Rabu, 17 Juni 2020

KALANGSU 20

K A L A N G S U
Yasana : Titin Wiarti
Bagian ka-20

Réngsé amitan, kuring limaan mulang deui ka Bandung. Kuring diuk gigireun Andi nu anteng nyetir, mawa mobil ninggalkeun rumah sakit. Haté galécok, pipikiran manteng, masalah nu can karuhan gé hul-hol minuhan uteuk.
Tina kaca katémbong pameunteu Rizal nu alum, kurang bérag. Kuring surti, manéhna melang ka bapa. Wajar kituna mah, bapa can cageur, ari kuring geus baralik deui. Rio jeung Reza mah talibra. Rizal nyangheuy 'na kaca, paneuteupna kosong. Andi ngarérét ku juru panonna, "Héy, teu kénging ngalamun baé. Wios Kang Arya mah teu kénging diémutan, ke ogé mulih pami bapa tos damang mah," ceuk Andi bari seuri.
"Saha nu ngémutan Kang Arya?"
Kuring baeud diheureuyan kitu téh.
"Itu tadi ngalamun baé! Tapi tambih geulis, pami nuju baeud téh," pokna, teu weléh bari seuri.
Kuring ngarénghap jero. "Andi, nuhun, nya! Tos kersa dirérépot ku Abdi," cekéng, neuteup ka manéhna.
"Teu sawios atuh, Néng! Pan abdi ogé hoyong terang, sakantenan ngalongok rama Néng Rahma."
"Moal capé kitu, engkin teras damel?"
"Moal, pan abdi mah Superman," pokna deui binarung imut ngagelenyu.

***

Waktu teu karasa nyérélékna, kuring geus cageur deui. Sabulan cicing di imah, Andi can ngidinan digawé. Sina jagjag heula, pokna téh. Sapopoé, pagawéan kuring ngan ukur ngurus imah. Kalan-kalan Bu Aminah datang jeung Andi. Ku remen mah papanggih, kuring mingkin akrab jeung Bu Aminah nu soméah tuh bageur. Pon kitu deui Andi, teu sirikna unggal balik gawé nyimpang heula ka imah. Kadang bari mawa pagawéan kantorna nu can bérés. Sakalian mapagahan kuring, sangkan teu bireuk deui lamun ngamimitian gawé.

Ti saprak bapa gering, Kang Arya eureun digawéna. Balik ka Garut, milih cicing di lembur. Pajarkeun mah rék diajar tatanén, melak sayuran di kebon sakalian supaya bapa nu can jagjag pisan bisa katungguan; bisa nganteur pariksa unggal minggu. Ku alesan éta ogé, Kang Arya milih cicing di lembur.

Sono ka Kang Arya? Pastina! Haté leutik teu bisa dibohongan. Jauh ti lalaki nu geus meruhkeun haté, nu geus méré sumanget hirup salila jadi indung pikeun adi-adi. Lalaki nu ampir jadi imam geusan nyorang hirup kuring ka hareupna.
Satékah polah, kuring ngubur rasa ka Kang Arya. Lain teu mungkin, ngawangun rumah tangga jeung dulur patétéréan, tapi kuring kudu ngajagaan haté, sangkan teu kasuat-suat. Sahenteuna, lamun ngahiji jeung Kang Arya, bakal terus pagilinggisik jeung jalma nu geus nyieun kapeurih 'na kahirupan kulawarga kuring.
Geus cukup, cimata nu bedah. Geus mangsana, kuring nyorang kabagja dina mangsa ka hareupna.

***
Wanci nyedek ka burit basa kuring keur ngadaweung di téras. Barudak can daratang futsal. Rentang-rentang Andi datang ' na motor. Imut nu biasa mapaésan geus katémbong ti kaanggangan.
"Asik, tuan putri tos ngantosan," pokna sok matak éra. Puguh ogé lain keur nungguan manéhna. Najan kitu, kuring teu bisa nyumputkeun imut kagugu.
"Astagfirullah!" pokna bari turun tina motor.
"Kunaon?" cekéng reuwas.
"Abdi kedah sering cek-up, ieu mah. Inggis janten diabét!" pokna deui, teu kireum-kireum.
"Naha kagungan gejala diabétés, kitu?" talèk kuring bari kerung.
"Ahir-ahir ieu wé, ti kawit tuan putri teras-terasan ngawur imut anu kareueut. Duh Gusti, kiatkeun iman abdi!" cenah bari namprakeun kadua dampal leungeunna.
Teu kuat hayang seuri ku polahna. Nya, manéhna nu ahir-ahir ieu nungtutan mupusan kapeurih ati. Manéhna nu satia marengan saban kuring butuh tanaga atawa waktuna.

Hanca

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Besi dan Karat

Besi merupakan salah satu benda yang paling kuat di muka bumi ini. Namun tidak berarti kuat itu tidak terkalahkan. Besi ternyata kalah oleh ...