Senin, 22 Juni 2020

KALANGSU 26

kotretaniyek
K A L A N G S U
_Yasana : Titin Wiarti_
Bagian ka-26

Wanci carangcang tihang, hayam jago kongkorongok patémbalan jeung padabaturna. Manuk récét mapag giwangkara nu ngempur konéng ti beulah wétan. Rio, Reza, katut Rizal guntreng pipir hawu, ngasur-ngasur suluh bari siduru. Arya mesék sampeu rék dibubuy. Wira, bapana, diuk 'na korsi nyérangkeun nu keur ngariung. Katémbong barungah kacida. Arya ngalalakonkeun pagawéanana ti mimiti macul nepi ka pepelakan. Nu tiluan ngabandungan haget naker. Maranéhna geus teu sabar hayang geura beurang, hayang geura milu ka kebon reujeung Arya.

Indung Arya norojol tas ti warung. "Arya, Ema panggih jeung Kang Ustadz Jéjén. Tadina mah rék ka dieu ngan panggih mantén jeung Ema di jalan," pokna daria.
"Aya naon, saurna?" Arya panasaran.
"Ngomongna mah hayang pangmenerkeun kamalir tukangeun madrasah. Peuting basa hujan gedé gawirna urug, kitu ogé ari daék."
"Kersa baé atuh, Ma! Kaleresan di kebon nuju salsé. Tapi ieu Rio kumaha moal cios ka kebonna. Wios énjing deui, nya!" ceuk Arya bangun hanjakal.
"Wios atuh, A! Pan lami kénéh liburna ogé," témbal Rio.
"Urang nguseup baé sareng Bapa atuh!" Wira nu ti tadi cicing, milu cumarita.
"Nguseup?" Reza sumanget.
"Hayu, lah! Pasti resep," Rizal ogé teu éléh haget.

Kira-kira jam dalapan, Arya indit ka imah ustad. Manéhna teu pipilih, naon baé pagawéan rék dilakukeun, nu penting mah halal. Teu saeutik jalma nu nitah ka Arya, bubuhan Arya mah hampang birit, leukeun bari pagawéanana bérés.
"Assalamu'alaikum!" Arya uluk salam.
"Waalaikumsalam!" témbal Ustadz Jéjén bari norojol ti jero imah.
"Badé teras atanapi badé ngopi heula?"
"Alhmdulillah, parantos wareg. Tos ngopi, tos neda, abdi mah."
"Muhun atuh, urang teras baé. Antosan sakedap, badé salin heula," pokna bari ngaléos deui ka jero imah.
Sanggeus saged mah duanana arindit ka madrasah nu teu pati jauh ti imahna. Sapanjang jalan Ustad Jéjén teu weléh ngajak ngobrol.
"Jang Arya, naha ayeuna mah henteu ka Bandung deui? Sanés Jang Arya téh damel?"
"Lirén, Kang Ustad. Hawatos pun bapa teu aya nu nungguan."
"Bageur Jang Arya mah. Muhun atuh da sami baé usaha mah, nu penting mah giatna. Insya Alloh hasilna ogé pasti mundel."
"Muhun, Kang! Ieu ogé bari diajar."
"Néng Rahma kumaha atuh? Saurna tos paheut?"
"Duka, Kang! Jalmi mah pan ukur tiasa ngarencana. Teu acan jodona panginten," ceuk Arya, kituna téh bari rumahuh.
"Sabar! Pami tos jodona mah moal ka mana."
"Sesah, Kang! Kaayaannana tebih tina sawangan."
"Tebih kumaha maksadna?"
"Muhun, boh abdi boh Rahma ogé teu aya nu terang ti kawitna, yén Pa Wira téh rama kandungna Rahma."
"Kutan?" Ustad bangun nu reuwas.
"Muhun, abdi janten hawatos ka Rahma upami teras maksakeun niat abdi. Nya alesan éta abdi milih matuh di lembur, étang-étang niis."
"Muhun atuh! Kumaha saéna baé ayeuna mah. Supados raos ka ditu ka dieu."
Teu karasa ku ngobrol mah duanana geus anjog ka madrasah, laju maranéhna ngahanca pigawéeun nu geus nungguan ti tadi.

Wanci lohor Arya reureuh. Tutas beberesih manéhna sholat lohor berjamaah jeung Ustad Jéjén. Méméh neruskeun hanca, Arya ngagolédag heula jero madrasah, ngalempengkeun cangkéng bari ngararasakeun tiisna hawa nu matak seger kana awak.

Di luar kadéngé Ustad Jéjén guntreng, teu lila ngageroan, "Jang, énggal nyaneut heula. Béh gedé tanaga."
Arya nguniang nyampeurkeun nu keur nurunkeun rantang tina rangkana. Treup, dua pasang nétra paadu teuteup. Wanoja jangkung leutik ditiung hideung malédogkeun imutna.
"Tah, ieu téh Nisa pun anak nu masantrén di Tasik. Ayeuna mulang pakanci. Jang Arya émut, teu?" ceuk Ustad Jéjén bari ngarérét.
"Émut atuh ka Nisa mah. Mung tos kaluar sakola mah langki tepang. Janten pangling, deuih. Panginten, upami tepang di pasampangan asa moal wanoh," ceuk Arya, seuri leutik.
"Abdi ogé moal naros da upami tepang di jalan sareng Kang Arya. Asa bénten ayeuna mah," Nisa mairan, teu weléh bari imut.
"Muhun bénten ayeuna mah, kolot," walon Arya nyeukeukeuk.
"Nisa téh pami tos lulus mah sakolana badé piwarang ngawulang di dieu, di madrasah ieu. Sugan wé atuh jadi hégar," ceuk Ustad Jéjén bari ngasongkeun sangu ka Arya.
"Sok énggal meungpeung haraneut kénéh. Meunang Si Nyai meureun, da emana mah rada teu baretah awak, tadi téh."
Arya ngalimed bangun nu ni'mat pisan.

Panas panon poé karasa tarik pisan, Arya nuluykeun hancana. Késang tingcurulung maseuhan awakna. Pagawéan hayang réngsé poé ieu.

Hanca

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Besi dan Karat

Besi merupakan salah satu benda yang paling kuat di muka bumi ini. Namun tidak berarti kuat itu tidak terkalahkan. Besi ternyata kalah oleh ...