Rabu, 17 Juni 2020

KALANGSU 14

kotretaniyek
K A L A N G S U
Yasana : Titin Wiarti
Bagian ka-14

Teu kanyahoan ti tadina, Arya jol geus ngajanteng hareupeun panto. Rahma nu keur dihuapan ku Andi ngagebeg. Manéhna masih ngaragangan ka lalaki nu kungsi minuhan harepanana. Andi nu diuk di sisi dipan gancang cengkat. "Ka lebet, Kang Arya! Énggal, urang tuang!" pokna bari gék deui, sila nyanghareupan dahareun nu ngabarak.
"Muhun, mangga, lajengkeun! Abdi mah nembé tos ngemih sareng Rizal," ceuk Arya bari gék manéhna ogé diuk ngariung.
"Reza badé ngéndong, moal, di teun Aa?" Arya nanya ka nu kakara réngsé daharna.
"Moal, ayeuna mah, A. Hawatos ka tétéh," témbalna, tatag.
"Muhun atuh pami moal mah. Aa mah badé nyandak kantong nu kakantun."
Koloyong, manéhna ka jero. Teu lila geus hol deui, ngajingjing kantong nu tadi dibawa ti rumah sakit.
"Andi, dikantun atuh, nya! Itu Rizal nyalira."
Arya ngarérét ka Rahma. Treup, dua pasang nétra paadu teuteup. Ser...! Arya gancang ngabalieur, nyumputkeun semu, laju ngaléos.

Salila leumpang muru imahna, Arya mikir tarik. Haténa galécok, ngarasa hareneg kana naon nu keur dirandapanana. Léngkahna asa ngoléang. Lain lantaran nempo Andi basa tadi keur ngahuapan Rahma. Lain! Tapi Arya koleng, mikiran masalah antara manéhna jeung kolotna. Nalangsa! Gegedéna mah manghanjakalkeun kana sakabéh kajadian nu tumiba. Coba lamun kanyahoan ti anggalna, yén kolot manéhna téh aya patalina jeung Rahma, tinangtu caritana moal siga ayeuna. Arya geus kaburu neundeun rasa nyaah nu gedé ka Rahma. Niat mikanyaah, rék jadi imam pikeun Rahma geus buleud, tur sagalana geus ditataharkeun.

Sadar kana titis tulis, Arya geuwat ngarénghap jero, laju ngarahuh, miceun bangbaluh. Manusa mah ngan ukur bisa boga kahayang, anging Alloh nu nangtukeun. Niat ngawangun rumah tangga jeung Rahma antukna ukur nyangkaruk dina impian. Awéwé nu jadi panutan haténa biheung bisa narima deui ku alatan kaayaan ayeuna.

Teu karasa, Arya nepi ka kontrakanana. Kasampak Rizal geus tibra 'na korsi. Arya nyimbutan, neuteup pameunteu Rizal nu keur ngageubra. Rénghapna antaré ngagambarkeun katenangan haténa. Ragamang, leungeunna ngusap sirah Rizal, "Deudeuh teuing anaking. Aa jangji bakal mulangkeun kanyaah bapa. Hirup hidep jeung lanceuk-lanceuk hidep kudu bagja. Geus cukup kanyeri kapeurih nu kalakonan ku aranjeun, nepi ka semet ayeuna. Aa wani ngorbankeun nyawa pikeun kabagjaan aranjeun."
Sakeclak cimata teu kaampeuh murag, teu ngabibisani kana kapeurih Rahma salila dicul-laurkeun ku bapa bari laju ditinggalkeun maot ku indungna.
Golédag, 'na kasur ipis ukur dianggel ku leungeunna. Teuteupna museur kana lalangit, tembus ka jomantara nu poék mongkléng.
Gap, kana kantong, dibuka pésakna. Kusiwel, ngaluarkeun kotak leutik kelir beureum, laju dibuka. Sapasang ali emas nu ku manéhna sayagakeun pikeun maheutkeun tali katresna jeung Rahma, kiwari ukur jadi saksi sajarah cinta nu biheung laksana kapiduriat.
Bréh, imut kabungah Rahma nalika diajak munjungan indung-bapana, masih napel pageuh 'na ingetan Arya.
"Serius, Kang? Rahma badé diajak ka Garut?" ceuk Rahma bangun teu percaya kana pangdéngéna.
Arya unggeuk bari imut kagugu. Manéhna ngahaja teu waka ngabéjakeun perkara ali. Tadina mah rék nyieun 'kejutan' lamun geus nepi ka Garut. Orokaya, kanyataan jauh tina sawangan. Imut Rahma ilang, ganti rupa ku hujan cimata, malah nepi ka cilakana.
"Hampura Akang, geulis...!" gerentes Arya, ngeukeuweuk pageuh kotak beureum 'na dadana. "Ampun paralun, Akang teu aya maksud ngaraheutan haté Anjeun. Rasa nyaah Akang teu mikeun mun cimata anjeun ragrag sanajan ukur sakeclak. Hampura Akang!"
Berebey, cimatana ngalémbéréh mapay pipi.
Reup, meureumkeun panonna, nyipta-nyipta kahayang jeung kanyataan nu keur tumiba. Haténa beuki peurih nyanyautan. Kanalangsa niruk jajantung, nyasaak kana bayahna.
"Akang bakal ngabagjakeun Anjeun! Kumaha baé carana."

Peuting beuki simpé. Hawa peuting nyelecep tiis, nganteur lamunan Arya ka alam impian. Kotak beureum teu lésot tina keupeulanana. Ditangkeup pageuh 'na dadana.

Hanca

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Besi dan Karat

Besi merupakan salah satu benda yang paling kuat di muka bumi ini. Namun tidak berarti kuat itu tidak terkalahkan. Besi ternyata kalah oleh ...