Senin, 22 Juni 2020

KALANGSU 42

K A L A N G S U
Yasana : Titin Wiarti
Bagian ka-42

Arya ngadaweung kénéh di luar, wanci geus nyedek ka peuting. Hawa mingkin tiis, jempling aranteng jeung impian séwang-séwangan. Ukur jangkrik jeung caricangkas nu satia ngahariring mépéndé anu keur tibra.

Arya nguniang nangtung, babatek, ngoloyong ka jero imah, waktu geus jam sawelas peuting.
Golédag ngedeng, nyipta-nyipta keur munggaran panggih jeung Nisa. Imutna nu kareueut, teuteupna nu liuh, ucapna nu ngareugreugkeun, némbongan 'na kongkolak panon. Reup peureum miharep bisa ngadatangan Nisa di alam pangimpian.

Can aya samenit ngalenyap, Arya ngagebeg, hudang tina saréna, "Rahma..!" pokna bangun nu reuwas.
Arya ngusap beungeut, "Astaghfirullaahaladzim! Rahma kunaon Anjeun? Tara-tara ning bet datang kaimpikeun goréng. Muga-muga Anjeun teu kunanaon."
Arya ngarongkong gelas cinginum nu aya 'na luhur méja. Laju ngalekik nginum. Diuk 'na sisi dipan ngareureuhkeun kareuwas. Lila euweuh kabar ti Rahma, saprak néang Rio ogé teu pernah aya béjana. Boa gering?

Sanajan satékah polah mopohokeun, tapi 'na haté leutikna mah tetep cumantél. Rahma nu kungsi mapaésan haténa moal kasilih najan aya deui nu leuwih.
Ti mimitina ogé Arya euweuh niat ninggalkeun Rahma, lamun seug Rahma teu kabawa ku amarahna tangtu Arya masih babarengan. Ngan hanjakal, kapeurih Rahma mangsa ka tukang maksa dirina ngécagkeun rasa nu méh kabeungkeut ku tali duriat.

Arya teu ngabibisani palebah dinyana mah, lamun seug manéhna nu aya di posisi Rahma, can tangtu bisa tahan nepi ka kiwari. Boa teuing kumaha.
Arya geus rido kudu ngubur rasa katresna ka Rahma, demi naon? Demi kabagjaan Rahma. Tapi Arya teu bisa leupas hubungan, ceuk paribasana pondok jodo panjang baraya, komo deui Rahma anak teges ti nu jadi bapa téréna. Bapa nu geus diangken bapa kandung ku manéhna. Teu mungkin Arya haré-haré, masa bodo kana kasalametan Rahma katut adi-adina. Kahariwang mah keukeuh aya.
Peuting asa lila pisan ka isuk, Arya teu tibra saré.

Hayam kongkorongok, manuk récét mapag balébat, méré sumanget ka sakur mahluk nu aya di alam dunya. Arya geus bérés mandi, awakna karasa seger dibanjur cai tiis isuk-isuk.
"Pa, Rahma aya nelepon henteu?" ceuk Arya bari ngasurkeun suluh di hawu.
"Geus lila ogé henteu, kumaha kitu?" témbal Wira, regot nguyup cikopi.
"Wengi mah kaimpikeun ku abdi, anjeunna kacandak palid dina cai umpalan. Tapi muga mah sanés pertanda kukumaha."
"Dungakeun baé sina calageur saréréana. Bapa ogé sono ka barudak. Mun aya waktu mah hayang ngilikan ka Bandung," ceuk Wira ngarahuh.
"Muhun atuh kin upami aya waktos ku abdi dijajapkeun," témbal Arya.

***

Rahma nu dipikahariwang keur dipupujuhkeun, ucapanana nu nyebut siap jadi batur hirup Andi mawa kabagjaan keur kulawarga Andi.

Isukna Andi geus metakeun pagawéna. Indit isuk kénéh ka kantor.
"Dian, nitip dulu ya! saya ada perlu sama Rahma. Kalau ada yang nyariin saya, suruh datang lagi aja besok," ceuk Andi rurusuhan.
"Iya, Pak!" Témbalna.

Andi indit deui, sanggeus nandatangan sababaraha berkas.
Mobil ngadius nuju imah Rahma, reg eureun hareupeunana. Rahma geus ngajanteng ngadagoan.
"Sinarieun siang?" ceuk Rahma bari ceg kana tas gawéna.
"Dinten ieu mah teu kedah ka kantor," ceuk Andi bari gék 'na korsi téras.
"Naha?" Rahma nanya bari semu teu ngarti.
"Urang ka Garut."
"Ka Garut?"
"Muhun..."
"Naha teu ngawartosan ti tadina?"
"Wios teuing atuh, sami baé diwartosan ayeuna ogé."
"Mani ngadadak pisan. Aya nu kedah ditandatangan pan di kantor."
"Atos, Geulis! Ieu Aa Andi téh wangsul ti kantor," ceuk Andi seuri bari nepak dadana.
"Kutan?" Rahma ngemu teu percaya.
"Muhun, nembé abdi tos wawartos ka Dian."
"Jadi ayeuna abdi kumaha?" Rahma siga nu bingung.
"Ayeuna mah simpen tasna, urang ka Garut."
"Ayeuna?"
"Muhun ayeuna, abdi badé wawartos ka bapa yén putrina badé diculik," ceuk Andi bari nyikikik.

