Rabu, 17 Juni 2020

KALANGSU 18

K A L A N G S U
Yasana : Titin Wiarti
Bagian ka-18

Di rohangan ICU, bapa ngalempréh. Selang infusan jeung kabel-kebel ngaranteng na awakna. Pon kitu deui selang oksigén nyambung kana irungna. Sora-sora tina alat nu nyambung jeung komputer patembalan jeung ngahiungna AC nu nebarkeun hawa nyelecep.

Indung Kang Arya gentak cengkat basa kuring jeung anakna asup ka rohangan. Paneuteupna ngemu kasieun. Luk, gancang tungkul basa paadu teuteup jeung kuring.
"Kumaha bapa téh, Mah?" tanya Kang Arya.
"Kambuh deui, nyaéta! Tadi tas salat subuh ujug-ujug ngedepruk, kapiuhan. Can sadar nepi ka ayeuna ogé," walonna nyarita bari carindakdak.

Kang Arya ngadeukeutan bapa. Gap, nyekel leungeun bapa, "Gugah, Pa! Ieu Arya dongkap sareng Rahma." Kang Arya ngaharéwos.
Kuring ngajanteng tunjangeunana, teu lémék teu nyarék. Bapa angger peureum, ukur kadéngé rénghapanana nu antaré.

Rasa 'na dada ngaguruh. Sabil antara rasa karunya jeung mangsabodo. Kuring masih neuteup pameunteu bapa, katémbong gurat-gurat 'na pipi jeung tarangna, gurat nu nandakeun yén bapa geus teu ngora deui. Ras inget basa harita keur leutik kénéh, bapa balik gawé sok laju ngagolédag ngareureuhkeun kacapé. Kuring ngedeng 'na beuteungna, seuseurian basa sirah naék turun kabawa rénghapanana. Rio jeung Reza pipilueun, tingceuleukeuteuk bungah.
"Minggu urang jalan-jalan, yu!" pokna bari kuniang hudang néwak Reza laju diélékéték.
"Jalan-jalan?" kuring méh bareng némbalan. Bapa unggeuk.
Torojol ema mawa pisang sapiring. Kuring paheula-heula jeung Rio ngahuapan bapa nu samutut. Usap leungeunna tara kungsi 'absén' tina sirah kuring. "Sing sholéh, sing pinter, sing jadi kareueus bapa," pokna.
Harita bapa gawé jadi mandor. Panghasilanana lumayan, leuwih ti cukup.

Cimata ngalémbéréh. Panineungan éndah harita waktu gumulung narémbongan. Teu nyangka dunya rék ditangkubkeun. Kanyaah bapa sirna saprak wawuh jeung awéwé éta. Kuring neuteup ceuceub indung Kang Arya nu ti tadi nangtung gigireun bapa. Cimata beuki teu kaampeuh, kuring nyéréd suku nu nyeri kénéh ka laur ti rohangan.

Reza, Rizal jeung Rio, teu tinggaleun Andi nu nungguan di luar gancang cengkat. "Kumaha bapa, Téh?" Rizal nanya.
Teu ngadagoan jawaban ti kuring manéhna gancang asup ka rohangan bapa dituturkeun ku Reza.
Gék kuring diuk gigireun Andi, "Sabar...!" pokna. Andi mémang teu apaleun kajadian nu sabenerna. Apalna kuring ceurik lantaran kaayaan bapa ayeuna.
"Eueutan heula," manéhna ngasongkeun cai mineral.
"Nuhun," kuring nampanan.
"Panyawatna noan bapa téh?" Andi nanya.
Kuring godeg bari cimata mah angger murubut.
"Sok sing tenang heula," pokna bari ngusapan tonggong kuring.
Asa aya énérgi tiis nu nyelecep kana jajantung nalika manéhna ngusapan. Lelembutan karasa leuwih tenang.

"Tétéh, bapa tos sadar," Reza ngageroan tina lawang panto.
Kuring teu génjek, anteng ngumbar lamunan neuteup béntang nu tingkariceup. Rio cengkat nyekel leungeun kuring. "Tétéh, yu!" pokna.
Kuring ngaheneng, teu maliré pangajak Rio.
"Tétéh!" Rio semu nyentak. Kuring cengkat, leumpang nuturkeun Rio ka rohangan. Reza keur ngusapan leungeun bapa, Rizal mah siraheunana. Panon bapa peureum kénéh, ngan kadéngé sorana ngagerendeng beurat. "Rahma...!" pokna. Cimata merebey, ngamalir tina juru-juru nétrana. "Rahma...!" pokna deui. Rénghapanana beuki kerep, keteg jajantungna teu ngawirahma, turun naék katémbong dina monitor.
Kang Arya neuteup leleb bangun nu ménta-ménta sangkan kuring daék ngadeukeutan bapa.
Indung Kang Arya rambisak, teu jauh ti bapa.
"Rahma, bapa ham pu ra...!" Sorana beuki laun. Haté mana nu kuat nyaksian kaayaan kolot dina kaayaan kitu. Rénghapna aya 'na tungtung nyawa.
Kuring salaku anak masih boga rasa nyaah, nyaah nu teu pernah pupus sanajan katutup ku kaceuceub kana lampahna. Cimata beuki teu kaampeuh, perang Sabil 'na haté kuring. Bruh-bréh sagala rupana narémbongan. Pameunteu Ningsih, indung kuring nu keur ngabangingik nyusutan cimata, basa kasolondohan ku kuring balik sakola. Bréh deui basa kuring dipapangku ku bapa, haneut tangekupanana karasa pisan, matak tingtrim. 'Nun gusti, bukakeun panto haté abdi...!' kuring peureum ti pepereket nahan rasa nu mingkin rongkah.

Andi nu horéng nyaksian kaayaan éta, nyampeurkeun. Nyekel taktak kuring, manéhna unggeuk. Manéhna bangun nu surti kana kaayaan. Bari asa-asa, lalaunan kuring nyusut cimata bapa ku indung leungeun. "Bapa...!" teu kebat. Cimata paheula-heula bijil, tikoro asa dicekék.
Dina peureumna, cimata bapa mingkin juuh, "Rahma...!" méh teu kadéngé. Leungeunna upuy-apay néangan pamuntangan, kuring ngaranggeum ramona. Ramo nu biasa paké ngusapan kuring harita, ramo nu teu weléh méré sumanget, ayeuna kuring ngarasakeun deui haneutna. Sora monitor cenat-cenit mingkin laun, laju sorana lempeng sarua jeung garis nu aya dina layarna. Reza jeung Rizal ceurik buraung ngagabrug bapa. Kang Arya lumpat ngageroan dokter.
Kuring nyuuh gigireun bapa, leungeun teu lésot tina ranggeumanana.

Hanca

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Besi dan Karat

Besi merupakan salah satu benda yang paling kuat di muka bumi ini. Namun tidak berarti kuat itu tidak terkalahkan. Besi ternyata kalah oleh ...