Senin, 22 Juni 2020

KALANGSU 25

kotretaniyek
K A L A N G S U
Yasana : Titin Wiarti
Bagian ka-25

Isuk kénéh Andi geus nyampeur. Ayeuna mah kana mobil, pajar téh bisi hujan deui siga kamari. Manéhna turun; mangmukakeun panto.
"Silahkan, Tuan Putri," pokna bari rengkuh. Kuring imut nganuhunkeun. Anu padahal haté mah ngarasa bagja, saumur hirup kakara ngarandapan diugung-ugung siga kitu.
"Cios, rai ka Garutna?" Andi nanya bari neuteup.
"Cios. Tadi énjing kénéh pisan tos arangkat."
"Hanjakal, abdi nuju teu tiasa libur. Pami tiasa mah abdi hoyong ngajajapkeun."
"Hatur nuhun, kana kasaéanana...."
"Badé lami, saurna?"
"Duka. Salami libur baé, panginten."

Mobil laju meulah raména patalimarga, pungkal-péngkol nu ahirna anjog ka kantor. Pagawé geus rajeg hareupeun pabrik. Kabéh rengkuh, ajrih ka dununganana. Sabenerna, éra diuk gigireun Andi téh. Loba sorot mata nu teu suka, utamana mah Mona nu poé éta geus ngajanteng hareupeun panto utama; bangun ngahaja mapagkeun Andi.
"Pagi, Pak!" pokna imut bari rengkuh.
"Pagi juga, Mona!" témbal Andi, teu ngalieuk-lieuk acan.
Kuring imut ka Mona, najan manéhna jebi. Manéhna terus neuteup kuring nu tonggoy leumpang gigireun Andi.

***

Ti poé ka poé kuring mingkin deukeut jeung Andi. Unggal isuk Andi rotin mapagkeun. Padahal geus nyarita yén rék indit sorangan. Pangpangna mah kuring ngarasa teu énak ku pagawé nu séjén, bisi pajarkeun umangkeuh. Tapi Andi keukeuh malah mah siga nu bendu basa kuring nyobaan mungpang.

Mona nu tadina judes laun-laun jadi bageur. Manéhna jadi bageur ka kuring. Kituna téh saprak katohyan keur nyegruk ceurik di toilet. Ku kuring disampeurkeun; nanyakeun masalahna. Horéng keur marudah alatan rék dijodokeun ku kolotna. Nya ti dinya kuring ngarerema manéhna, nu antukna jadi bageur. Malahan mah kungsi ulin ka imah sababaraha kali.

***

Saptu Minggu kuring peré digawé. Aya waktu pikeun reureuh di imah. Saptu pabuburit kuring ngadaweung, adi can marulang ti Garut. Éta gé aya nelepon dua kali; ngabéjaan yén maranéhna betah. Cenah, sok milu ka kebon jeung Kang Arya.

Tring, HP disada. Hiji pesan WA ti Andi.
[Assalamu'alaikum!]

[Waalaikumsalam!] kuring ngabalesan.

[Nuju naon, Tuan Putri? Teu pendak sadinten ogé mani tos sono. 😀]

[Nuju calik wé di payun.]

[Jalan, yu!]

[Wegah, ah!]

[Hayu, lah. sakedaaap, wé.]

[Ka mana?]

[Réncangan abdi mésér sapatu.]

[Muhun atuh!]

[Abdi nyampeur ayeuna.]

[Muhun]

Teu kungsi satengah jam, Andi geus jol 'na motor kameumeutna.
"Kémon!" pokna bari sarangah-séréngéh. Tampilanana béda pisan jeung ari rék gawé, nu biasa maké baju rapih. Ayeuna giliran kuring nu kalinglap. Buukna kulimis, seungit nu khas, jékét soklat, calana jean soklat. Kuring diboncéng. Jok motor nu rada nonggéng maksa kuring adek kana tonggongna.
Sajajalan galécok. Kuring mindeng nepak taktakna, bakating teu kuat hayang seuri ngabandungan caritana.

