K A L A N G S U
Yasana : Titin Wiarti
Bagian ka-40
Andi diharudum simbut basa kuring ka imahna. Nyenghél nempo polahna nu persis budak leutik.
"Can ibak, nya?"
"Atos, dong! Tapi kalahka tiris kieu," témbalna bari ngomékeun simbut nu ngabulen awakna.
"Moyan atuh! Teu kénging cicing baé di lebet." Kuring nangtung ngoloyong ka luar. Diuk 'na korsi téras neuteup kekembangan nu anyar dicébor. Andi nuturkeun bari nangkeup harigu, kuliat laju babatek.
"Nyaan haneut di luar mah," pokna, gék diuk gigireun.
"Rahma...!"pokna daria. Kuring ngalieuk, neuteup ka manéhna.
"Kah...! Kumaha?"
"Urang nikah, yu!"
"Hah! Nikah?" kuring molotot.
"Muhun, abdi badé ngalamar, teras urang nikah. Moal dilamikeun deui. Abdi teu tiasa tebih ti Salira, hoyong sasarengan baé. Abdi tos badanten sareng pun biang, anjeunna nyaluyuan."
Kuring ngadak-ngadak leuleus, tetempoan ranyay, teu nyangka sacongo buuk Andi rék nyarita kitu. Ngahuleng salila-lila, mikiran pilampaheun.
Pilihan nu beurat, nikah lain heuheureuyan. Kudu panceg kayakinan lamun téa mah daék narima Andi. Kuring asa can yakin.
"Kumaha?" Andi nanya deui binarung neuteup. Kuring tungkul ngulinkeun tungtung baju, embung nguciwakeun Andi. Boh daékna boh teu daékna, sarua jadi pilihan nu beurat pikeun kuring. Dina daékna kuring inggis teu bisa ngabagjakeun, ogé dina teu daékna geus jadi kapastian Andi bakal kuciwa.
"Rahma...! Tingali soca abdi, aya katingali niat heureuy ka Salira?" ceuk Andi, neuteup seukeut. Kuring ngabalieur, teu sanggup paadu teuteup jeung manéhna. Teuteupna lir maksa sangkan kuring narima pangajakna.
"Kedah diwaler ayeuna, nya?" kuring nanya halon.
"Hmmm. Nya atos atuh teu kedah diwaler ayeuna. Tapi upami tos aya waleran, saénggalna nyarios. Abdi ngantosan pisan."
Jempling. Masing-masing ngumbar lamunan. Kandeg di pertelon rasa, dua rasa ngarancabang, kalangsu dina kabingbang. Naha jadi keueung? Ngaléngkah gé asa teu ludeung.
Aya gurat kuciwa dina pameunteuna. Karérét Andi ngarénghap jero, laju ngadengklang.
"Urang ka Garut, yu!" pokna ujug-ujug. Teu gugur teu angin jol ngajak ka Garut.
"Ka Garut?" mastikeun yén kuring teu salah déngé.
"Muhun, apan Salira nuju kangen ka Kang Arya, sanés?" pokna teu euleum-euleum.
"Henteu! Kanggo naon ngémutan nu teu penting." Kuring baeud teu resep kana ucapanana.
"Teras anu penting naon? Andi teu penting, Arya ogé teu penting."
Andi pinter pisan ngulinkeun rasa, kuring mindeng buntu pijawabeun.
"Ibu ka mana?" kuring nyalénggorkeun obrolan bari luak-lieuk, da mémang saenyana Bu Aminah teu témbong ti barang kuring datang ogé.
"Badé naon ka pun biang? Badé wawartos yén Andi ngajak nikah? Jig baé da pun biang ogé tos uningaeun yén Andi téh hoyong énggal nikah. Saur pun biang téh , 'mangga wé da Mamah ogé tos hoyong incuan', tuh pan ngadukung anjeunna ogé."
"Ih! Dasar pikasebeleun!"
Kuring ngajéngkat indit ka jero imah. Léong ka dapur nyampeurkeun Bi Surti. Andi ngiclik tukangeun bari sarangah-séréngéh.
"Bi, awas Bi! Aya nu nuju bendu. Teu kénging dicaketan."
Kuring teu malire ka manéhna.
"Masak naon, Bi? Bantosan ku abdi, nya!"
