Rabu, 17 Juni 2020

KALANGSU 16

K A L A N G S U
Yasana : Titin Wiarti
Bagian ka-16

Bismillahirrohmanirrohim...! Kuring nguniang, ngajaran nangtung. Dua poé ngedeng mani asa geus lila pisan, awak asa paregel, bubuhan teu tuman cicing téa. Kumareumbing kana sisi lomari, leumpang laun mapay sisi témbok. Mimitina mah karasa nyeri, tapi lila-kalilaan mah gareunaheun. Tuur geus hadé direngkuhkeun. Bray, muka panto. Srangéngé nu kakara medal nyorotkeun cahayana. Angin isuk-isuk mapagkeun bangun nu sono.
Derekdek, derekdek, babatek. Alhamdulillah, Gusti, abdi masih dipaparinan kaséhatan; kani'matan nyeuseup hawa seger kagungan Anjeun.

Rio jeung Reza geus saged rék sakola. Ti kajauhan, rentang-rentang Kang Arya datang, nganteur Rizal rék salin lantaran peuting teu mawa salin basa ngéndong.
"Alhamdulillah, tétéh tos tiasa papah deui," ceuk Rizal bungaheun pisan.
"Alhamdulillah, uhun. Sarapan heula, badé sakola mah! A Reza mah atos sareng A Rio."
"Rizal gé atos, tadi A Arya mésér," pokna bari bébérés kaperluanana.
Kang Arya nyampeurkeun bari rut-rét, "Alhmdulillah, Ya Alloh. Laun heula mapahna. Teu kénging waka barangdamel, bilih karugrag!" omong Kang Arya bari mencrong, laju ngabalieur nalika paamprok teuteup.
"Muhun!" cekéng, tatag.
"Jam sabaraha wengi Andi mulihna?"
"Satengah sapuluh."
"Muhun, atuh. Saéna aya nu ngaréncangan. Akang pan melang Rizal nyalira, janten teu tiasa ngaréncangan Rahma."
Ngomong kituna téh bari amitan.
Kuring neuteup opat tonggong nu beuki ngajauhan. Lalaki nu masing-masing boga lalakon penting dina kahirupan kuring. Lantaran maranéhanana, kuring masih bisa kuat nepi ka kiwari.

Itung-itung ngalatih suku nu can ajeg pisan, kuring bébérés di jero imah; sasapu jeung ngoérkeun runtah di buruan. Pagawéan sapopoé kuring nu dua poé teu kacabak lumayan matak ngésang, matak jagjag kana awak.
Ayeuna waktuna kuring sosonoan jeung cai. Geus teu kuat hayang geura gejebur.

Untung gura-giru mandi, dibaju nu rada pantes. Andi jeung awéwé tengah tuwuh katempo keur guntreng hareupeun imah.
"Assalamu'alaikum!" Andi uluk salam bari lunga-lengo tina kaca.
"Waalaikumsalam!" walon kuring bari muka panto.
Andi teu bisa nyumputkeun pasemonna, bungah nempo kuring geus bisa leumpang deui.
"Horé...! Tuan putri tos jagjag. Asik. Boa énjing mah tiasa balap lumpat sareng abdi," pokna. Panonna rut-rét, niténan kuring nu ngajanteng kaéraan.
"Rahma, ieu pun biang. Istri panggeulisna sadunya. Moal aya nu ngéléhkeun," pokna pinuh kareueus. Leungeunna nangkeup taktak indungna.
"Rahma," cekéng bari anun.
"Aminah," pokna binarung imut.
"Hapunten Andi, nya, néng! Gara-gara Andi Néng Rahma janten kamusibahan," Bu Aminah sasadu.
"Teu sawios, Bu! Tos nasib abdi, panginten. Mangga ka lebet, atuh!"
Teu hésé, duanana asup laju dariuk. Kuring ka dapur nyieun citéh amis, sot 'na méja.
"Mangga dileueut! Cai téh cai wé wungkul. Teu aya lalawuhna."
"Wios, Néng! Teu kénging répot-répot."

Andi nyuruput citéh hancenganana. Karérét laju ngahuleng. Pok, manéhna nyarita, "Hmmm... manis! Semanis senyum Tuan Putri," cenah, ngarérét bari tuluy batuk kabesékan.
"Puas!" cekéng, ngagerendeng. Tapi kuring yakin manéhna ngadéngéeun.
Bu Aminah rarat-rérét, niténan sabudeureun jero imah. Imah leutik titinggal Si Jenat, parabotanana ogé saayana. Jauh tina méwah mah.
"Resep, raresik, Néng. Ari istri mah di bumi téh resep bébérés. Ibu mah da ieu gaduhna jalu. Bujeng-bujeng kersa bébérés, sakalieun anggoanana ogé cul-laur di mana baé sotna."
Nu diobrolkeunna mah jongjon wé ngoprék hapé.
"Éh, ampir hilap. Ieu Ibu ngabantun tuangeun sakedik. Hatur lumayan." cenah bari neundeun babawaanana dina luhureun méja.
"Sawios atuh, Ibu, mani barangcandak sagala," cekéng, nutupan kaéra.
"Lumayan kanggo engké tuang rai. Saur Andi mah tilu. Muhun?"
"Muhun, Bu. Nuju sarakola ayeuna mah," Kuring seuri maur.
"Dupi Ibu Rama araya kénéh?" talékna deui. Petalékan nu ku kuring dipapaliaskeun. Sababna mah horéam nyaritakeunana. Sok kasuat-suat.
"Pun biang mah tos teu aya, ngantunkeun. Pami pun bapa mah aya kénéh. Mung linggihna di Garut." Aya nu nyelekit basa kuring bébéja ngeunaan kaayaan kolot. Kahayang mah heup, ulah diteruskeun deui nanyana.
" Innalilahi! Deudeuh teuing! Sing sabar, nya, Geulis!" pokna bari nyepeng leungeun kuring.
"Muhun, Bu."
Aya rasa tentrem basa leungeun Bu Aminah nyepengan.

