KALANGSU
Ku Titin Wiarti
Bagean ka 1
Awak asa laleuleus, lungsé, hudang gé horéam. Indit gawé isuk-isuk, balik geus tengah peuting. Di imah kuring opatan jeung adi-adi kuring. Isuk kénéh geus arindit ka sakola. Nu hiji SMA, nu dua deui SMP, geus bisa ngurus sorangan teu kudu dikawulaan deui. Kuring minangka awéwé hiji-hijina, gaganti indung nu geus euweuh dikieuna.
Sakapeung hirup téh asa teu adil, kuring jadi anak panggedéna kudu ngurus tilu adi kuring. Capé, pusing ngurus sagala rupana.
Waktu asa nyérélék ti saprak Indung ninggalkeun, adi-adi kuring masih arolol lého. Harita kuring kelas dua SMP. Ayeuna adi geus galedé, kuring gawé naon baé nu penting ngahasilkeun duit jang numbu hirup saréréa.
Titinggal indung nungtut dijualan jang bekel sapopoé, dahar, jajan jeung biaya sakola kuring jeung adi-adi kuring. Tinggal imah nu dicicingan tempat nyalindung tina panas jeung hujan. Ké sugan aya milik ka hareupna kuring hayang ngoméan, ayeuna mah mikiran sapopoé ogé beurat.
Bapa? kuring teu hayang ngadéngé perkara menéhna. Basa Indung bureuyeung ku Si Bungsu, Bap kabéngbat ku awéwé séjén. Malahan mah Si Bungsu mah teu nyahoeun rupa bapana.
Wawuh jeung Kang Arya harita basa sarua ngalamar pagawéan, manéhna karunyaeun basa kuring méh pingsan pasesedek. Manéhna lalaki basajan, nuyun kuring ka nu iuh handapeun tangkal buah. Méré cai nginum bari ngageberan. Ti harita Manéhna mindeng ka imah, bageur, akrab jeung adi-adi kuring. Asa boga panyalindungan, asa aya nu mantuan mikiran hirup sanajan manéhna ogé sarua can boga pagawéan.
Milik geus diatur ku Gusti, kuring meunang pagawéan jadi 'Office Girl' di hiji pausahaan. Kang Arya ogé katampa gawé jadi operator di pausahaan nu sarua. Niat manéhna mikanyaah beuki kuat. Manéhna ngedalkeun sagala paniatanana, niat mihukum kuring jadi pamajikanana.
Poé Minggu, peré gawé. Kang Arya datang néang. Niat rék ngenalkeun kuring ka indung bapana. Bungah taya tandinganana, komo ngadéngé béja kolotna ngadagoan kuring, hayang geura diwanohkeun.
Teu kacaturkeun di jalanna, tilu jam 'na motor, kuring anjog ka imahna. Imahna biasa baé, teu béda jauh jeung imah kuring titinggal Si Jenat. Ti kajauhan katémbong indung bapana ngadaweung bangun keur ngadagoan. Haté ngagerentes "Bagja pisan boga kolot sakitu nyaaheunana".
Motor diparkirkeun pipir imah, kuring jeung Kang Arya munjungan.
Aya teuteup nu teu bireuk basa salim ka bapana. Aya geter nu teu anéh basa dua kulit dampal leungeun paadek. Moal poho sanajan puluhan taun teu papanggih, moal bisa megatkeun tali rasa. Bapa nu puluhan taun ninggalkeun kuring jeung adi-adi kuring ayeuna nangtung hareupeun, jadi calon mitoha. Kabungah sirna sapada harita, cimata teu kaampeuh. Bapa neuteup bangun nu bingung. Nya kituna mah pantes, harita kuring ditinggalkeun ku bapa keur bolon kénéh, ayeuna geus déwasa. Dina rupa ogé geus béda.
Kang Arya neuteup, sarua bingungeun nempo kuring. "Rahma, kunaon?" pokna. Kuring can bisa némbalan, ngan ukur bisa ceurik, ngagukguk. Kuring bingung kudu ngomong naon, bingung kudu kumaha pilampaheun. Lalaki nu dipikanyaah ku kuring horéng anak téré bapa kuring. Awéwé nu niat mikanyaah, ngangkat kuring jadi minantuna, horéng awéwé nu geus ngarebut kabagjaan Indung kuring. Kuring jeung adi-adi kuring hirup katalangsara gara-gara awéwé nu rék jadi mitoha kuring.
Jung nangtung, kuring harita kénéh amitan. Ninggalkeun tilu urang nu keur colohok.
#Hanca
Tidak ada komentar:
Posting Komentar