Kerewek kana péso, laju mantuan ngeureutan bawang. Bi Surti ukur mésem bari gogodeg nempo galagat Andi jeung kuring kitu téh. Gék Andi diuk 'na korsi gigireun, nanggeuy gado bari peneuteupna teu leupas ti kuring. Meusmeus imut bari ngarindat, kuring ngabalieur nyumputkeun piseurieun. Teu bisa ambek, aya wé pikaseurieun téh.
"Yés! Tuan Putri seuri deui."
Andi ngaléos teu lila geus hol deui maké jékét. Leungeunna nyekel konci motor.
"Tuan Putri, yu, ah!"
"Ka mana?" kuring kerung.
"Ka Garut! Éh, ka payun," pokna nyéréngéh.
"Aya péséreun kanggo di kantor. Réncangan sakedap, yu!" ceuk Andi kituna téh bari ngoloyong ka luar. Sanggeus amitan mah ka Bi Surti, kuring indit diboncéng.
Di jalan teu loba nu diobrolkeun. Pikiran ngimpleng kana naon nu diucapkeun ku Andi tadi. Kuring kudu bisa nyieun kaputusan, euweuh salahna kuring narima Andi. Bageur, sabar dina nyanghareupan kuring. Najan sakapeung mah kalakuanana sok siga budak leutik.
"Tuan Putri tibra?" pokna ngagareuwahkeun, kuring nyiwit cangkéngna. Andi ngagurubug, "Ampun! Galak pisan, geulis-geulis!"
Teu lila motor méngkol ka hiji wangunan, sanggeus markirkeun motorna, Andi nuyun kuring asup ka hiji rohangan. Hiji dedegan nu teu bireuk deui pikeun kuring, diuk nukangan nyanghareupan hiji gaun nu keur diterapan manik-manik.
"Assalamu'alaikum!" kuring uluk salam.
"Waalaikumsalam!" walonna, ngalieuk nyéh imut matak tingtrim kana ati.
"Ibu di dieu?"
Nyacapkeun kapanasaran, kuring nanya.
"Muhun, ngeusian waktos supados teu jenuh teuing. Yap calik!" Anjeunna nuduhkeun korsi palastik.
Kuring niténan kaayaan sakurilingna. Teu béda jeung kamar pribadi Andi, di dinya ogé aya sababaraha gaun pangantén nu geus satengah jadi.
"Atos, Mah?" ceuk Andi bari gap kana guan nu bieu dipigawé ku Bu Aminah.
"Sakedik deui, kumaha suksés teu?" Témbal Bu Aminah bari ngalieuk ka kuring binarung imut.
"Linghas pisan, Mah! Cobi we taros ku Mamah," pokna téh bari biwirna dipanyunkeun ka kuring.
"Néng Rahma, Ibu ngahaja ngadamel gaun ieu kanggo Néng Rahma. Iraha baé siapna, Ibu sareng Andi moal ngarurusuh. Mangga diémut heula, sing yakin heula. Atuh cenah Néng Rahma teu nampi, teu nanaon. Gaun ieu tetep kanggo nu geulis." Imutna teu weléh mapaésan pameunteuna, imut nu méh akur jeung imut Andi. Bageurna Andi ogé pasti nurun ti Bu Aminah.
Dua urang nu banget mikanyaah ka kuring nangtung hareupeun. Kagagas ku kabageuranana, kuring ngagabrug Bu Aminah. Anjeunna ngudar tasmana, nyusut cai hérang nu ngeclak tina panonna. Kuring ogé teu bisa nahan cimata. Bagja, tingtrim haté kuring aya 'na rangkulan Bu Aminah.
Andi ogé katémbong ingsreuk-ingsreukan.
"Teu kénging nangis, lebar cipanon. Tos sanés waktosna deui nu geulis nangis. Ayeuna mah kantun bagjana. Sok geura cobian acukna. Bilih aya nu kirang Ibu kantun nambihan." Bu Aminah ngudar gaun bodas nu dipakékeun kana bonéka, laju diasongkeun ka kuring.
Kuring ka luar ti kamar ganti, dipapagkeun ku paneuteup Andi nu colohok, ku imut Bu Aminah nu pinuh ku kareueus.
"Pas pisan!" ceuk Andi ngacungkeun jempolna. Kabungah témbong atra nambahan kakasépanana.
Hanca
Tidak ada komentar:
Posting Komentar