K A L A N G S U
Yasana : Titin Wiarti
Bagian ka-17
Hirup di dunya ukur ngumbara, sakabéh umat bakal ngadeuheus; muka gémbolan amal nu dikumpulkeun salila hirup di alam pawenangan. Moal aya nu bisa nyinglar tina papastén anu geus ditangtukeun; jodo, pati, bagja, cilaka jadi rusiah Mantenna.
Manusa ukur wayang nu diusik-malikeun ku dalangna, tugasna ukur manut kana paréntahNa jeung nyingkahan panyarékNa. Tapi sétan moal cicingeun, teu weléh ngagoda ngarobéda, ngélékéték sangkan manut kana haréwosna. Ngan ukur nu imanna kuat, nu bisa nyalametkeun dirina.
Sapaninggalna Bu Aminah, kuring mikiran sakabéh caritaanana. Ti mimiti tawaran digawé nepi ka kabageuranana. Kuring muji syukur ka Gusti réhna nepi ka danget ieu kuring masih loba nu mikanyaah. Kanyaah Gusti nu dilungsurkeun ngaliwatan jalma-jalma nu aya sagigireun kuring. Alhamdulillah.
Tara ti sasarina, wanci lohor Kang Arya geus mulang ti pagawéanana. Bangun nu asa-asa manéhna gék diuk gigireun kuring.
"Naha tos mulih?" cekéng panasaran.
"Aya nu ngawartosan ti Garut, bapa teu damang wales," témbalna daria.
"Teras...?" ceuk kuring acuh.
"Urang ningal ka Garut, bilih kumaha onam," pokna semu maksa.
"Mangga wé Akang. Abdi mah moal," walon kuring bari neuteup jauh.
Kang Arya diukna mindah ka hareupeun, neuteup anteb. "Rahma, Akang ngartos kana kasedih Anjeun; masalah sareng bapa, sareng ema. Tapi Akang nyuhunkeun sakedik wé tina kasolehan Rahma, hayu urang ningal bapa. Perkawis ngahapunten atanapi henteuna mah teu langkung Rahma." Pokna deui ngaririhan kuring.
Jempling. Kuring masih can aya niat hayang manggihan deui bapa. Ras inget ka Reza jeung Rizal, lamun maranéhna nyahoeun bapa gering parna, tangtu maranéhna bakal hayangeun manggihan. Kuring ngarénghap jero.
"Iraha badé ka Garutna?" ceuk kuring, tatag.
"Engké wé ngantosan Reza sumping ti sakola." Pokna.
"Kana beus?"
"Muhun, kana beus baé béh sareng."
Kang Arya balik ka kontrakanana, kuring bebersih, nyiapkeun salin bari pikiran mah asa can yakin antara indit atawa entong. Kuring ujug-ujug inget ka Andi, gap kana hapé. Kuring ngilikan kontak nomerna, kakara ayeuna kuring aya niat rék ngirim pesan ka manéhna.
[Assalamu'alaikum!] Kuring ngamimitian obrolan. Pesan kakirim, ceklis dua, laju héjo. Tanginas pisan!
[Waalaikumsalam! Héy tuan putri...! Ngimpén naon abdi wengi? Kénging WA ti salira. Cihuuuy!😀]
Andi bangun nu bungah pisan.
[Ulah géér! abdi mung badé ngawartosan énjing moal tiasa parios.]
[Kunaon atuh moal parios? Betah nya sampéanana nyeri? Béh dilongokan baé ku abdi?😀]
[Abdi badé ka Garut, ka teun bapa. Nuju teu damang saurna.]
[Sareng saha?]
[Kang Arya!]
[Rai ngariring ogé?]
[Muhun ngiring, badé kana beus ké sonten.]
[Sareng abdi baé, ké dianteurkeun kana mobil. Béh téréh. Sakantenan abdi hoyong ngiring ngalayad.]
[Wios teu kénging répot-répot, Andi pan damel."]
[Gampil masalah éta mah, teu kénging hariwang. Bisa diatur! Antosan baé, ké ku abdi dijemput. Abdi ngabéréskeun heula ieu sakedap deui.]
[Muhun atuh. Assalamu'alaikum!]
[Waalaikumsalam!]
***
Ba'da ashar kuring ditéang ku Andi, Kang Arya, Rio, Reza, Rizal mangkat ka Garut. Haté mah teu sapenuhna méréan sanajan maksa indit ogé. Keukeuh can bisa narima kanyataan, komo kuring kudu papanggih deui jeung indungna Kang Arya. Sapanjang jalan kuring ngalobakeun cicing, Kang Arya diuk di hareup ngaréndéng jeung Andi nu husu nyetir. Uplek ngobrol sagala diuruskeun, sakapeung kadéngé Andi seuri bangun nu teu boga beban.
Kuring ngadunga, ménta-ménta ka nu Kawasa; hayang dijanglarkeun pikiran, dilegakeun haté, ditegerkeun, geusan nyanghareupan bapa. Kuring ngarénghap jero ngésotkeun bangbaluh, sabenerna mah kuring teu hayang boga kagoréngan jeung saha baé ogé, komo jeung nu ngaranna kolot. Hampura Gusti, abdi teu acan tiasa mukakeun haté keur bapa.
Mobil nyerepet laju norobos raména patalimarga, cihujan nu mimiti ragragan niiskeun hawa. Wanci geus reupreupan basa mobil asup ka pakarangan rumah sakit dimana bapa kuring dirawat.
Hanca
Tidak ada komentar:
Posting Komentar