Rabu, 17 Juni 2020

KALANGSU 23

K A L A N G S U
Yasana : Titin Wiarti
Bagian ka-23

Kuring diasongan sababaraha lembar keretas, pigawéeun. Teu pati bireuk, lantaran kungsi dipapagahan basa di imah. Jempling, di rohangan ngan kadéngé sora 'keyboard' nu tuk-tek dipencétan. Teu lila, Andi nyampeurkeun, nangtung di gigireun; bébéja rék ka luar manggihan 'klien'. ngomongna mah moal lila. Kuring ukur mairan ku imut bari anteng ngahanca.
Teu kanyahoan Mona geus ngajanteng hareupeun.
"Bisa gak, Lo? Jangan mentang-mentang deket sama boss, terus Lo jadi blagu," pokna teu euleum-euleum. Lentong basana siga lain urang Sunda.
"Alhamdulillah, bisa!" kuring némbalan dibarung imut bari némbongkeun hanca.
"Bagus deh! Jadi Gue 'gak harus repot ngasih tau Lo." Manéhna ngaléos, diuk deui 'na korsina.

Jam istirahat, nu séjén kalaluar ti rohangan. Iwal kuring, lantaran kagok pagawéan saeutik deui. Mona nyampeurkeun, "Jamnya istirahat. Jangan so' rajin depan boss." Nyarita kituna téh bari jebi laju ngaléos ka luar. Ukur kaburu kapelong tonggongna. Bujurna gual-geol maké rok pungsat luhureun tuur.
Kuring ngarénghap jero, hayang seuri ku kalakuanana.

"Istirahat heula, Tuan Putri! Yu, urang tuang." Andi ngajanteng tukangeun bari nengetan layar komputer, ngacék hasil gawé kuring.
"Muhun. Ieu kapameng sakedik deui," kuring nembalan bari leungeun mah angger ngetik.
"Alhamdulillah réngsé ogé. Yu!"
Kuring babatek. Cangkeul ti isuk ngan diuk baé.

Di kantin, jalma pabaliut ku nu jajan atawa dalahar. Pagawé kantor pabaur jeung karyawan nu kabagéan istirahat harita. Kuring leumpang ngaréndéng jeung Andi. Puluhan pasang mata mencrong bari tingharéwos- tingkecewis. Aya ogé anu imut ngarasa ajrih ka dunungan. Andi pesen dahareun, laju nunjuk méja kosong nu aya di popojok.
Teu katangén ti tadina, kuring jol titelejog kana suku awéwé nu keur jongjon dahar. "Lihat-lihat dong kalau jalan!" pokna morongos.
Reuwas. Gancang ménta hampura, anu padahal manéhna mah teu ku nanaon, malah kuring nu ampir-ampiran tijongjolong lamun teu kaburu katahan ku Andi. "Mona?" cekéng basa sidik kana beungeutna. Manéhna ukur ngarindat sinis bari jongjon nuluykeun hanca daharna.

Diuk di popojok bari ngadagoan Andi, kuring niténan ka sabudeureun. Haté asa can percaya bisa wawuh, malah deukeut jeung Andi nu boga pausahaan gedé. Paneuteup anteb ka luar jandéla melongkeun dua nonoman keur dahar 'na bangku taman. Silihgonjak, sakapeung silihhuapan. Sérédét. Ras ka mangsa harita basa keur jadi OG, mindeng dahar bareng jeung Kang Arya, murak bekel ti imah béh rada ngirit.
"Kang Arya, nuju naon ayeuna?" Haté ngagerentes binarung rahuh mawa bangbaluh.

"Hoyah, ngalamun!" Andi ngagebah. "Tuang heula, yu! Asa tos lapar pisan," pokna deui bari ngasongan piring. Kuring ngagebeg sakedapan. Buru-buru imut bari ngusap cai nu méh-méhan ragrag tina mata.

Hanca

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Besi dan Karat

Besi merupakan salah satu benda yang paling kuat di muka bumi ini. Namun tidak berarti kuat itu tidak terkalahkan. Besi ternyata kalah oleh ...