kotretaniyek
K A L A N G S U
_Yasana : Titin Wiarti_
Bagian ka-29
Isuk kénéh di imah Arya geus ramé, Wira geus bobolokot ku leutak; tas ngala lauk jang nyampakkeun anakna, Rahma. Enah nya kitu deui, kuprak-keprek di dapur, sagala diasakan. Rio jeung Reza nyieun durukan jang meuleum lauk. Teu lila, haseup geus ngelun nyambuangkeun seungitna beuleum guramé.
"A, asak!" ceuk Rizal bari nanggeuy lauk dina piring laju diasongkeun.
Deker, disamaraan.
Sabot kitu kadéngé klakson. Fortuner bodas ngageuleuyeung, asup ka pakarangan. Ti kajauhan kénéh Andi geus imut bari ngacungkeun dampal leungeunna ka Arya. Jrut, turun mukakeun panto jang Rahma lir ka putri.
Arya mata simeuteun, kalinglap nempo dangdanan Rahma. Jauh béda jeung basa harita mangsa babarengan jeung manéhna. Ayeuna lir disulap, kageulisanana atra pisan diwuwuh papakéan modél kiwari. Ti luhur nepi ka handap éstu taya cawadeunana, najan ukur dipolés ku kosmétik alakadarna.
Rahma geuwat munjungan ka nu jadi bapa katut indung téréna. Teu kaliwat ka Arya nu teu loba cacarita alatan nempo Rahma leuwih layeut jeung Andi. Aya nu nyelekit kana ati, peurih lir diturih hinis. Komo deui Rahma remen miceun beungeut nalika paadu teuteup; Arya ukur bisa ngahelas, ngusap dada.
"Énggal, taruang heula," Enah ngageroan ti tengah imah.
"Yu!" ceuk Andi bari gap, nuyun Rahma.
"Hapunten teu gaduh nu saé di dieu mah. Mung saaya-aya," ceuk Enah bari sosodor.
Wira mah anteng ngariung reujeung anak-anakna nu lalaki, silihcacapkeun kasono méméh paanggang.
Tapi teu bisa dibohongan, aya gurat nalangsa 'na pameunteu Wira. Manéhna surti kana kaayaan haté Rahma pon kitu deui Arya.
"Sing wareg taruangna. Wios saaya-aya gé," ceuk Arya bari nambahan deui sangu kana piring Rahma. Laju ngojéngkang ka dapur rèk nyokot beuleum guramé deui.
"Tos wareg," témbalna bari imut maur.
Andi surti. Gap, nyokot piring Rahma, "Urang sareng wé supados raos tuangna," cenah laju ngahuapan Rahma. Najan asa-asa, bubuhan kakara, Rahma calangap. Arya nu kakara hol ti dapur ngarengkog, balik dieu. Alesanna mah rék nyokot cai nginum.
Di dapur Arya nyarandé kana témbok. Lalaunan, awakna ngagulusur. Brek diuk.
"Rahma, Akang asa can siap kudu nyaksian Anjeun jeung nu lian. Peurih, haté Akang. Tapi demi kabagjaan anjeun, Akang réla ngaleupaskeun anjeun. Andi bakal ngaganti posisi Akang. Akang percaya ka Andi. Sing tinemu jeung kabagjaan. Akang rido." Gerentesna sanajan cimatana mah teu kaampeuh nyakclakan. Jung, cengkat lalaunan bari nyusut matana nu beueus.
Teu lila di imahna Arya, réngsé dalahar mah Rahma amitan. Mikeun kagegelan, rupa-rupa dahareun meunang nyampeur di jalan. Teu poho mikeun amplop ka bapana, "Ieu mah hatur lumayan, Pa," cenah.
Bapana kalah rambisak, kagagas nempo kasoléhan anakna.
***
Saléosna Rahma reujeung nu lianna,
"Arya, dieu!" Wira nyalukan anakna.
Teu talangké, gék, Arya diuk gigireunana, "Kumaha, Pa?" pokna panasaran.
"Hampura, Bapa. Bapa surti kana haté hidep. Katresna hidep ka Rahma tinangtu gedé pisan. Tapi ayeuna hidep gé apal sorangan, nyaksian, yén geus aya nu mikanyaah ka Rahma bari sagalana leuwih ti urang. Lain ngahalang-halang, tapi pangrasa Bapa, Rahma mingkin ngajauhan hidep. Sanajan haté Bapa teu bisa dibohongan yén Rahma ogé masih nyimpen rasa ka hidep. Ayeuna mah kumaha lamun tawaran ti Jang Ustadz rada dipikiran. Néng Nisa ogé kurang kumaha geulisna, sholéhna, katambahan deui kolotna nyatujuan." Wira nyarita panjang lébar. Arya ngarahuh, ngaleupaskeun bangbaluh. Pipikiranana manteng ka dua wanoja.
"Engkin wengi abdi nyarios ka Kang Ustadz bari sakantenan ka madrasah," témbal Arya, teu pati tatag.
Wira reugreug, ngadéngé jawaban ti Arya kitu mah. Teu hariwang anakna kagegeringan. Laju ngaleos rék shalat lohor.
Hanca
Tidak ada komentar:
Posting Komentar