K A L A N G S U
Yasana : Titin Wiarti
Bagian ka-35
Omongan Bi Surti jadi pikiran, naha kuring sarimbag jeung saha? Andi bangun aya nu dirusiahkeun, panasaran. Di imah, kuring ngimpleng ti mimiti wawuh jeung Andi asa teu manggih nu anéh. Andi romantis, bageur, béla, teu pernah ngangluh. Sikepna pikaresepeun, matak nineung. Hiji-hijina cara, kuring kudu nanyakeun langsung ka Bi Surti, tangtuna Andi ulah nyahoeun.
Pasosoré balik gawé Andi bébéja aya perlu jeung 'klien', manéhna ngan ukur ngajajapkeun kuring laju balik deui ka kantor. Padahal kuring geus nyarita rék mulang sorangan baé, teu kudu dijajapkeun. Melang, canah.
Gura-giru pesen taksi, kuring ngadius ka imah Andi. Rasa panasaran ngéléhkeun kasieun kuring. Muga-muga baé Bu Aminah keur marengan euweuh di imah. Reg taksi eureun hareupeun gerbang. Bubuhan kamari mah peuting ayeuna kakara sidik, imah gedong sigrong dikurilingan ku pager jangkung, lamun téa mah karingkeb di imah asa pamohalan bisa ka luar. Sangeus mayar taksi kuring langsung muru gerbang. Lenga-lengo noong tina sela-sela pager, kaciri Bi Surti keur sasapu. Kuring ngahaja teu mencét bél bisi ngagareuwahkeun.
"Assalamu'alaikum! Bi...!" ngageroan lalaunan. Nu digeroan rungah-ringeuh, ngalieuk. "Néng Rahma? Geuning teu sareng Dén Andi?" pokna bari muka panto gerbang.
"Nuju 'meeting' abdi hoyong amengan wé ka dieu," cekéng, ngaléng leungeun Bi Surti.
"Ka lebet atuh! Tapi ibu ogé nuju teu aya."
"Wios di dieu baé, aya peryogi sakedik ka Bibi."
Bi Surti siga nu reuwas, gék diuk gigireun.
"Aya peryogi naon ka Bibi? Rareuwas kieu," pokna mencrong.
"Panasaran kamari basa nuju taruang, Bibi nyarios yén abdi sarimbag sareng saha, Bibi teu kebat nyarios. Sarimbag sareng saha kitu abdi?"
Kuring neuteup Bi Surti nu katémbong reuwas kénéh, manéhna tungkul. Kuring mingkin panasaran.
"Bi!" cekéng, ngagareuwahkeun.
"Muhun, Néng!" manéhna cengkat.
"Saha? Énggal nyarios. Sapertosna Andi ogé nutupan." Kuring satengah maksa.
"Sieun janten lepat Bibi mah, wios Néng Rahma naros langsung baé ka Dén Andi." Bi Surti angger siga nu sieun. Ngadéngé kitu puguh wé mingkin panasaran. Bari jeung reuwas ogé bisi ujug-ujug Andi datang.
"Bi...! Énggal wartosan!" kuring nyekelan leungeuna. Bari semu kapaksa Bi Surti nyarita ogé.
"Dua taun ka pengker, Dén Andi ampir badé nikah. Sasayogian tos siap sagala rupina, katut ka uleman ogé tos ngadamel. Namung nya kitu jalmi mah mung tiasa ngarencana. Tilu dinten deui ka barengna, calon pangantén istri ngantunkeun; kacilakaan. Mobilna tabrakan." Bi Surti ngarandeg, ngarénghap jero bangun keur ngararasakeun kapeurih.
"Innalilahi, teras kumaha?" talék kuring. Paneuteup teu leupas ti Bi Surti.
"Namina Néng Kinan. Rarayna ceplés pisan sareng Néng Rahma." Bi Surti mencrong. Leungeunna ngusapan pipi kuring.
"Mana kamari basa ningal Néng Rahma, Bibi asa teu percaya. Bibi asa ningal Néng Kinan. Anjeunna bageur pisan ka Bibi."
Aya nu ngeclak tina panon Bi Surti. Gancang ku manéhna disusut.
"Karunya Dén Andi, pas aya wartos Néng Kinan cilaka téh anjeunna teras nguyung. Lami teu kersa ka luar. Unggal dinten nungguan patung bonéka nu aya di kamarna." Bi Surti nyawang, teuteupna jauh. Gurat kanalangsana mingkin katara.
Bulu punduk ujug-ujug muringkak. Kabayang kamari basa kuring asup ka kamar Andi, bonéka manekin ngajéjér siga nu narempokeun. Teu mungkin Kinan ngarasuk kana bonéka.
