kotretaniyek
K A L A N G S U
Yasana : Titin Wiarti
Bagian ka-13
Rio néangan Rizal, gera-gero ka unggal simpangan, suwung. Laju ka sisi jalan gedé bisi megat beus, suwung ogé. Unggal nu liwat ditanya bisi pareng papanggih jeung Rizal. Béja ceuk Mang Tarman, Rizal lumpat ka kidulkeun.
Rio ngajugjug ka imah kontrakan Kang Arya. Panto imahna muka, ti luar kadéngé guntreng. Srog ka imah Arya, kasampak Rizal keur ngeluk tungkul bari ingsreuk-ingsreukan. Arya méré kode sangkan Rio teu loba tatanya.
"Anteur ka bapa!" Rizal dareuda bari mencrong ka Arya. Ngahuleng sakedapan, Arya nangkeup Rizal. Haténa ngahelas ngarasakeun kaayaan haté budak nu sono, hanaang ku kanyaah bapana.
"Ayeuna mah tos wengi, jaba pan énjing sakola teu peré. Engké iraha-iraha upami sakola peré, ku Aa diajak ka bapa." Arya ngabébénjokeun bari haté mah asa digerihan mangnalangsakeun.
"Rizal mah nembé terang, Aa sabumi sareng bapa. Terang kitu Rizal ngiring ka bumi Aa." Ceuk Rizal tungkul.
Aya rasa salah 'na diri Arya, manéhna ogé teu nyangka kieu caritana. Di luar kasadaranana, manéhna geus ngarampas kabagjaan budak nu teu tuah teu dosa. Tangkeupan Arya beuki pageuh, "Hampura Aa...." Méh teu kadéngé dibarung murubutna cimata.
Rio nu nyaksian kajadian éta kabawakeun ceurik.
"Rizal, hayu uih! Karunya tétéh teu aya réncangna." Rio metot leungeun Rizal.
"Rizal mah badé ngéndong di dieu," témbalna.
Arya unggeuk ka Rio, "Keun wé atuh Rizal mah bobo di dieu baé. A Rio mah jig baé badé mulih mah. Wartoskeun baé ka tétéh."
Rizal mémang apét ka Arya, saméméhna ogé manéhna mindeng ngéndong di imah kontrakan Arya. Rio balik, rada ngemplong ogé Rizal beunang direrema. Masalah isuk mah kumaha isuk deui baé.
Rio nyaritakeun yén Rizal ngéndong di imah Arya. Geus teu anéh mémang. Reza mah rada leuheung teu ngamuk kawas Rizal, ngan ari pikiranana mah sarua miharep hayang ka bapa. Témbong tina sikepna nu alum.
****
Sora motor eureun hareupeun imah, keketrok, uluk salam. Rio cengkat mukakeun panto Andi nyampak hareupeun panto.
Kaméja krém calana soklat, dipasieup ku dasi nu méh sarua jeung kelir calanana, matak sieup. Pangling, béda jeung tadi basa néang kuring ti rumah sakit, nu ukur maké calana pondok, kaos oblong. Jékét kulit nyampay 'na leungeun kéncana.
"Assalamu'alaikum!" Pokna bari ngused muka sapatu.
"Waalaikumsalam." Cekéng.
Andi ngoloyong nyampeurkeun kuring. Alak-ilik kana suku.
"Tuan putri damang?" Pokna.
"Alhamdulillah, kieu wé teu acan tiasa ngadeg." Walon kuring.
"Landongna dileueut?"
"Dileueut."
"Pinter!" Pokna bari ngacungkeun jempol.
"Héy! kunaon éta soca bareuh kitu? Sapertos tos nangis? Pasti nangis nahan nyeri sampéan, nya. Yah... céngéng!" Andi ngajebian, kuring molotot.
"Galak tapi céngéng," pokna deui bari nyéréngéh. Gék manéhna diuk sila, muka kérésék babawaanana.
"Tos taruang teu acan? Abdi mésér sangu, yu urang ngariung. Asa tos lapar pisan, teu neda tos tilu dinten." Angger bari nyéréngéh.
"Sok wé, A, abdi mah warareg kénéh." Ceuk Rio.
"Pamali ulah sok nolak rejeki. Sok énggal, seueur da, ngahaja mésér seueur." Andi ngasong-ngasong dahareun.
"Éh, ka mana Kang Arya? Rizal ogé teu aya?" Andi luak-lieuk.
"Rizal bobo di teun Kang Arya." Cekéng.
"Oh kitu...? Berarti di bumi mung tiluan sareng Reza, Rio?"
"Muhun."
"Moal nanaon kitu?"
"Moal, tos biasa." Ceuk kuring bari nurunkeun suku. Niat mah rék turun, hayang diuk di handap. Tapi awak hésé rék nangtung ogé. Andi ngalieuk, "Badé ka mana?" Bari rikat nangtung, nyekelan leungeun.
"Badé ngalih ka handap, teu énak calik di luhur nyalira."
"Wios atuh teu nanaon, tuan putri pan sakit." Andi merenahkeun deui kuring, diuk di luhur dipan.
"Punten atuh, nya!"
Rio jeung Reza milu dalahar, Andi mani ngalimed bangun nu ni'mat pisan. Sikepna nu soméah, teu matak karagok. Rio jeung Reza ogé katempo akrab.
"Tuan putri badé dihuapan?" Andi nyampeurkeun bari nanggeuy alas.
"Atos abdi mah, tadi basa badé ngaleueut obat, wareg kénéh." Walon kuring.
"Bakal panasaran lamun teu ngaraosan, ieu pasakan kénging ahlina, kasedep abdi. Komo ieu semur jéngkolna. Mantep pokona mah." Kuring kapaksa calangap. Neuteup pameunteuna nu nampeu hareupeun. Seungit awakna kaangseu matak seger.
"Assalamu'alaikum!" Teu kanyahoan ti tadina, Kang Arya geus ngajanteng hareupeun panto.
Hanca
Tidak ada komentar:
Posting Komentar