Telepon Andi disada. Gura-giru, manéhna ka luar. Ngobrol sakeudeung bangun nu penting pisan.
"Mah, Andi kedah énggal-énggal ka kantor. Saurna aya nu ngintun barang. Kamari mah nyebat badé siang, tapi ayeuna tos sumping. Mamah kumaha atuh mulihna?" pokna bari neuteup deudeuh.
"Mamah mah tiasa nyalira ogé. Jig baé énggalkeun, bilih lami teuing ngantosanana," Bu Aminah ngajurungkeun.
Andi ngalieuk ka kuring, "Énjing bagéan parios deui, nya! Siap-siap, ku abdi dijemput énjing kénéh. Teu kénging kebluk, ibak heula, bilih bau. Ké abdi pingsan. Badé dipangku deui pan?" cenah bari teu poho ngaca heula, dungdak-déngdék, ngomékeun buuk ku ramona.
Kuring unggeuk. Méh poho lamun teu diingetan mah. Padahal teu pariksa deui ogé teu nanaon. Kuring ngarasa geus cageur bisa leumpang deui. Nyeri kénéh saeutik mah dianggap wajar.
"Mios heula, Mah! Ati-ati, da tuan putri éta mah galak," pokna deui bari nyéréngéh, némbongkeun huntuna nu ngabaris bérés.
Bu Aminah ukur imut nempo kalakuan anakna kitu téh. Kuring rada éra digonjak hareupeun indungna. Teu bisa ngalawan pangpangna mah.

Andi indit, tinggal kuring duaan jeung Bu Aminah. Jempling sakedapan, bingung naon piobroleun.
"Andi tos nyarios ka Ibu perkawis Néng Rahma badé diajak damel. Ibu ngaharepkeun Néng teu nolak. Andi butuh 'patner' anu tulatén. Margi anjeunna mah damelna sok gurunggusuh, pohoan," pokna, daria.
"Insya Allah, Bu. Namung abdi mah teu gaduh pangalaman damel sapertos kitu. Biasa damel kasar. Inggis nguciwakeun."
Asa-asa, kuring rék narima tawaran gawé téh.
"Tiasa diatur éta mah, lami-lami ogé bakal tiasa. Andi ogé nuju énggal kénéh mah sami. Saleresna, Andi teu hoyongeun damel di kantor téh. Anjeunna kuliah jurusan hukum. Kumargi ramana ngantunkeun, teras pausahaan teu aya nu neraskeun, kapaksa Andi nu neraskeunana. Kapungkur, nuju Ibu anom kénéh, muka pabrik garmén. Karyawanna ogé sakedik. Tapi ku dileukeunan mah alhamdulillah dugi ka ayeuna karyawan tos seueur," Bu Aminah ngalalakon. "Lebar upami teu diteraskeun téh, ngaririhan Andi da upami teu Andi badé saha deui. Ibu teu gaduh deui putra. Alhamdulillah Andi kersaeun."
"Muhun, Bu, insya Alloh ku abdi diéstokeun. Mudah-mudahan abdi tiasa," walon kuring bari pikiran mah ngarasa mangmang.

"Tos siang. Ibu badé wangsul. Néng Rahma sing énggal damang, nya. Sakali deui hapunten Andi," Bu Aminah amitan.
"Hapuntenna, Abdi teu tiasa jajap dugi ka payun. Teu acan wantun mapah tebih. Teu sawios Ibu nyalira?"
"Wios, Néng. Ibu badé kana angkot baé tos di payun mah. Mapah sakedik ka payun mah étang-étang olahraga," pokna bari nguniang. Laju nyolongkrong, teu poho nyium heula pipi kénca-katuhu kuring.
Kuring ngan jajap nepi ka téras. Bu Aminah nu jangkung leutik leumpang antaré dianteur ku paneuteup nepi ka ngiles béh pengkolan.

Hanca

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Besi dan Karat

Besi merupakan salah satu benda yang paling kuat di muka bumi ini. Namun tidak berarti kuat itu tidak terkalahkan. Besi ternyata kalah oleh ...