"Astaghfirullaahaladzim!" kuring ngageredeng.
Bi Surti ngalieuk, "Kunaon, Néng?" pokna siga nu reuwas.
"Henteu, Bi!" Cekéng seuri maur.
"Bi, gaun anu dianggo ku bonéka di kamar Andi leres kénging Bu Aminah?"
"Muhun, Néng! Kénging Bu Aminah sareng Néng Kinan. Kaleresan Néng Kinan resep ngaréka-réka anggoan. Anjeunna nu ngadamel modélna, Bu Aminah nu ngaput. Rencanana badé dianggo pas acara. Tapi nya kitu, takdir teu aya nu apal."
Kuring percaya Bi Surti teu ngabohong. Kapanasaran kuring kajawab. Geuning Andi téh boga pangalaman pait.
"Tapi ayeuna mah Andi damang, Bi?" kuring ngedalkeun kasieun, nya kasieunan Andi masih kénéh sok nguyung; ngerem manéh di kamar.
"Alhamdulillah, Néng. Lalandong ka mana-mana aya hasilna. Komo saprak wanoh sareng Néng Rahma mah, katingalna téh langkung bérag." Bi Surti imut bari ngusapan leungeun kuring. Manéhna siga nu masrahkeun harepan ka diri kuring.
"Tapi abdi mah keueung basa ka kamar Andi, keueung ningal bonékana." Kuring balaka.
"Teu aya nanaon, Néng. Bibi ogé unggal dinten bebersih teu kantos mendakan nu anéh."
Jempling, kuring jeung Bi Surti nyawang lamunan sewang-sewangan. Ngalelempeng pikiran sangkan teu kabawa kaayaan. Kuring nguatkeun haté ulah nepi ka boga curiga nu teu puguh, kuring miharep Andi tetep Andi nu salila ieu maturan kuring dina bungah jeung susahna.
Kuring asa dibétahkeun, basa sora mobil Andi ngagerung hareupeun gerbang. Samar polah kuring nyekelan leungeun Bi Surti. Bi Surti imut laju nuduhkeun popojok taman nu rada nyumput, kuring ngahéphép nepi ka mobil Andi asup ka garasi.
Andi rungah-ringeuh, gék gék diuk 'na korsi urut kuring diuk. Teu lila cengkat deui, peneuteupna muter siga aya nu ditéangan. "Bi, saha nu nembé calik di dieu?" ceuk Andi neuteup curiga.
"Teu aya sasaha, Dén!" témbalna ngawadul.
Andi alak-ilik, leumpang beuki ngadeukeutan. Kuring nagog, nyumput 'na rimbunan kekembangan. Kuring mingkin ngahéphép, peuruem nahan ambekan. Awak asa méotan basa kadéngé sora sapatu Andi mingkin deukeut.
Jep sora sapatuna jempling, kuring muka ramo nu nutupan panon. Waktu kuring beunta, bréh téh Andi keur nagog hareupeun bari nyuaykeun daun kembang. Huntuna nu ngabaris bérés nyengir.
"Nuju naon Tuan Putri?" pokna nanggeuy gado ku dua leungeun; pahareup-hareup, metik kembang laju diselapkeun kana sela-sela buuk. Kuring milu nyengir, seuri maur. Reuwas campur éra.
"Moal tiasa dibohongan, abdi mah terang bau kélékna," ceuk Andi bari mencét irung kuring, gék diuk gigireun. Kuring ngabalieur, sangkan leungeunna lésot.
"Resep, nya! ameng di nu nyumput. Jadi tiasa kieu," biwirna monyong.
"Angger...!" cekéng bari indit.
Andi nyéréngéh nuturkeun, gap néwak leungeun.
"Tuan Putri teu tiasa tebih ti abdi, nya! Terang abdi wangsul telat, Tuan Putri ngantosan di dieu. Teu sangki Néng Rahma ludeungan."
"Ih géér!"
"Mémang géér, teu kénging kitu?"
Kuring diuk 'na korsi urut tadi basa ngobrol jeung Bi Surti. Andi teu ngaleupaskeun ranggeumanana.
"Abdi sok nyipta-nyipta waktos sapertos kieu, tiasa calik duaan sareng nu dipikacinta, neuteup éndahna kekembangan. Kukupu haliber nyeuseupan madu. Bagja pisan." Andi ngalieuk, neuteup leleb. Celengok nyium leungeun kuring.
"Rahma, 'love you so much'!" pokna deui.
Kuring imut, unggeuk.
Hanca
Tidak ada komentar:
Posting Komentar