Rabu, 17 Juni 2020

KALANGSU 22

K A L A N G S U
Yasana : Titin Wiarti
Bagian ka-22

Wira, bapana Rahma, ngajepat 'na luhur kasur. Awakna mingkin kuru. Meunang dua minggu dirawat di rumah sakit. Sanggeus ngarasa mendingan, manéhna ménta balik. Dokter ngidinan, asal Wira teu petot pariksa saban érép obat. Lian ti ngarasa bosen di rumah sakit, Wira ogé nimbang kana biayana nu lain bayareun ku duit saeutik.

Hirup duaan jeung Enah, indungna Arya, bari teu buburuh ngabalukarkeun manéhna ngarasa ripuh. Tatamba ukur ngandelkeun ladang cuprat-caprut di kebon. Kakaian geus mimiti érép, malah jeung tanahna nungtutan dijualan. Rada kabantu basa anakna keur gawé di Bandung, Arya tara ngarasa nyaah mikeun duit gajihna pikeun nambaan Wira, sanajan ngan ukur bapa téré. Sedengkeun, sabalik ti rumah sakit, Arya nyarita yén moal balik deui ka Bandung. Loba tinimbangan nu ngalantarankeun kudu mutuskeun seja matuh di lembur. Geus gilig, rék diajar pepelakan. Kebon nu geus euweuh nanaonan ku manéhna rék dipolah, susuganan kaarah hasilna. Wira nyaluyuan. Nurut, kumaha baé hadéna.

Boga modal saeutik ladang kukumpul nu tadina mah jang nambahan ipekah, ku Arya paké modal tani; meuli bibit katut gemuk.

Saprak balik ti Bandung, Arya jadi cicingeun, tara loba omong. Sapopoéna ngérépkeun waktu di kebon. Unggal isuk-isuk ngagandong kantong, eusina timbel jeung sarung. Samak saheulay paranti amparan solat ditunda di saung kebon.

"Isuk bapa geus kudu berobat deui. Kumaha meunang, henteu, duitna?" Enah nanya ka Arya basa keur mungkus sangu pibekeleun anakna.
"Anggo baé ieu artos kanggé mésér gemuk. Kin manawi abdi kénging kanggo ngagentosan deuina mah," ceukk Arya, ngasongkeun duit ka indungna.
"Nya atuh, wayahna baé, nya!" témbal Enah bari ngarawatan duit.
"Wios ku Abdi dijajap kana motor, supados tiasa rada hémat. Kiateun panginten," ceuk Arya deui.

***

Di kebon, panon poé manceran. Arya ngareureuhkeun kacapé, diuk sisi saung neuteup hanca gawéna. Binih jagong geus mimiti daunan. Manéhna tulatén, teu kaop aya jukut jadi geuwat dicabut. Tangkal sampeu ogé geus sarirungan, marontok bubuhan kaasuh gemuk. Awak Arya nu buligir mingkin seseg, najan rada keléng balas papanasan, tapi katémbong leuwih ngeusi. Buuk diantep gondrong, kitu deui janggotna. Arya teu maliré sanajan indungna ngawékwék, nitah dicukur.

Golédag manéhna ngedeng, neuteup lalangit saung. Nyawang mangsa keur babarengan jeung Rahma, awéwé nu geus meruhkeun haténa. Awéwé nu méh jadi batur hirup manéhna.
"Nuju naon geulis? Akang sono!" Arya ngagerentes. Kotak beureum nu tara lésot tina kantongna dibuka, eusina dikaluarkeun laju diciuman.
"Geulis kanyaah Akang, naha nasib urang téh bet kieu? Hampura Akang geulis, Akang sanés sulaya. Gusti Allah teu acan ngijinan katresna urang ngahiji. Rahma sing percanten ka Akang. Teu aya istri sanés nu tiasa ngagentos posisi Rahma 'na haté Akang." Reup peureum. Teu kaampeuh, cimatana ngalémbéréh maseuhan pipi. Lain sakali, Arya siga kieu. Ngan di imah mah tara némbongkeun, embung nambah bangbaluh nu jadi kolotna. Komo apaleun yén Arya kieu téh lantaran maranéhanana.

Hanca

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Besi dan Karat

Besi merupakan salah satu benda yang paling kuat di muka bumi ini. Namun tidak berarti kuat itu tidak terkalahkan. Besi ternyata kalah oleh ...