K A L A N G S U
Yasana : Titin Wiarti
Bagian ka-15
Réngsé dahar, Andi mérésan urutna. Deungeun sangu nu teu didahar dieurihkeun kana piring, ditunda luhur méja makan. Réméh disapukeun.
"Rio kelas sabaraha sakola?" Andi nyampeurkeun Rio nu keur mérésan buku.
"Kelas dua, A." Walonna bari jongjon mukaan buku.
"Sing pinter sakolana, Reza ogé," ngarérét ka Reza.
"Muhun, A." Méh bareng.
Jarum jam nunjukeun satengah 9. Kuring can aya pitunduheun, gunta-ganti acara tipi euweuh nu pikaresepeun.
Andi ngagolédag 'na amparan samak dianggelan ku jékétna. Manéhna anteng ngorék hapé, sakapeung ngarérét ka kuring nu jongjon kana tipi.
"Néng Rahma...!" Pokna bari angger ngorék hapé. Kuring ukur ngarérét, teu némbalan.
"Néng Rahma...!" Deui rada tarik. Ngarénghap jero, kuring némbal. "Kumaha?" Cekéng tatag.
Pun biang nyebat palay ka dieu ngalongok tuan putri, énjing wé énjing-énjing sareng abdi bari angkat kuli." Pokna bari kuniang hudang.
"Muhun, mangga baé. Mung hapunten, Abdi mah sakieu buktosna," kuring sasadu.
"Wios wé atuh da sanés badé surpéy." Andi ngalieuk bari ngarindat. Kadang sok hayang seuri ku polahna.
"Néng Rahma damel di mana?" Talék Andi.
"Penting kitu?" Kuring mimiti ngarasa teu énak manéhna nanya ngeunaan pagawéan, éra pangpangna mah.
"Heunteu, sih! Naros téh teu nanaon kitu Rahma bolos, moal dipecat?" Andi nyéréngéh. Kuring mabét Andi ku anggel nu aya gigireun, teu hayang némbalan.
"Resep tah! Upami tuan putri tos ngambek kitu, persis néné lampir." Andi seuri bangun nu énak pisan.
"Jam salapan, tuh! Geura mulih!" Ceuk kuring bari nuduhkeun jam ku juru panon.
"Ké heula ah, sakedap deui. Di rorompok ogé paling ngahuleng nungguan pitunduheun, mending di dieu heula nyarengan néné lampir, éh... Tuan putri." Kuring molototan, manéhna ngéhkéh nyeungseurikeun.
"Paling ogé ké abdi didenda ku Kang Arya, hahaha. Teu nanaon da Kang Arya, abdi mah mung ngaréncangan wungkul, bongan baé ku Kang Arya ogé diantep. Kumaha mun aya nu nyulik, pan karunya teu tiasaeun kabur, barengan nuju nyerieun sampéan." Pokna teu weléh ditungtungan ku seuri. Kuring gé kagugu ku sikepna.
"Rahma, Daria ieu mah. Damel di mana?"
"Abdi mah damel naon baé nu penting mah halal." Kuring asa-asa rék nyarita nu sabenerna.
"Muhun atuh, di mana? Damelna kumaha?" Andi maksa. Leungeuna teu lésot tina hapé. Sakapeung ngabalesan pesan nu asup.
"Abdi mah OG." Tungtungna kuring bébéja.
"OG?" Pokna bangun nu teu percaya, laju nyumputkeun pasemona, "Saé, damel mah naon baé ogé, nu penting mah barokah." Andi nyusul tepus.
"Upami kersa ieu mah, engké upami tos damang damelna sareng abdi baé, nya! Supados teu capé teuing. Ngundurkeun diri baé ti padamelan nu ayeuna mah." Andi neuteup, katémbong daria tina paneuteupna. Kuring mikir heula, bener atawa henteuna ieu téh. Najan kakara wawuh tapi kuring geus ngarasakeun yén Andi jelema bener, bageur.
"Teu kénging cangcaya kitu, abdi mah bageur. Teu kénging nyapirakeun kana kasaéan abdi. Sababna mah tara lami, mung sok lima menit kieuna téh." Manéhanana ngarérét némbongkeun ambekna nu dijieun-jieun.
"Damelna kumaha kitu upami abdi kersa?" Cekéng panasaran.
"Tuan putri mah cekap calik gigireun abdi. Moal piwarang damel nu abot-abot. Tiasa pan nyerat mah?" Pokna nyengir.
"Ngécé....!"
"Ampun atuh! Mani galak ih!" Manéhna ngacungkeun ramo dua.
"Deal, nya! Abdi moal milari deui nu sanés upami kersa mah. Tapi abdi kedah nyiapkeun méntal abdi, soalna bakal digalakan baé unggal dinten." Manéhna rumahuh.
"Tapi abdi teu terang iraha ieu sampéan damangna." Kuring nyabak suku nu nyeri kénéh. Aya hadéna mémang narima tawaran ti Andi, nyobaan heula.
"Tenang baé, teu kénging hariwang perkawis éta mah. Ayeuna mah geura wawartos baé ka padamelan nu ayeuna, Néng Rahma badé lirén."
"Muhun énjing siang, tos wengi ayeuna mah."
"Ayeuna mah abdi badé wangsul, saleresna mah hoyong bobo di dieu bilih ké wengi tuan putri hoyong ka jamban pan tiasa nganteur, bit kétang....! Hahaha." Kuring mureleng, manéhna angger maké gaya sasarina ngangkat dua ramona.
"Wangsul heula, nya! Dadah tuan putri. Wartoskeun ka Kang Arya, kita cuma ngobrol. Héhé. Assalamu'alaikum!"
"Waalaikumsalam!"
Peuting ieu haté rada ngemplong, bangbaluh rada ngurangan. Kuring ngécagkeun sagala masalah, sagala kajadian nu tadi beurang kaalaman nu ceuk sapaliwat mah asa ngimpi. Capé haté sapopoé dikakacak kanalangsa nganteur kuring ka alam pangimpian nyusul impian Rio jeung Reza nu geus ngageubra ti tadi.
Hanca
Tidak ada komentar:
Posting Komentar