Wira ngarahuh, kumaha teu rék jadi pikiran, rék ngawinkeun bari dibéré waktu ukur saminggu. Sanajan sagala rupana ditanggung jawab ku pihak lalaki, tapi manéhna ogé hayang mahanan ka nu jadi anak.
"Bingung nyaritakeunana, Jang! Bapa éra ku Rahma, éra ku Andi, kaciri pisan Bapa téh teu walakaya. Euweuh pangaji, euweuh tanggung jawabna," pokna téh bari dareuda.
"Bapa anggo baé artos abdi nu kamari ladang ti kebon, lumayan kanggo mahanan Rahma alakadarna," ceuk Arya daria.
"Ulah! Keun éta mah, pan hidep ogé bakal boga kahayang. Rék ti mana ngagantianana,"
"Gampil abdi mah, Pa! Kabujeng milarian deui ogé."
Arya méré sumanget ka bapana. Wira teu némbalan, nalangsa euweuh bandinganana. Ras inget kana lalakon diri nu geus ninggalkeun Rahma bari teu miroséa pisan. Ayeuna Rahma geus sawawa manjing rumah tangga, manéhna teu bisa kukumaha. Lain teu hayang méré, tapi pan sakieu buktina, keur sapopoé ogé sasatna mun euweuh Arya mah angger bingung.
Bari jeung ngarasa beurat ogé teu burung Wira narima duit ti Arya. Cimata ngawakilan haténa, Wira nganuhunkeun kana kahadéan Arya.
"Bapa rék tiheula ka Bandung, melang ka Rahma. Hidep mah engké wé bareng jeung Ema hidep," ceu Wira.
"Badé iraha ka Bandungna?" tanya Arya.
"Isuk wé isuk-isuk ayeuna mah kagok geus burit."
"Muhun atuh! Wios ku abdi diréncangan."
"Ulah teuing, Bapa gé ludeung,"
"Pan abdi melang ka Bapa angkat nyalira mah, wios diréncangan baé."
"Nya atuh ari kitu mah."
Isukna Arya jeung Wira geus siap, mangkat ka Bandung 'na beus. Teu loba nu dicaritakeun, Wira jeung Arya anteng jeung pikiran séwang-séwangan.
Teu kacaturkeun di jalanna, duanana geus nepi ka Bandung. Ngincig muru imah nu lawas jadi panineunganana. Budak tingjéréweét silihudag, disérangkeun ku manéhna bari ngopi di téras imah. Ayeuna budak geus sawawa, loba pisan waktu nu kapiceun tanpa marengan maranéhanana.
Jempling, teu katémbong ilaharna nu rék aya gawéan. Kituna mah pantes da sagala ditangkes ku Andi, Rahma mah tinggal ngaligincing mawa awak sakujur.
"Assalamu'alaikum!" ceuk Wira.
"Waalaikumsalam!"
Rahma norojol ti jero imah.
"Aéh Bapa! Teu ngawartosan badé ka dieu," ceuk Rahma bari salim, rét ka Arya nu nangtung gigireun bapana.
"Kang Arya...!" pokna.
"Melang Bapa angkat nyalira, ku Akang dijajapkeun," ceuk Arya bari ngécagkeun tas babawaanana.
"Barudak mah sakola, Néng?" Wira nanyakeun Rio jeung adi-adina.
"Sakola, Pa! Sakedap deui ogé mulih," ceuk Rahma bari nanggeuy lampan hol ti dapur.
"Sok dileueut heula, capé panginten di jalan ogé," Rahma neundeun gelas cientéh 'na luhur méja.
Manéhna ngarasa bungah bapana datang téh. Asa teu cuang-cieung teuing.
"Alhamdulillah Bapa ka dieu, abdi bingah," cenah bari ngalimba.
"Bapa ogé melang ka hidep, inget baé. Mana ayeuna Bapa ka dieu ogé."
"Abdi teu acan ngembang ka Ema. Maksadna mah badé engké ngantosan barudak marulih ti sakolana."
Haté Wira asa tingsérését ngadéngé Rahma nyarita kitu. Ras inget manéhna geus tambelar ka nu jadi pamajikan, ninggalkeun tanggung jawab; ninggalkeun budak saopat-opat nu keur meumeujeuhna uruseun. Tug nepi ka hanteuna dipundut ku Nu Kawasa, kasalahan manéhna geus moal bisa dihampura. Ningsih, indungna Rahma ayeuna geus tenang di kalanggengan, indit salilana mawa kapeurih nu kungsi Wira guratkeun dina jero haténa.
Waktu teu bisa diputer deui, sagala laku lampahna ukur nyésakeun rasa hanjakal.
Ba'da lohor Rio Reza katut Rizal geus daratang ti sakolana. Nyampak aya bapana jeung Arya téh mani barungaheun teu sirikna digabrugan, sono, cenah.
Sanggeus ngareureuh, saréréa marangkat rék ngembang ka makam Ningsih nu tempatna rada jauh ti dinya.
Anjog ka makam, Arya mingpin ngadunga nu séjénna ngahaminan. Wira teu eureun ngaluarkeun cimata, nalangsa inget kana kalakuan.
"Ma, dinten Minggu abdi badé diwalimahan. Mugi abdi teu lepat léngkah, mugi abdi kénging kabagjaan," ceuk Rahma bari angger panon mah beueus.
Hanca
Tidak ada komentar:
Posting Komentar