K A L A N G S U
Yasana : Titin Wiarti
Bagian ka-21
Andi ngésotkeun tas gigireun kuring, laju dongko ngudar sapatu.
"Dinten ieu mah asa capé pisan, nu biasa ngabantosan tos ngawitan cuti. Sasasih deui bade ngalahirkeun," Andi nyarita daria.
"Kumaha upami énjing Rahma ngawitan damel, kersa?" pokna deui bari neuteup.
"Énjing?" talék kuring, reuwas. Puguh asa can kacipta kudu kumaha ngamimitian gawé di tempat manéhna.
"Muhun. Kersa, nya? Angkatna ku abdi dijemput ka dieu."
"Moal isin, kitu?"
"Naha bet isin sagala. Pan sareng abdi."
"Muhun atuh, pami kitu mah!"
"Ayeuna abdi moal diajak ka lebet?"
"Moal! Pan abdina ogé di luar."
"Téh manis?" pokna bari nyengir.
Kuring nguniang, "Antosan baé di dieu. Nuju teu aya sasaha," cekéng bari ngaléos.
"Muhun, judes!" ceuk Andi ngadilak.
"Sakali deui!" kuring malikkeun awak bari molototan.
"Ampun... Tuan Putri!" manéhna murengked bari nungkup baham, nahan piseurieun.
***
Hudang poék kénéh, nyiapkeun sarapan jang adi. Jam genep geus bérés. Kuring dangdan sawajarna; diwedak jeung lipen saulas. Sumanget, bisa digawé deui sanggeus sabulan campleng ngan ukur cicing di imah. Ngeunteung gulak-gilek harepeun kaca mapantes manéh. Buuk geus sababaraha kali disisiran, minyak seungit disemprotkeun. Rét kana jam, satengah tujuh kurang sapuluh menit. Andi jangji nyampeur satengah tujuh. Rio geus marangkat jeung Reza katut Rizal.
"Hayu!" Andi ngageroan. Kuring ka luar laju ngonci panto. Bréh, Andi keur colohok, mencrong teu ngiceup-ngiceup.
"Leres, ieu téh Néng Rahma?" pokna nelek-nelek.
Éra ogé, diteuteup saperti kitu.
"Mani pangling, mingkin geulis baé," pokna, turun tina motor laju metik kembang ros nu keur meujeuhna ligar.
"Kanggo tuan putri," cenah bari gumasép, ngasongkeun kembang. Rey, pipi asa dirérab. Kacipta, pasti beureum, nahan éra.
"Cios angkat, moal?" kuring méngkolkeun obrolan.
"Tampi heula atuh ieu kembangna."
Kembang ditampanan. Sup, kana kantongkeun.
"Bismillah. Poé ieu, ngamimitian digawé," neneda ka Nu Kawasa sangkan dilancarkan dina sagala rupana.
***
Asup ka hiji rohangan, nuturkeun léngkah Andi. Rohangan nu resik; sababaraha lukisan badag dipajang na dingdingna. Hawa nyelecep tiis, pot ngajajar dieusi ku rupa-rupa kekembangan. Asli, kembang hirup. Dihareupeun panto hiji rohangan, Andi ngarandeg. Ngalieuk, leungeuna ngaléng taktak kuring. "Yu," pokna. Lalaunan manéhna muka panto, bray panto dibuka. Tulisan gedé ngagantung, "SELAMAT DATANG BU RAHMA".
Teu lila hul-hol sababaraha urang awéwé pantaran kuring. Saréréa ngawilujengkeun. Teu nyangka, Andi nepi ka kieuna. Kuring ngarasa teu pantes meunang pangbagéa samodél ayeuna. Kabéh nu aya di dinya ngawanohkeun manéh. Rina, Eva, Dian, Anita, jeung saurang deui nu dangdanana rada béda; buuk pondok, wedakna kandel, biwir uliwir beureum. Ngaku ngaran Mona. Teuteupna sinis, ranggeuman leungeunna karasa kasar waktu sasalaman jeung kuring.
"Ieu rohangan tempat Rahma damel. Itu méjana, palih ditu," Andi nunjukkeun hiji méja kosong gigireun méja utama.
"Saya minta bantuannya untuk membimbing Rahma. Kasih tahu semua yang belum dia pahami. Saya ingin kalian bekerjasama dengan baik," Andi nyarita ka sakabéh nu ya di dinya.
"Baik, Pak!" méh bareng maranéhna némbal.
Jam dalapan, basa mimiti diuk 'na korsi éta. Bebenah heula. Sagala rupa nu aya dina méja dibéréskeun sakaresep kuring. Nalika muka kantong, bréh, kembang ros nu tadi ti Andi. Diambeuan, diseuseup lalaunan, laju diasupkeun kana gelas wadah pulpén nu aya di harepeun. Sapasang mata sinis ngawaskeun ti méja nu aya di hareupeun kuring.
Hanca
Tidak ada komentar:
Posting Komentar