Senin, 22 Juni 2020

KALANGSU 24

kotretaniyek
K A L A N G S U
Yasana : Titin Wiarti
Bagian ka-24

Alhamdulillah... ngamimitian gawé di kantorna Andi lancar taya masalah nanaon. Andi katémbong reueus, teu weléh imut nempo hasil pagawéan kuring.
"Teu lepat, abdi ngajak Tuan Putri janten sekertaris pribadi," pokna bari ngacungkeun jempol.
"Kaanggo pisan. Rahma mah pinter, gampil tiasa," pokna deui.
Kuring asa 'grogi', éra dialem siga kitu.

Balik ti kantor, kuring diboncéng 'na motor. Cai hujan mimiti ragragan maseuhan awak. Andi méngkolkeun motorna ka hiji kafé.
"Ngiuhan heula di dieu bari ngopi," pokna bari nuyun, leumpang rusuh nyingkahan hujan nu mingkin ngabadagan.
Kuring ngeprukan baju, nyisiran buuk ku ramo, kukucrut.
"Tiris?" Andi nanya bari ngaruag jékét kulitna, laju dipakékeun ka kuring.
"Énjing mah badé ngaggo mobil damelna. Bilih kahujanan deui sapertos ayeuna," pokna deui bangun nu manghanjakalkeun.

Dua gelas kopi panas geus dihareupeun. Ku kuring dikeupeul gelasna pikeun ngahaneutan dampal leungeun.
"Andi nuhun, nya!" kuring ngamimitian obrolan.
"Nuhun kanggo naon?" Andi mencrong.
"Nuhun kanggo sadaya kasaéan Andi ka abdi."
"Teu kénging nyarios kitu. Abdi ngaraos dosa tos nyilakakeun Rahma. Abdi ngalakukeun naon baé demi nebus kasalahan abdi. Sok dileueut kopina! meungpeung haneut kénéh." Andi imut neuteup leleb ka kuring.

"Rahma, wios abdi naros?" pokna daria.
"Naros naon?" cekéng panasaran.
"Hubungan Rahma sareng Kang Arya kumaha ayeuna? Kang Arya sok aya ngahubungan kénéh?" pokna téh bari neuteup.
Kuring tungkul bari anteng ngocékeun kopi, nyawang mangsa ka tukang. Lalakon indung Kang Arya nu ngalantarankeun kuring rumengkog, teu bisa nuluykeun léngkah. Kuring godeg, teu bisa nyumputkeun semu ti Andi. Sakeclak cimata miheulaan murag.
Andi nyekelan leungeun kuring, "Hapunten abdi tos ngajantenkeun Rahma sedih," pokna pinuh ku rasa hanjakal.
"Wios, teu nanaon," cekéng halon.
"Abdi tos terang sadayana ti Kang Arya basa bapa nuju di rumah sakit. Kang Arya nyarioskeun sagalana. Abdi teu tiasa ngabayangkeun kumaha peurihna haté Rahma," pokna téh bari ngaranggeum leungeun. Kuring ngarasa reugreug, Andi asa méré kakuatan.

***

Réngsé magrib, di imah ngariung jeung adi. Reza silih toél jeung Rizal siga méré kode. Bangun asa-asa pok Reza nyarita, "Téh, libur sakola wios abdi ka Garut sareng Rizal?" pokna téh bari ngalieuk ka Rizal.
"Muhun, Téh. Hoyong ka bapa. Jaba sono ka Kang Arya," ceuk Rizal deui.
Kuring neuteup leleb.
"Nya atuh! Badé iraha?" kuring nanya.
"Énjing ogé teu nanaon," ceuk Rizal atoh.
"Tétéh pan damel, nembé lebet deui, piraku bolos."
"Wios teu dijajapkeun ogé, pan tiasa kana beus. Engkin ku Kang Arya dipapagkeun," ceuk Reza.
"Rio kumaha, badé ngiring?" Kuring ngalieuk ka Rio. Nu dilieuk gancang unggeuk. "Badé abdi ogé, Téh. Hoyong ka Kang Arya," témbalna.
"Sok atuh wawartos ka Kang Arya, béh énjing ngajemput."
"Muhun, Téh."

Peutingna kuring nyileuk teu bisa saré. Kanyaah Kang Arya ka adi teu bisa luntur, geus ngagurat 'na haté maranéhna. Katurug-turug ayeuna adi apaleun kaayaan bapana. Kuring moal bisa megatkeun hubungan jeung kulawarga kang Arya.

Hanca

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Besi dan Karat

Besi merupakan salah satu benda yang paling kuat di muka bumi ini. Namun tidak berarti kuat itu tidak terkalahkan. Besi ternyata kalah oleh ...