K A L A N G S U
_Yasana : Titin Wiarti_
Bagian ka-45
Waktu nyedek ka soré, di imah Rahma ngumpul adina nu keur silihgonjak jeung Arya nyacapkeun kasono. Rahma ukur neuteup ti kajauhan. Manéhna reugreug nempo adina nu keur suka bungah. Arya témbong nyaah pisan ka adina, meusmeus ngusap buuk Rizal nu ogo. Rahma teu apaleun yén Arya kungsi kagegeringan ku manéhna ampir teu inget ka dirina sorangan.
Ba'da asar Arya amitan, manéhna jangji dua poé deui bakal ka dinya deui pikeun nyaksian Rahma. Rio jajap nepi ka hareup.
Di imah, Wira nyampeurkeun Rahma nu keur mérésan gelas urut ngarinum.
"Rahma, calik heula!" ceuk Wira.
"Kumaha, Pa?" tanya Rahma panasaran.
"Hampura Bapa, kasebutna hidep rék dirapalan tapi Bapa teu bisa méré nanaon. Lain aya teu dibikeun, tapi da sakieu buktina," Wira nyarita bari dareuda.
"Wios teuing, Pa! Bujeng-bujeng Bapa dalah abdi ogé teu mantuan nanaon ka Andi. Abdi mah teu terang itu-ieuna, Andi wé sareng Bu Aminah nu ngaturna. Sakapeung mah abdi ogé sok ngaraos isin," ceuk Rahma bari neuteup ka bapana.
"Ieu mah ngajimatan loba mah henteu, tamba pamali wé."
Wira ngasongkeun amplop. Haténa mah angger nalangsa mun inget asal-usulna éta duit. Duit tabungan Arya nu ngahaja dikumpulkeun jang nanyaan Nisa.
"Teu kedah, Pa! Simpen wé kanggo Bapa. Ieu ogé aya sakalieun abdi mah." Rahma neundeun deui amplop kana lahunan bapana.
"Rawatan! Bapa bakal nalangsa lamun hidep teu narima," pokna teh bari ngasongkeun deui amplop ka Rahma.
Rahma kapaksa nampanan, "Nuhun, atuh, Pa! Mugia kagentosan deui langkung ti kieu."
***
Sabot tas ti Garut, Rahma teu pernah papanggih deui jeung Andi. Andi sibuk ngurus keur acara, bari kudu ka kantor nguruskeun pagawéan. Nelepon sakali-sakali lamun pareng aya perlu hungkul.
Mun diidinan mah hayang manéhna ogé mantuan sakamampuh manéhna, tapi pan teu dimeunangan. Nyebutna téh 'surprise', cenah.
Mingkin deukeut haténa mingkin degdegan, rareuwas, seseblakan, sakapeung mah asa teu percaya manéhna bakal diwalimahan poé éta. Boa wadul, boa moal tulus, bakuna mah kapan pédah acarana moal di imah jadi teu karasa, siga euweuh persiapan nanaon.
Ngoloyong ka kamar ninggalkeun bapana nu keur ngariung jeung anak lalakina, Rahma ngagoledag. Muka HP macaan urut 'chart' jeung Andi. Sababaraha poto manéhna keur di hiji tempat dikirim pikeun bukti ka ka manéhna. Poto diusap, asa can percaya jalma nu aya 'na poto éta baris jadi salakina. Asa anyar kénéh wawuh, teu nyangka Andi bakal neundeun harepan ka manéhna. Papanggih teu dihaja, kacilakaan harita mawa duriat pikeun manéhna.
Gagah, kasép, beunghar, bageur, bagja pisan pikeun saha baé nu jadi praméswarina, tapi Rahma masih cangcaya kana haténa, haté manéhna sorangan. Naha manéhna bener-bener bisa narima Andi? Nyaah ka Andi sakumaha Andi nyaah ka manéhna? Naha bet karasa ngageter lamun paadu teuteup jeung Kang Arya? Karunya, nalangsa. Naha salah lamun manéhna nyieun kaputusan kieu?
Galécok haténa teu bisa dijawab. Poto Andi diteuteup hiji-hiji, nyéh imut basa nempo Andi keur ngajebian.
Tring! Hp disada.
[Online baé! Nuju naon?] WA ti Andi.
[Nuju di kamar!]
[Sami atuh! Nuju émut ka Andi, nya?]
[Muhun!]
[Lah sok bohong, badé iraha atuh émutna?]
Rahma asa diciwit dipurilitkeun, nyeri. Haté Andi seukeut siga bisa maca pikiranana.
[Nyaan, ieu nuju ningalian poto Andi.]
[Sono, nya! Andi mah komo asa disééh, tos sababaraha dinten teu pendak téh. Tapi wios lah, béh engké sosonoanana disakantenankeun.]
[Muhun...]
[Énjing badé aya nu ngajemput, Tuan Putri ka salon, nya! Perawatan béh wangi.]
[Muhun...]
[Geura kulem, teu kénging gadang baé, abdi mah aya kénéh pidameleun sakedik deui. Lopyu sayang.]
[Lopyu too!]
Rahma ngagolérkeun HPna, laju noong nu tadi guntreng di rohangan tengah. Talibra.
Hanca
Hanca yg ke 46 dst bgm?
BalasHapusHanca anu saterasna ningali na di mana
BalasHapushapunten ka pangersa nu gaduh blog ieu, mugi tiasa ngalajengkeun deui carnyam Kalangsu. janten gantung areuyeun kieu?
BalasHapusMugia ridho galih manah, kersa ngalajengken
BalasHapusNgantos anu salajengna🙏🙏🙏
BalasHapusAlhamdulillah tos di baca nu 45 kantun salajengna hatur nuhun
BalasHapushaturnuhun kapihatur sadayana anu atos linggih di blog ieu,,,
BalasHapushapunten neda hapunten sim abdi oge masih milari ieu katerasanana, kawitna mah abi nyimpen carita nyambung kangge konsumsi pribadi wae,,, euleuh ternyata seueur oge anu resep,,,