Mobil laju ka Garutkeun, hawa masih karasa tiis bubuhan isuk kénéh. Patalimarga ramé nganteur kasibukan séwang-séwangan.
"Rahma, upami ayeuna aya jalmi nu bagja kénging lotré puluhan milyar, sigana langkung bagja abdi," ceuk Andi meupeuskeun simpé.
"Kunaon kitu?" Rahma nanya.
"Pan sakedap deui badé janten raja, rajana Ratu Rahma."
"Kumaha upami bapa teu nyaluyuan?" ceuk Rahma.
"Abdi badé nangis gégéréléngan payuneun bapa. Pokona bapa kedah satuju."
"Maenya raja nangis gégéréléngan?" ceuk Rahma bari seuri.
"Apan raja ogé jalmi, pasti pernah galow," ceuk Andi pipilueun seuri.
"Abdi mah ngadungana ogé sawewengi supados kénging widi ti bapa," pokna deui.
"Muhun percanten ka Andi mah."

Duanana ngébréhkeun kabungah, mobil laju mawa harepan, harepan dua nonoman nu geus paheut rék nyangreudkeun tali pasini.

Mobil asup ka pakarangan, dua lalaki cengkat tina diukna. Andi turun tina mobil disusul ku Rahma. Imut kabungah nu jadi bapa mapagkeun, pon kitu deui Arya.
"Panjang umur, anaking," ceuk Wira bari ngusap sirah Rahma.
"Alhamdulillah, Pa!" témbal Rahma bari salim. Rét ka Arya nu ngajanteng gigireun bapana. Song Rahma ngasongkeun dampal leungeunna, bari teu wani paadu teuteup. Arya nampanan.
"Damang?" ceuk Rahma.
"Alhamdulillah!" témbal Arya.
Disusul ku Andi, sarua salim ka duanana.

"Ka lebet atuh!" kecap Arya bari mukakeun panto.
"Mangga, hatur nuhun," ceuk Andi.
Ti jero imah Enah norojol, "Geuning aya urang Bandung, tos lami?" pokna.
"Nembé pisan," ceuk Rahma.
"Hayu ka lebet atuh!"

Saréréa ngariung di tengah imah, Enah paciweuh nyuguhan, sosodor saaya-aya.

"Hapunten sateuacanna, abdi mah teu tiasa malapah gedang. Kieu, Pa! Maksadna abdi ka dieu téh aya nu badé didugikeun ka Bapa sareng ka sadayana, wiréh abdi téh aya niat badé mihukum putri Bapa," ceuk Andi bari rét ka Rahma nu ngeluk tungkul.
"Ari Bapa mah bungah wé nu aya, kituna ogé ari Rahmana kersaeun," témbal Wira, teu nyangka Andi rék nyarita kitu.

Arya nu diuk gigireun bapana ngan ukur cicing, sakali-sakali ngarérét ka Rahma. Manéhna kudu milu bungah sabab Rahma aya nu mikanyaah. Tapi nyatana mah 'na haténa aya nu sésélékét, karasana peurih pisan.
"Alhamdulillah Rahma mah tos ditaros, anjeunna siap," walon Andi bari gap nyekel dampal leungeun Rahma.
"Leres éta téh?"ceuk bapana negeskeun bari neuteup ka Rahma. Rahma unggeuk.
"Kinten-kintenna iraha? Tos milari waktosna?"
"Atos, Pa! Alhamdulillah moal dilamikeun. Hoyong énggal jongjon," ceuk Andi bari ngasongkeun keretas.
Keretas ditampanan laju ditengetan, "Atuh saminggu deui, nya!"
"Muhun, Pa. Hoyong sarumping sadayana, Bapa, Ibu, ogé Kang Arya," ceuk Andi tandes.
"Insyaallah, mugi wé dilancarkeun sagala rupina.
"Perkawis kendaraan mah teu kénging salempang, ké aya nu ngajemput ti Bandung. Abdi badé miwarang réréncangan," ceuk Andi deui.
"Muhun, atuh!" témbal Wira.

Rahma ukur ngeluk, teu loba mairan. Teuing ngarasa sungkan ku Arya teuing aya deui nu dipikiran. Nepi ka waktu ayeuna, Rahma ngan ukur nurutkeun kumaha ceuk Andi. Andi néangan waktu Rahma mah teu apal nanaon, nepi ka ayeuna manéhna diuk hareupeun bapana ogé teu apal ti tadina. Andi nu ngatur sagalana.

Bungah teu bungah pikeun Wira ngadéngé nu jadi anakna aya nu mileuleuheungkeun. Bagja pikeun Rahma, tapi can tangtu pikeun Arya. Karunya ogé lamun dipikiran mah. Tapi sakituna mah Arya teger. Ngadéngé béja Rahma rék ngajadi jeung Andi téh manéhna teu némbongkeun riuk nalangsa.

Waktu nyérélék, panonpoé geus manceran, Andi jeung Rahma amitan. Bungah lain caturkeuneun pikeun Andi. Manéhna balik ka Bandung geus ngagémbol restu ti Wira.

Waktu tinggal ngitung poé, manéhna geus teu sabar hayang geura nyanding jeungeun widadari pupundén haténa. Imutna teu weléh mapaésan pameunteuna.

Hanca

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Besi dan Karat

Besi merupakan salah satu benda yang paling kuat di muka bumi ini. Namun tidak berarti kuat itu tidak terkalahkan. Besi ternyata kalah oleh ...