Teu lila, motor asup ka buruan kafé nu basa kuring kahujanan. Rada héran sabab cenah, tadi mah nyebutkeun rék meuli sapatu.
Teu talangké, Andi mangmukakeun helm. Ngarapihkeun buuk kuring nu kusut katarik hélm. Nyéh, imut laju nyepeng leungeun; asup ka jero kafé.
"Urang ngopi heula," pokna.

Kaayaan kafé jauh ti basa munggaran ka dinya. Korsina méh pinuh ku tamu. Karék inget yén ayeuna téh malem Minggu. Andi ngajugjug korsi nu kosong beulah hareup, rada nenggang ti nu séjén.
"Alhamdulillah masih aya nu kosong," cenah bari merenahkeun kuring.
Dua kali kuring diajak ka dinya, dua kali ogé kuring nginum kopi nu sarua.

Andi neuteup leleb teu ngiceup-ngiceup dibarung ramo teu eureun ngulinkeun biwir gelas. Nyéh, imut. Kuring jadi samar polah. "Kunaon?" cekéng bari ngarindat.
"Mingkin geulis baé," pokna bari teu ngalésotkeun paneuteupna.
"Ulah kitu atuh, isin!" leungeun kuring nutupan pameunteuna.
Ceg, dicekelan, dideukeutkeun kana biwirna. "Rahma...," pokna teu dikebatkeun.
Rohangan dumadakan surem. Lampu nu tadina mabra jadi pareum sawaréh. Andi nguniang ninggalkeun kuring. Teu lila kadéngé sorana dina spéker bareng jeung caangna lampu. Rohangan ngadak-ngadak réhé. Teu kadéngé saurang ogé anu cumarita.

"Rahma, jungjunan Akang.
Neda widi, seja mipit malati asih ti salira
Kalayan paniatan ihlas,
Seja pasrah katresna basajan nu teras-terasan sumarambah dina bayah

Geuning,
Girimis mingkin ngerepan
Inggis kapayunan babar ku nu lian
Mentangkeun panah pangharepan
Mugi Anjeun mapag rasa ku kabingahan."

Dina bait pamungkas, Andi nyampeurkeun kuring. Manéhna ngasongkeun leungeun, pok nyarita. "Rahma, mugia salira kersa janten réncang abdi, enggoning nyorang kabagjaan ka payunna," tatag, pinuh wibawa. Jauh jeung sasarina nu sok pikaseurieun.

Awak leuleus asa dipupul bayu. Suku asa nincak, asa henteu. Berebey,
Teu karasa, cimata ngeclak. Haneut, ngamalir kana pipi.

Kabéh jalma nu aya di dinya gentak narangtung. "Tampi! tampi! tampi...!" Kabéh nyaromong kitu. Malah mah aya nu ngagorowok sagala. Ti korsi nu pang tukangna norojol Dian, Mona, Rina, nyampeurkeun méré sumanget ka Andi. Kuring niténan sakurilingna, ayeuna karék teges, singhoréng nu aya di dinya téh kabéh ogé babaturan jeung karyawan Andi.
'Ya Alloh, Andi...!' jumerit ati, teu nyangka manéhna geus ngarencanakeun sakabéhna.
Andi neuteup leleb, pok deui nyarita, "Rahma, mung salira nu tiasa meruhkeun haté abdi. Harepan éndah, nu karaos mung ukur salira."
Kuring mingkin teu kuat. Awak ngegeleter, bingung kudu bungah atawa sabalikna. Haté asa can siap sanajan geus satékah polah ngusahaken sangkan kalangkang Kang Arya bisa nyingkah tina pipikiran.
"Rahma...!" pokna semu maksa. Andi teu méré waktu pikeun mikir.
Luk, kuring ngelukkeun beungeut tanggara panuju, sanajan haté mah teuing kumaha.
Babaturan Andi surak, milu bungah kana jawaban kuring. Andi diparangku diapung-apung. Mona pangheulana nangkeup kuring, disusul ku Rina, Dian jeung nu séjénna.

Hanca

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Besi dan Karat

Besi merupakan salah satu benda yang paling kuat di muka bumi ini. Namun tidak berarti kuat itu tidak terkalahkan. Besi ternyata kalah oleh ...